FIKMIN
PETINGAN NYIMAS KANJENG RATU YUYU
1.Bubur Kacang Héjo
Ku Nyimas
Kanjeng Ratu Yuyu | 03 Juni 2012 12:20:58 - 0 koméntar - 0 jempol
Sasadiaan ti subuh kénéh, ngabubur kacang héjo.
Ngarah gampang mikeun, bubur kacang héjo diwadahan kantong pelastik. Tilu puluh
bungkus cukup keur nu biasa sok datang. Jam dalapan isuk-isuk, sagala kaperluan
geus siap. Kader geus daratang siap ngajalankeun tugasna séwang-séwang. Digero
tina toa masjid, ngingetan ibu-ibu pikeun mawa Balitana ka Posyandu. Teu lila,
jul jol nu mawa Balitana pikeun ditimbang, hayang apal kamajuan jeung
kaséhatana. Kader sibuk nimbang jeung nyatétkeun dina KMS bari méré panerangan
teu kaliwat ngabagikeun bubur kacang héjo sapelastik séwang. Jam sapuluh geus
bérés. Kader tutas ngalaksanakeun tugasna. Ka sorénakeun lembur guyur. Sakabéh
Balita katarajang utah miceun. Balita gemprah minuhan rohangan Puskésmas.
2.Lampah
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 02
Juni 2012 20:37:52 - 0 koméntar - 0 jempol
Lebah
pasampangan. Ngarandeg sakedapan. Geusan nenangkeun pikir dibarung megung
pakarepan nu pohara. “Hayoh…tuluykeun léngkah ka lebah kénca!” haréwos hiji
sora. “Montong…mending ka katuhu!” sora nu lain ngaharéwos. Silih témpas, silih
témbal, tuluyna padurényom. Ngajadi kapahung, sabil. Raga ngalumpuruk, teu wasa
nahan rongkahna perang batin. Langit ngadak-ngadak angkeub. Breg, hujan
ngagebrét. Keclakna kerep ninggang embun-embunan. Beuki lila…karasa rembes kana
jajantung. Meper sabil. Ngajurung pikir.
3.Tangara
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 29
Méi 2012 00:20:52 - 0 koméntar - 0 jempol
Mapay
jalan satapak di Jayagiri . Nyusud tapak liliwatan nu pernah disorang. Tungkul
sajajalan, susuganan manggihan tangara. Cikaringet mimiti rembes maseuhan awak.
Teu ditolih matapoé nu moncorong, tigin méakeun kapanasaran Léngkah ngahaja
diantarékeun, ngimeutan sapanjang jalan. Unggal sisi dirérétan. Reg, eureun
sakeudeung. Rungkun disingraykeun, kalakay dikoréhkeun. Kabéh ngabigeu teu méré
pituduh. Geus ampir jauh, tangara can timu kénéh. Kuciwa mimiti ngabagéakeun.
Ngajurung haté rumahuh. Beuki lila karasa ngabeuratkeun léngkah. Suda nuluykeun
hanca. Gék diuk dina batu handapeun tangkal pineus. Ngécagkeun kapanasaran.
Pamohalan bisa panggih jeung tangara. Sabot reureuh bari nuuskeun cikaringet,
sakolébatan katémbong kalangkang. Nganteur mata neuteup hiji tulisan nu ditatah
dina tangkal camara. Karék engeuh. Sidik ieu pisan. Tangara nu salila ieu remen
datang dina impian. Nu ditulis anjeun lima taun katukang, nu can kungsi
disurahan.
4.Potrét Nu Dipopohokeun
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 25
Méi 2012 00:05:17 - 0 koméntar - 0 jempol
Albeum
potrét panineungan nu geus lila jadi pangeusi peti, ngahaja dikaluarkeun deui.
Jilidna geus rada rangsak digégélan ngenget. Bulukan jeung kaambeu hapeuk.
Diserebétan heula saméméh mukaan eusina. Lambaran albeum hiji-hiji dibuka.
Bréh, potrét-potrét baheula mangsa keur lalagasan. Sawaréh geus rada rumeuk.
Panineungan marengan paneuteup. Kasawang deui nu kungsi dilakonan. Potrét nu
nyorangan, nu jeung babaturan. Di gunung, di sisi basisir, di sakola. Kagambar
suka bungahna harita. Tepi ka lambaran panungtung…jajantung ngadak-ngadak
ratug. Ngagisik mata hayang cékas, teu percaya kanu ditingali. Potrét nu kungsi
dipiceun, napel deui dina lambaran albeum. Ngahaja dipiceun keur ngaleupaskeun
tina panineungana. Katémbong potrét siga keur neuteup seukeut. Sorotna burahay
niruk jajantung. Ngadakwa!
5.Huap Panungtung
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 21
Méi 2012 23:32:00 - 22 koméntar - 12 jempol
Katugenah
ukur disidem dina haté. Ngabandungan paripolahna nu matak nganyerikeun. Sahaok
kadua gaplok mun teu panggih jeung panuju. Kudu pok torolong nedunan paméntana.
Dimana manggih kapusing murang maring sagala dibalangkeun. Lain teu bisa
barontak, karunya ka barudak. Kajeun nandang tunggara, pasang badan tibatan
budak jadi korban. Sakalieun aya pangabutuh keur kaperluan barudak tara wani
wakca, nungguan sodrahna. Kapaksa kudu usaha sorangan, muter otak. Nungtut
ngajual barang titinggal kolot. Adatna angger euweuh robahna, teu bisa kumaha.
Pasrah kana nasib diri. Pasosoré sadatangna ka imah, pasemona baketut baeud.
Kawas biasa sagala dibalangkeun, tuluy muru méja makan. Teu talangké buru-buru
diladénan. Song piring eusi sangu jeung deungeuna. Ukur dipelong. Geus rada
lila, karék dihanca. Ngahuap dibarung ambek. Jajauheun ka sukuran masih kénéh
aya dahareun. Tapi teu burung eusi piring ampir bersih. Tepi ka huap
panungtung, “awwww…!” jeritna bareng jeung awakna nu ragrag ninggang lanté.
Getih ngabayabah. Péso masih nanceb ‘na dadana.
6.Si Noni
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 10
Méi 2012 22:09:19 - 34 koméntar - 17 jempol
Awakna
sampulur, kulitna bodas, buukna coklat diuntun. Beungeutna pias teu maké wedak,
teu dilipen. Erok panjang bodas dipapaésan rénda. Sapatu kétéplék bodas. Kumaha
wé dangdanan wanoja Walanda jaman baheula. Kitu ceuk béja nu geus pernah
manggihan. Katelahna si Noni, teuing saha ngaran nu sabenarna mah. Tara
pirajeunan ngulampreng kaluar ti tempatna, komo beurang mangsa loba barudak
sakola, can kacaritakeun aya nu kungsi manggihan. Barina gé saha jalmana nu
hayang panggih jeung si Noni, enya gé wanoja Walanda. Peuting ieu, kagiliran
pikét, nyorangan cicing di rohangan guru, lantaran rohangan pikét can bérés
diréhabna. Tamba keueung nyetél tivi. Keur anteng lalajo, kadéngé sora nu
ceurik. Padahal nu keur dilalajoan téh acara maén bal. Sora tivi dileutikan,
sora nu ceurik balilihan beuki écés. Sidik ti lebah rohangan pikét. Panasaran
ditoong tina jandéla. Gebeg… bulu punduk ngadadak muringkak, aya awéwé dibaju
bodas, buukna diuntun, diuk dina luhur méja…keur ceurik!
7.Kemba
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 09
Méi 2012 00:15:34 - 56 koméntar - 42 jempol
Cur,
cai nu karék ngagolak dipaké ninyuh kopi jeung gula dina cangkir. Dua séndok
kopi, saséndok gula, takeran nu geus biasa. Laju dikocék. Geus teu kaitung
deui, sabaraha cangkir cikopi nu geus dijieun salila welasan taun. Peuting ieu,
cikopi nu jieun dibarengan ku harepan. Sor, diasorkeun. Teu diengkékeun, tuluy
diinum. Suruput…suruput…diselang ngelepus, bangun nu ni’mat. Anteng neuteup
haseup nu nyerebung.Teu maliré nu nangtung ngajentul ningalikeun. “Kang…”
ngawanikeun nyora. Angger jongjon ngulinkeun roko na ramona, laju ngaregot deui
cikopi. Teu ngarérét. Padahal pikecapeun geus nyedek, hayang sapok-pokeun.
Tungtuna ngabetem. Ukur norowéco ‘na haté. Inggis salah ucap. Sieun malik
ambek. Teuing nepika iraha nungguan wakcana. Ngajawab kacurigaan nu geus
mangbulan-bulan minuhan pikir. Ngageringan haté. Ngukut ngungun.
8.Ticengklak
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 06
Méi 2012 17:17:15 -
Ngéar
ti peuting kénéh. Teu lésot tina aisan. Embung nyusu. Awakna panas nyebrét.
Matak hariwang. Gancang dibawa ka bidan. Ukur dibéré puyer keur nurunkeun panasna.
Budak angger ngéar, saréna ngan sakerejep-sakerejep, teu tibra. Haté asa beuki
digerihan, nyeri ku hiji ku dua. Ras ka nasib diri jeung budak. Euweuh
mendingna. Ningali budak siga nu boga kanyeri, kapaksa néang ema paraji. Budak
digulanggapér, dileles, kocéak dengék nahan kanyeri, matak watir. Sabérésna
dileles, budak répéh terus saré ngageubra ‘na aisan. Bari ngagantél nyusu
bangun nu capé. “Budak mah sok terus rasa, milu rungsing mun nu jadi indung
keur baluweng. Kadé ulah loba ngalamun, bisi budak ticengklak deui.“ ema paraji
peupeujeuh. Ukur unggeuk, rumasa mindeng ngalamun, nyawang kasusah, cul budak
mercayakeun diasuh ku lanceukna. Inget ka dinya, kaambek ka salaki beuki
ngéntab, ngagedur jeroning dada.
9.Warna Béda
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 04
Méi 2012 20:30:17 -
Unggal
isuk, sabot manéhna mandi, baju jero, kaméja, calana panjang jeung kaos kaki
pakéeun ka kantor, geus disiapkeun dina luhur kasur. Meunang mamantes
nyetélkeun. Kari rap. Tara kungsi teu panuju, geus percaya deui kana pilihan
pamajikan. Dangdanana jadi bahan pamujian babaturana sakantor. Matak reueus.
Lamun balanja pakéan jeung baju jero, ti mimiti warna jeung modél, kabéh menang
milih pamajikan. Dina hayang milih sorangan gé, sok ménta pamanggih heula ti
pamajikan. Poé ieu, balik ti kantorna rada elat. Aya rapat ngadadak cenah.
Gancang ucul-ucul, terus mandi. Kaluar ti kamar mandi rada ngeregog,
disampakeun hoak pamajikana. “Ari ieu kolor saha warna jeung mérekna béda jeung
nu dipaké tadi isuk?”
10.Tukang Sayur
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 03
Méi 2012 09:40:17 -
Jam
genep isuk-isuk geus ngider nanawarkeun daganganna. “Yuurr…sayurrrr!” Handapeun
tangkal kérsen, ngécagkeun tanggunganna. Teu kungsi lila. ibu-ibu geus
ngagimbung. Pahibut nu rebut tawar jeung milihan dagangan. Récét siga manuk,
diselang patingkecewis ngagosip. Nu ménta dipangmungkuskeun céngék. Nu ménta
bonténg ditengahkeun. Nu hayang diheulakeun diitung balanjaanna. Nu hayang
buru-buru dipulangan. Saréréa hayang pangheulana diladangan. Malah aya nu ambek
lantaran teu buru-buru diladénan. Nyawad dagangan, majar gedé teuing ngabatikeun.
Matak kaweur, kawalahan. Pakupis ngaladénan paménta ibu-ibu. Teu maliré késang
nu luut léét maseuhan awak, beuteung nu mimiti ngusial ménta eusi. Réngsé kabéh
kaladangan. Mérésan dagangan nu kari rutak-raték. Gék, diuk nyarandé ‘na
tangkal kérsen, ngareureuhkeun kacapé. Kusiwel ngaluarkeun duit tina saku
calanana, ngitung beubeunangan. Paromanna semu alum. Kolébat beungeut anakna nu
ngalempréh teu walakaya.
11.Kaméja Célé
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 01
Méi 2012 23:28:15 -
Bus
ka jero toko. Mapay milih baju nu kira-kirana pantes keur manéhna. Gap nu ieu
lain, nu itu lain. Loba tinimbangan sieun manéhna teu resep. Kaméja célé nu
titadi dikeukeuweuk kapaksa diteundeun deui. Najan ceuk sawangan bakal pantes
mun dipaké manéhna. Antukna teu jadi meuli. Tepi ka imah, pikiran teu leupas
tina kaméja célé, diwawaas dipaké manéhna. “Nuhun pisan, Akang mah paling resep
kana kaméja célé téh, komo nu ieu.” Pokna dina impian. Isukna, pareng panggih,
manéhna maké kaméja célé nu sarua pisan jeung nu itu. Persis sagalana. “Kaméja
anyar paméré Wati, kudu waé dipaké ayeuna.” Karérét Wati imut bangun sugema.
12.Nu Nyésakeun Carita Keur Isuk-isuk ( Révisi )
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 27
April 2012 10:07:56
Srangéngé
caang méncrang mapag beurang. Haneutna geugeut nyiwit kulit. Nambah genah kana
manah. Nu masih neundeun bagja sésa peuting. Gelenyu imutna nambah teuteup
beuki ni’mat. Langgéorna narik haté nu keur nguliat. Rindatna matak tibelat,
nambah duriat Teuteupna pinuh ku surti. “Nuhun, Nung…!” Cikopi beuki karasa
amisna. Seungitna awor jeung seungit sampo tina buukna nu ngarumbay baseuh
kénéh. Goréng sampeu ‘na piring, saumyang kulitna nu kasinaran srangéngé.
Pulen…sapulen rasa peuting tadi. Nu geus nganteurkeun manéhna, metik sugema.
“Na mumunggang rasa nu éndah. Lalakon nu remen nyésakeun carita keur isuk-isuk.
Méré kasugemaan nu dipulang ku puluhan lambar kertas beureum.
13.Hampang Birit
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 20
April 2012 17:14:03
Geus
biasa deui, méméh adan subuh manéhna dihudangkeun, dibéré paréntah. Tara
talangké tuluy ka dapur, ngahurungkeun kompor, naheur cai. Laju ngisikan. Bari
nungguan cai jeung sangu asak, ngumbahan wadah. Teu kaselang cicing sagala
pagawéan dipaju. Bébérés, nyeuseuh jeung masak. kabéh pagawéan di imah manéhna
nu ngagawéan. Gawéna teu léléda, sebrat sebrut bari tarapti. Can kacaritakeun
meupeuskeun piring, gelas atawa ngaruksak parabot. Kitu deui mun masak, cukup
sakali méré paréntah, hasilna sarua jeung kahayang dunungan. Pokona euweuh
cawadeun. Tara reureuh, tara ngarahuh capé. Imah kaurus, paparabotan beresih
harérang, tara ngantep nu kalotor, seuseuheun jeung istrikaeun tara nepi ka
nalambru. Can dititah eureun mah terus barang gawé. Sagala dicabak,
diserebétan, dikosokan. Kalan-kalan nu geus beresih gé diberesihan deui, kitu
téh mun poho ngeureunkeun, lantaran kajongjonan nelepon, SMS-an atawa béakeun
pulsa.
14.Kabelejog Haréwos
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 16
April 2012 18:53:53 -
Kangaranan
jeung maru, angger wé aya rasa timburu mah, najan kasebut akur gé. Komo ieu
katingali pisan, tarurun tina béca bari pakaléng-kaléng muru ka imah. Ngahaja
nganjang, hayang ngobrol. Tetelepék nanyakeun karesep salaki, ti mimiti sual
pakéan nepi ka dahareun.”Tangtosna Ceuceu mah langkung apal da tos lami sasarengan.
Enéng hoyong terang, supados tiasa langkung nyugeumakeun Aa.” Aya nu ngahéab
jeroeun dada. Ruhay nu geus dipepes ngadadak burahay deui. “Pasakan naon nu
dipikaresepna, Ceu?” “ Ulukutek leunca sareng beuleun peda beureum,”
ngaharéwos. Isukna pasosoré balik ti kantor, si Aa datang, padahal lain waktuna
kilir. Paromanna semu ambek. Sadatangna langsung muru méja makan. “Masak naon
ayeuna, Aa lapar pisan.” “ Angeun lodéh sareng gepuk, kaseneng Aa.” Teu
diengkékeun deui, dekul nguah angeun jeung gepuk. Paneuteup teu lésot kanu keur
ngadekul, bangun ni’mat pisan. “Hampura Ceuceu, Néng….”
15.Kado Keur Bapa ( Revisi )
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 15
April 2012 19:53:39 -
Gajih
munggaran. Nu kapikir hayang mangmeulikeun kopéah jeung sarung weuteuh keur
bapa pakéeun mun ka masigit, ngaganti kopéah jeung sarungna nu geus lalayu
sekar. Teu diengkékeun deui. Indit ka toko rmeuli kopéah jeung sarung nu pang
mahalna. Tuluy dibungkus dihadé-hadé maké kertas kado. Teu panasaran kudu
méakeun satengahna gajih gé. Nu penting bisa nyenangkeun bapa. Cita-citana
kalaksana. Matak sugema. Gagancangan balik hayang geura mikeun ka bapa.
Tengahing jalan, hapé disada. Horéng telepon ti Pa Érté. Buru-buru diangkat.
“Jang…buru-buru balik, bapa wales!”
16.Tétéla
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 14
April 2012 23:45:14 -
Lila
euweuh iberna. Wawanianan ngaSMS. Lapur teu dibales. Nyobaan ditelepon sarua
teu ngajawab. Bati ngarahuh bari mikiran musababna. Diimpleng deui lalakon
mangsa babarengan. Susuganan manggih lacak nu nyababkeun sikepna robah. Lebeng.
Ukur bisa ngusap dada. Sabar narimakeun nasib. Isukna kaparengkeun ngaSMS,
kacida atohna. Ngabrul kecap kasono ditepikeun. Ngabalesanna ukur sakecap dua
kecap, matak ngagaranggam, harianeun. Teu matak jadi ambek tuluy ngaSMS deui :
“Ari ayeuna nuju dimana?” panasaran hayang nyaho.” Di Jakarta!” “Sareng saha?”
Lila ngadadago balesan. Antukna ditelepon. Sababaraha kali angger teu ngajawab.
Sangkaan beuki buleud. Inget kana SMSna nu salah ngirim. Tétéla pisan moal
salah deui.
17.Randa Midang
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 11
April 2012 22:16:37 -
Awakna
teu pati jangkung, moal ngaleuwihan jangkungna pager awi hareupeun buruan.
Najan loba kembang nu alus jeung seungit di sabuderna, teu matak jadi leutik
haté. Cukup ngarasa sugema geus jadi pamager sari. Mangsa ligar , teu saeutik
kukupu nu kapikat. Nganjang pikeun nyeuseup sarina. Ayeuna halodo mimiti namu.
Ngajurung nu ligar jadi layu. Euweuh kukupu nu kapikat deui. Tuluy
ngarangrangan. Ngaheruk alum, nalangsa. Tepi kana waktuna, nalangsa beuki
pohara. Randa midang leungit panarikna. Antukna dirabut paksa, dibalangkeun
kana lombang. Teu dipaliré deui.
18.Potrét Isuk-isuk 2
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 05
April 2012 10:52:33
Panonpoé
nguliat. Nyingraykeun reumis nu tinggaréndang dina jukut. Titinggal hujan ti
peuting. Marengan nu balawiri mapag poé. Mitembeyan ngalaksanakeun pancén. Muru
gawé, muru sakola. Patali marga geus pinuh ku rupa-rupa kandaraan. Kaayaan
isuk-isuk jadi ramé, pabaliut jalma sapanjang jalan. Sawatara, di hareupeun
émpér toko. Lalaki tengah tuwuh, nu morongkol disimbut kardus jongjon tibra.
Sanggeus sapeupeuting lumampah néangan keur eusi beuteung. Teu miroséa kaayaan
sabuderna. Beuki morongkol. Ngarasakeun ni’mat. Kahaneutan sorotna panonpoé.
Hiji ni’mat nu ngan bisa kapimilik tina kasusah nu salawasna dipimilik.
19.Balada Tukang Asongan Asin
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 25
Maret 2012 21:20:09 -
Hareupeun
kamar panginepan nu katilu didatangan. Cag, ngécagkeun boboko eusi rupa-rupa
asin, tina aisanna. Tuluy nawarkeun ka pangeusi kamar. “Kanggo oléh-oléhna,
cumi-cumi, jambal, tarasi udang, mirah Néng!” Nu ditawaran teu maliré, jongjon
ngageberan awakna. “Jambalna dua puluh rébu, cumi-cumi sapuluh rébu, wios
tarasi mah lima rébu opat” pokna deui. Nu ditawaran angger teu maliré. “Upami
mésérna seueur, jambal lima belas rébu, cumi-cumi dua puluh rébu tilu, tarasina
sarébuan” teu eureun nawarkeun bari sakapeung nyusut késang nu rembes handapeun
dudukuy cetokna. Si Néng ukur ngarérét dagangan, bari angger gegeber ku kipas.
“Diical jinisna wé Néng ari badé mah, jambal opat belas rébu, cumi-cumi lima
rébu, tarasi lima rébu genep, Ibi peryogi keur ongkos budak ka dokter. Karunya
geus saminggu adug songkol waé nyeri beuteung” sorana dareuda. Aya nu
nyurungkuy hérang ‘na juru matana, beuki lila ngamalir luhur pipina nu leuseuh
karérab mata poé. Bati kekeleyengan nawarkeun dagangan ti panginepan ka
panginepan.
20.Bangbarung
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 21
Maret 2012 19:46:20 -
Nampa
béja Mang Udih rék ngawinkeun deui, Bah Kamta rada ngaheruk. Sarua pada-pada
boga anak parawan tapi can kénéh ngawinkeun, ari Mang Udih ampir unggal taun.
Tilu budak parawanna garancang menang jodona. Isukna, katingali Bah Kamta keur
mapalangan bangbarung imahna. Tempat karesep anak parawanna ngadaweung.
21.Lalaki ‘na Tungtung Hujan
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 17
Maret 2012 17:57:14 -
Malem
Minggu. Hujan ngecrek ti soré kénéh. Matak mugagkeun lampah. Didagoan raatna
lain dagoaneun. Rét kana arloji. Aya sajamna nungguan. Hanjakal teu mekel
payung, haroréam ari kudu huhujanan waé mah. Nu lain geus mimiti ninggalkeun
gedong, gura-giru balik najan kudu nyorang hujan.Tinggal kuring jeung manéhna
nu masih cicing. Kuring anteng maca. Kitu ogé manéhna. Pada-pada anteng.
Rohangan beuki karasa simpé. Ukur keclak cihujan nu nyora. “ Tos karaos, Nung?”
Rungah ringeuh nyidikeun asalna sora. Karérét teuteupna di satukangeun buku.
Teuteupna leleb. Nganterkeun asih nu wening. Hujan karasana beuki ngagebrét
dina jajantung. Rasa nu dilelebah salila dua bulan, ayeuna nyata karasa. Teu
sanggup kedal ngajawab pananyana. Haté pagaliwota, samar rasa. Kuring ukur
ngaheneng bari ngulinkeun ali meneng. Nu geus lila mapaésan jariji katuhu.
Katalimbeng disaksian hujan.
22.Tah Geuning….
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 15
Fébruari 2012 23:30:02 -
Biur
mobil muru alamat nu rék dijugjug. Palebah jalan cagak rada bingung kudu méngkol
kamana, ka katuhu atawa ka kénca. Rék nanya euweuh saurang gé nu ngulampreng.
Béca ngajalugrug sisi jalan tapi teuing kamana nu bogana. Tina kaca spion
katingali aya lalaki rentang-rentang nyamperkeun mobil. “Tah geuning kabeneran
aya nu liwat." Kaca buru-buru dibuka. Can gé pok nanya, manéhna geus
miheulaan ngomong, “Tah geuning!” Kituna téh bari malédogkeun sapelastik runtah
kana beungeut, tuluy lumpat bari seuri nyikikik. Reuwas jeung hookeun. Teu
lila, jul jol jelema nyalampeurkeun, horéng ti tadi mah nyararumput da sieun
kunu gélo anyar.
23.Kamar 405
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 15
Fébruari 2012 21:18:50 -
Sup
ka jero rohangan nu dicét sarwa bodas. Lampu ngempray nyaangan rohangan nu teu
pati lega. Ranjang, dua ngajajar diwatesan hordéng bodas. Dina tihang deukeut
ranjang ngagarantung botol pelastik eusi cai inpusan. Selang ting arambay, jadi
liliwatan cai nu ragrag sakeclak-sakeclak muru jarum nu nanceb kana urat
leungeun. Wadah oksigén siraheun. Dina ranjang kadua nu disepréan lawon bodas,
waruga nu teu walakaya ngagolér. Ngalempréh, pasrah digulang gapér dokter jeung
suster. Kuring ukur bisa neuteup, cimata murubut marengan gerendeng haté.
Neneda pitulung Manten-Na.
24.Otél
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 12
Fébruari 2012 20:32:41 -
“Néng,
geulis...” ceuk Si Jajaka ka Nyi Mojang.
“Kah… aya naon Aa?” Walon Nyi Mojang alon.
“Ih…gemes!” Ceuk Si Jajaka bari noél cangkéng Nyi Mojang.
“Ahh…géték atuh Aa!” Nyi Mojang semu ogo.
“Gétéknya geulis?” Tanya Si Jajaka, kituna téh bari noél deui.
“Aaahh…si Aa mah..!" Nyi mojang ngadelék.
Ningali polah Nyi Mojang, Si Jajaka kalah beuki ngahajakeun noél.
"Ihh...ceuk nyai géték, géték!” ngomong kituna téh bari jung nangtung, tuliuy lumpat. Sakedapan Si Jajaka ukur olohok. Tuluy buru-buru ngudag Nyi Mojang. Nu diudag kalah beuki tarik lumpatna. Si Jajaka teu cicingeun, tuluy ngudag deui. Saterusna, Si Jajaka jeung Nyi Mojang silih udag dinu luhur suhunan, bari pahereng-hereng.
“Kah… aya naon Aa?” Walon Nyi Mojang alon.
“Ih…gemes!” Ceuk Si Jajaka bari noél cangkéng Nyi Mojang.
“Ahh…géték atuh Aa!” Nyi Mojang semu ogo.
“Gétéknya geulis?” Tanya Si Jajaka, kituna téh bari noél deui.
“Aaahh…si Aa mah..!" Nyi mojang ngadelék.
Ningali polah Nyi Mojang, Si Jajaka kalah beuki ngahajakeun noél.
"Ihh...ceuk nyai géték, géték!” ngomong kituna téh bari jung nangtung, tuliuy lumpat. Sakedapan Si Jajaka ukur olohok. Tuluy buru-buru ngudag Nyi Mojang. Nu diudag kalah beuki tarik lumpatna. Si Jajaka teu cicingeun, tuluy ngudag deui. Saterusna, Si Jajaka jeung Nyi Mojang silih udag dinu luhur suhunan, bari pahereng-hereng.
25.Bongan Urang Paanggang
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 11
Fébruari 2012 22:36:08 -
Aya
hariwang maturan jemplingna peuting. Haté hésé dipapalérkeun, kumalayang
marengan datangna karingrang. Ngan ukur bisa neuteup foto anjeun pikeun
nyinglarkeunna. Cimata marengan rénghap. Foto ditangkeup, digaléntoran. Anjeun
angger ukur imut. Taya sora. Taya ringkak. Teu robah. Peuting maju ka
mumunggang. Kahariwang beuki rongkah ‘na dada. Nu anggang lapur taya iberna.
Teuing kamana, teuing dimana, teuing jeung saha. Teuinggggggg !!!
26.Nguseup
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 07
Fébruari 2012 21:40:13 -
Lung,
Jeujeur dialungkeun ka tengah balong. Gék diuk nyarandé kana tangkal cau.
Nungguan eupan disantok lauk. Lila eupan teu disanggut waé, lenggut nundutan.
Sora ting kocépat ngahudangkeun. Rungah ringeuh ningali jeujeur nu menod. Laju
ditarik. Bréh, lauk kancra nu gedé. Lauk teu buru-buru dicokot ukur dipelong.
Kadéngé sora awéwé semu ngalengis, “Énggal geura laan useupna, biwir abdi tos
nyeri, kang…”, sidik pisan kaluar tina sungut lauk.
27.Tajongan Édas
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 06
Fébruari 2012 22:17:41 -
Békam
iceus naker mawa bal. Ngaliwatan dua pamaén tukang nu ngahalangan lumpatna.
Hareupeun gawang bal ditajong satarikna. Kiper sayaga rék nahan bal. Tapi,
kalah ngagoak bari meungpeunan beungeut. Bal lapur teu katéwak. Békam ukur
nyengir bari nunjuk sukuna nu kari dikaos kaki.
28.Sabada Ngider
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 06
Fébruari 2012 20:21:24 -
“Racun
tumbilaaa…racun beuritttttt..!” sorana beuki peuyeuh. Ngiderkeun daganganna ti
lembur ka lembur. Tapi, euweuh saurang gé nu meuli. Nepi ka tungtung lembur
karasa awakna beuki lungsé. Handapeun tangkal mahoni, manéhna reureuh. Diuk
ngalungsar bari rumahuh. Soréna, saeusi lembur geunjleung, aya mayit dina
handapeun mahoni. Leungeun katuhuna nyekel pelés kosong nu aya gambaran beurit.
29.Inbox
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 02
Fébruari 2012 21:35:11 -
Barang
bray muka fésbuk, katingali angka 1 beureum handapeun tanda pesen. Atoh. Sugan
wé balesan nu didago-dago. Panasaran dibuka. Gebeg, kabaca tulisan “ Lalaki
Tunggara …Akang sono! 5 menit yang lalu”. Siak, bulu punduk ting sariak, késang
tiis maseuhan tarang, awak ngadégdég. Gancang-gancang komputer dipaéhan. Hujan
masih ngaririncik. Peuting karasa beuki keueung. Meunang pesen ti manéhna, nu
karék kamari maot.
30.H
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 02
Fébruari 2012 11:37:56 -
Ukur
bisa nuliskeun ratusan aksara “H" dina kertas kayas. Nganteur rasa nu
marengan rénghap tiap ngucap “H”. Rasa nu geus nganteurkeun lalakon dina
pangimpian. Nu hamo bisa kasorang. Jauh tina udagan. Sabab, waktu geus
megatkeun méméh bagja kapimilik.
31.Batur Ulin
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 26
Januari 2012 20:33:36 -
Bosen
nambakeun budak ka indung beurang. Si bungsu angger rungsing jeung ogo waé.
Tara anteng najan cocoan jeung jajaneun diaya-ayakeun. Ngan anéh, poé ieu mah
budak téh teu rungsing jeung ogo. Malah anteng ulin di pipir. Panasaran
diintip. Gebeg, katingali budak keur ocon jeung oray nu sakitu gedéna. Euweuh
riuk-riuk sieun, malah diusapan jeung digaléntoran. Sakedapan ukur reuwas jeung
hookeun. Tuluy lumpat muru ka pipir. Kadéngé aya nu datang, oray ngulisik
ngaléor asup ka kebon. Teu dipaliré deui, budak buru-buru dirawu, diais. Budak
teterejel bari gegeroan, nyambat oray.
32.
SAMAGAHA
Ku Nyimas
Kanjeng Ratu Yuyu
22 Juni 2012 01:05:42 - |
|
Jarum jam sidéngdang dina angka 1. Di luar langit peuting
mongkléng. Simpé. Peuting geus tepi kana mumunggang. Taya geter kasono nu
midang. Taya dangding asih ngagalindeng. Tuna kasugema nu nyanding. Sirna
haté caang bungangang. Dina luhur ranjang ukur bisa nyawang lalangit kamar.
Kagambar mangsa purnama nyandang sugema. Peuting ayeuna, kaanjangan samagaha.
Ngirimkeun poék mongkléng. Jeroeun kamar, jeroeun haté. Rekat rekét
panyaréan... nandang guling gasahan.
|
33 Ngintip Pangantén Anyar
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Aya béjana Jang Komod kawin. Meunangkeun awéwé
geulis urang lembur Nyingkur. Keur geulis téh jaba beunghar. Kasebut gedé milik
keur ukuran Jang Komod nu teu puguh gawé. Matak panasaran hayang apal kumaha
rupa jeung dedeganna. Kabeneran aya nganjang ka indungna. Enya wé lain ceuk
béja, geulis, sampulur. Rep, peuting. Nu ngaronda mimiti ider lembur. Lebah
imah Jang Komod ngahaja eureun heula. Kabéngbat ku sora ti palebah kamar.
Panasaran diarintip tina jandéla nu gardéngna rada nyingkab. Sumanget pareng
bisa ngintip nu keur papangantén. Sakur nu ngintip euweuh nu teu ngarénjag,
reuwas. Jauh tina ciciptaan. Jelas pisan Jang Komod nu bubulucun keur pogot
ngagulang gapér oray badag!
34 Potrét Isuk-isuk 5
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 28 Juni 2012 10:16:37 -
Tonggong geus karasa panas katojo sréngéngé,
dagangan sabangsaning lalab rumbah masih nambru na tanggungan. Teu
dirérét-rérét acan ku nu lalar liwat balanja. Pucuk putat, pucuk baluntas,
surawung jeung sajabana geus mimiti laleumpeuh. Rajeun aya nu nangtung
hareupeun tanggungan ukur ngadon uplek ngobrol. Teu ngahaja maling déngé nu
keur diobrolkeun, asa meunang jalan. Gorowok nawarkeun dagangan. “ Pucuk
baluntas, pucuk putat, surawung…lalab landong ibu-ibu, nyugemakeun si bapa,
mangga geura cobian…!” Nu uplek ngobrol sakedapan jempé, ngarérét dagangan.
Lima menit ti harita, pucuk baluntas, pucuk putat, surawung pindah tempat. Ngeusian
kantong balanjaanana.
35. Ngadulag Jeroeun Dada
Ku Nyimas
Kanjeng Ratu Yuyu | 22 Agustus 2012 12:52:45 -
Dag...dulugdugdag... dulugdugdag ... dulugdugdag. Sora dulag patingtémbalan.
Nu takbiran réang di unggal masjid. Mapag mangsa nu pinuh kabagjaan, suka
bungah. Sabada cacap sabulan ngalakonan puasa. Dur-dor sora pepetasan, disundut
barudak di tengah lapang. Lembur jadi beuki haneuteun. Kitu ogé di unggal
dapur. Ti soré kénéh geus ramé kunu popolah. Ngupat, numis kentang, nyemur
daging, ngasé cabé, ngopor, jeung sajabana. Kuring gé maksakeun popolah,
karunya ka barudak jaba tamat puasana. Popolah geus bérés. Tumas-tumis mah geus
ti tadi arasak. Kari ngasakkeun kupat. Beuki peuting, jero imah karasa suwung.
Barudak geus talibra. Cunggelik sorangan. Bati rumahuh. Mapay-mapay panineungan
unggal poéan lebaran. Kalah matak juuh cimata. Meleberna kembang sedep malem
beuki nambahan nalangsa. Rohangan pinuh ku kalangkang-kalangkang panyawangan.
Piligenti narémbongan. Beungeut budak hiji-hiji diteuteup. “ Deudeuh teuing
anaking... lebaran ayeuna mah moal babarengan jeung bapa hidep...” gerentes
haté, dibarung tugteg jajantung ngadulag jeroeun dada. Nyeuit kingkin.
36. Wanoja Di Rohangan Tunggu
Ku Nyimas
Kanjeng Ratu Yuyu | 21 Agustus 2012 12:02:24
Di rohangan tunggu. Manéhna diuk gigireun wanoja nu keur anteng maca.
Ngawani-wani ngadéhéman. Nu didéhéman tonggoy teu ngalieuk. Sakali deui, angger
teu maliré. Katilu kalina déhém rada tarik. Nu ngalieuk angger lain si wanoja,
kalah nu lian. Matak éra, buru-buru nutupan beungeutna ku koran. Wanoja anteng
kénéh maca, euweuh riuk-riuk kaganggu. Beu, sugan mah munding atawa torék kitu?
Gerentes haténa bari ngarérét. Gebeg. Horéng si wanoja keur mencrong, matana
burahay beureum, beungeutna geuneuk, ngembang wéra. Reuwas, manéhna teu wasa
ningali nu keur neuteup seukeut. Tinu jero matana kaluar seuneu, sakilat
ngaduruk koran nu dipaké nutupan beungeutna. Laju ngaduruk awakna. Kocéak
abrag-abragan. Seuneu beuki ngaléntab, ngaduruk nu aya di gigireun nyésakeun
areng jeung lebu. Jalma nu aya di dinya siga nu disirep, euweuh nu bisa ingkah
nulungan nu kaduruk. Wanoja ninggalkeun rohangan nu mulek ku haseup. Buku “ The
Black Magic with Satan Seducter nu tadi dibacana ditinggalkeun luhureun korsi.
37.Ki Arnasan
Ku Nyimas
Kanjeng Ratu Yuyu | 27 Agustus 2012 21:30:13 -
“Duuruukkkkk... duuruukkkkk...!” nu ngalabring patinggorowok, meulah
simpéna peuting. Saoborna, saoborna, muru hiji imah nenggang di tungtung
lembur. Tepi ka nu dijugjug, imah tuluy ditingker. Teu lila, plak-plik-pluk
obor ninggang suhunan imah bilik Ki Arnasan. Sakilat seuneu ngabebela,
ngaléntab, ngaduruk imah. Teu méré waktu pikeun pangeusina nu keur tibra saré,
nyalametkeun diri. Peuting mongkléng robah jadi mabra ku cahya seuneu nu
ngagedur. Harénghéng sora nu surak ayeuh-ayeuhan, suka bungah ningali létah
seuneu ngalamotan kai jeung bilik. Rénghék. Dadak sakala, nu ayeuh-ayeuhan
jempé ningali aya nu ngabelesat tina jero seuneu nu hurung ngagugudag. Kabéh
mata nuturkeun kamana losna nu ngabelesat. “Hahahahaha...”sora nu seuri
handaruan ti lebah tangkal cangkring. Maksa sakabéh panon euntreup kanu
nangtung mulak cangkéng dina dahan. Euweuh saurang gé nu teu hélok, apal pisan
kana dedeganna. Réang sora patinggorowok bari nunjuk tangkal. “Ki Arnasan...!”
Breg, hujan. Dibarengan angin ngagelebug jeung dordar gelap. Nyieuhkeun nu
ngagimbung. Barirat
38.Peunggas Rancatan
Ku Nyimas
Kanjeng Ratu Yuyu | 10 Agustus 2012 23:10:51
Rejekina barudak nu garetol puasa. Sapuluh poé deui ka lebaran, bapana aya
nu ngajak gawé ka dayeuh. Kacida bungahna. Barudak surak aratoh, lantaran bakal
jadi boga baju anyar keur lebaran. Beuki ngajurung léngkahna, tigin ninggalkeun
lembur, ninggalkeun anak pamajikan. Kuring tulus manganjukkeun baju keur
barudak, ti Ceu Imas. Angkeuhan engké bakal boga duit keur mayarna. Karék gé
dua poé ditinggalkeun, geus nampa béja nu pikareuwaseun. Bapana barudak cilaka
di tempat gawé, ragrag tina suhunan loténg. Asa disamber heulang, dibéntar
gelap tengah poé. Leng...bumi alam asa poék. Awak ngarumpuyuk, leuleus. Barudak
ditangkeup pageuh, neger-neger manéh. Nahan kasedih jeung tunggara. Teu percaya
kanu keur dirandapan. Nyaksian layonna digotong ka jero imah.
39. Nu Mikarep
Ku Nyimas
Kanjeng Ratu Yuyu | 05 Séptémber 2012 20:08:50 -
Koréjat...gap deui kana potrét nu tadi diteundeun handapeun bantal.
Diteuteup leleb. Celengok dicium. Tuluy diteueulkeun ka na dada. Mata peureum,
pikiran kumalayang. Pulas katumbiri minuhan sawangan. Ngirut imut. Ahh...
humandeuar, basa tepung jeung kalangkang simpé. Nu mongkléng nutupan harepan ti
waktu ka waktu. Pucunghul subaha. Nyéak panas ngarérab haté. Nyel, ngahudang
ambek. Gancang hudang. Nyekéskeun panékér. Nungtut nyundut potrét wanoja nu
keur imut manis. Dipencrong teu lésot tepi ka ngajadi lebu. Ramo panas karérab
teu dirasa. Hayang sugema ningali musnana. Can cukup ukur diduruk. Lebuna
dicomotan diasupkeun kana gelas. Cur ditinyuh cai panas. Dikocék. Dikudek
dibarung keuheul. Laju diséblokeun ka nu taneuh. Serebung haseup. Beuki lila
beuki loba, beuki gedé. Mulek. Sakedép nétra. Ngajénggélék, ngajirim wujud.
“Engkang...bagéakeun ieu enung!”
Fikmin
#Réuni#1
Aya
kana 20 taunna teu panggih sanggeus lulus sakola, tuluy paturay neruskeun cita-cita
masing-masing. Ayeuna panggih deui, kacida sonona. Silih caritakeun lalampahan
hirup bari ngaguar deui lalakon baheula. Obrolan beuki ramé waktu
nyaritakeun Sodik budak pang cicingeunna
di kelas , nu sok mindeng diheureuyan jeung dijailan ku saréréa. Sodk tara ieuh
ambek atawa pundung, ngan ukur nyéréngéh
bari gagaro sirah. Taya nu apal deui laratanna ti saprak lulus sakola. “
Moal mah kitu dirawu kélong, disangka anakna ? “ Ceuk Awan nu pang mindengna ngajailan Sodik bari seuri nyakakak. “ Lain ceuk uing mah,
dibawa alién ka lemburna keur purah ngumbah piring terbang “, témbal Ujang.
Atuh kabéh sareuri ager-ageran, euweuh
saurang gé nu teu ngupat Sodik, mamantes kaayaanna ayeuna.Sora mobil
eureun hareupeun imah, ngagebahkeun nu keur ager-ageran.Kabéh muru kaluar
hayang nyaho saha nu datang. Lalaki gandang perlente maké kaca mata hideung turun
ti jero mobil, saurang ge euweuh nu apal saha éta. “Assalamu’alaikum..” pokna
bari nyéréngéh jeung gagaro sirah tuluy ngalaan kaca matana … “Sodik” !! kabéh
bareng ngagorowok hookeun.
Fikmin
#Sawér#2
Pangantén
geus diréndéngkeun diburuan, siap-siap rék disawér. Nu rék muru panyawér geus ngagimbung,
teu budak teu kolot pasedek-sedek hayang bebenangan Juru sawér mimiti ngawih,
nu muru geus teu sabar, “ wurrrt...wurrrrrr”
ngalokan juru sawér. Panyawér, mangrupa béas, peremen jeung duit
kencring diawurkeun ku kolot pangantén ,nu muru paboro-boro mulung teu sirikna
silih suntrungkeun. Panyawér diawurkeun deui, “Peletak ! duit kencring sarébu
pas pisan ninggang kana tarang Jang Idin
tarik pisan. Leng lieur …titingalianna jadi ngadak-ngadak poék, kudupung, blug labuh,
pingsan! Awakna kagaleuy nu moro, bebenangan
moro dina leungeun murag paburincay.
fikmin #Euweuh Batur#3
Keclak ci hujan ninggang émbér panandé ngawirahma jeung sora bebencè nganter peuting muru simpè. Ngan sora tak tok papan ketik nu maturan kuring nungguan pitunduheun. Cakcak nu sok satia maturan teu katingali kakarayapaan dina témbok. Ah...boa geus bosen maturan kuring?
Keclak ci hujan ninggang émbér panandé ngawirahma jeung sora bebencè nganter peuting muru simpè. Ngan sora tak tok papan ketik nu maturan kuring nungguan pitunduheun. Cakcak nu sok satia maturan teu katingali kakarayapaan dina témbok. Ah...boa geus bosen maturan kuring?
Fikmin#Gering#
Kahariwang
beuki minuhan dada, inggis jeung bisi teu bisa dipapalérkeun jadi nambah
pipikiran. Hiji hiji ubar ti dokter diinum Aya gerentes hamo dipaju bongan euweuh
karasana. Ampir sabulan ngajoprak teu walakaya, geus kaluman. Batin geus
kekejet hayang geura cageur. Karunya kanu jadi salaki jeung barudak geus lila
teu kaurus, nga ukur ngadelnkeun tanaga si bibi. “Ibuuu…”, si bungsu
ngagurinjal tina aisan bapana hayang diais. Kuring ngan bisa ngusapan, deudeuh
teuing anaking geus sabulan can ngarasaan pangais indung. Teu kasawang mun kudu
pondok umur, tada teuing leungiteun indung
Duh gusti...mugi abdi sing énggal séhat deui.
Fikmin
#ngalamun#5
Ucing
nu keur paséa di luhur suhunan jempling teu nyora deui sanggeus digebah bari
dibanjur, kuring nuluykeun deui mukaan lamunan.,antaré hiji-hiji narémbongan.
Keur anteng nganter lamunan bari mencrong lampu kamar, sora kérék handaruan nu
di digigireun, ngagebahkeun lamunan jadi buyar paburantak. Duh Gusti…ngalamun gé meni teu bebas ning,
padahal bieu téh keur raraména ocon jeung Dudé Hérlino!
Fikmin
#nalangsa#6
cakcak
nyora pating témbalan bari paudag-udag, ocon di luhur lalangit kamar, teu lepas
tina paneuteup kuring, maturan jemplingna peuting.Taya batur geusan silih otélan...si
Moly tibra nyorangan,kuring bati ngahuleung nyawang lalampahan diri, ehm..sugan
bisa difikminkeun!
Fikmin#Baju
Anyar#7
Di toko baju nu katilu didatangan. “Kumaha upami nu
ieu pantes teu, kang?” Tanya kuring bari ningalikeun baju katujuh nu dicobaan.’
Prêttt !!”...Kang Dadang tapis motrét kuring maké baju anyar nu kasawelas ku
HPna. “ Hayu ah Kang… cekap sakieu gé, ayeuna
abdi tos gaduh sawelas poto nganggé acuk anyar!”
Fikmin
#Telepon#8
Sabada
narima telepon ti anjeun, kahariwang mimiti nyinglar goreng jeung halimun nu
nutupan sumanget salila ieu. Kainggis kapapalérkeun. Horéng anjeun masih
nyangcang tresna na mumunggang pangharepan.
Fikmin
#Korédas#9
Béak
teu nyésa, eusina ngan ukur kartu nama jeung kasbon wungkul. Ngarérét almenak masih 10 poé deui..aduh alah
ieung alamat bulan hareup kasbon nambahan deui minuhan lokét!
Fikmin
#Tatahar#10
Kulambu
bérés ditambalan ngarah reungit teu bisa
moncor ngadodoho nyoco. Kasur geus dikebutan tilamna diganti kunu anyar.
Sebrot…sebrot sesengitan disemprotkeun,
lampu dipareuman. Golédag …..mernahkeun awak dina kasur, nungguan manéhna..
ilapat keur bahan nyieun fikmin.
Fikmin#Nyeri
haté#11
Na
tungtung peuting sapaparat jalan ka Jogja keun, anjeun geus ngaguratkeun
kapeurih, nyieun tatu nu gudawang dina haté, cipanon murubut teu kawengku.
Anjeun …panceg rék ninggalkeun, nutup lalakon katresna, mungkas pangharepan nu
geus lila marengan duaan. Beus nyemprung meulah jalan nu simpé, ninggalkeun
panineungan dina kaca-kaca batin nu tunggara.
"
Kitu nu ditulis ku hiji istri umur 30-an, terus turun tina beus malem, dikaléng
ku dua nonoman sembada.
Fikmin #katagihan mikmin#12
Rarasaan aya
nu kurang kénéh waè ieu tèh, padahal
karèk bieu nguah coèt dituluykeun ku ngopi kulub cau. Tuluy muka deui tudung
saji, kop kana gorèng tahu bèak hiji angger
can ngarasa cukup kènèh . Sajongjonan ngahuleung mikiran bari mukaan
tepas facebook. Ahhh..ieu geuning kapanggih ayeuna mah nu kurang tèh, horèng simana
horèng can mikmin! Heuheu..
Fikmin # Bati
hayang amprok#4
Poé maju ka magrib langit ceudeum nandakeun rék hujan. Ampir dua jam kuring cindeluk nungguan giliran, kesel jeung cangkeul teu dirasa bakat hayang amprok jeung manéhna, padahal mah karék minggu kamari jonghok. Waktuna amprok manéhna teu loba carita, kapanasaran can kabéh kabudalkeun geus nitah kuring kaluar ti rohanganna. Bati ngalelengkur nungguan téh ngan ukur paguneman teu leuwih ti lima menit jeung salambar kertas resép nu kudu dibeuli..!
Poé maju ka magrib langit ceudeum nandakeun rék hujan. Ampir dua jam kuring cindeluk nungguan giliran, kesel jeung cangkeul teu dirasa bakat hayang amprok jeung manéhna, padahal mah karék minggu kamari jonghok. Waktuna amprok manéhna teu loba carita, kapanasaran can kabéh kabudalkeun geus nitah kuring kaluar ti rohanganna. Bati ngalelengkur nungguan téh ngan ukur paguneman teu leuwih ti lima menit jeung salambar kertas resép nu kudu dibeuli..!
Fikmin # Demo
#13
Nu demonstrasi
beuki rongkah Pating jorowok nungtut
hancengan. Kaayaan beuki ahéng …batalion cacing demo na jero beuteung.. !
Fikmin #
Haseup#14
Manéhna anteng ngencarkeun lamunan bari ngaroko bangun nu ni’mat. Serebung…serebung haseup minuhan rohangan nu poék.Tapi katingali sing laléok kukulibekan teu lepas tina paneuteupna. Kabayang rupa bébéné nu geus lila ninggalkeun.Aya geter sono nu hamo kaupahan. Haseup beuki ngeulun, nu ngalamun beuki jongjon. Haseup museur hareupeunna beuki lila beuki sidik ngajirim ujud…awéwé dibaju bodas bari seuri nyikikik!!
Manéhna anteng ngencarkeun lamunan bari ngaroko bangun nu ni’mat. Serebung…serebung haseup minuhan rohangan nu poék.Tapi katingali sing laléok kukulibekan teu lepas tina paneuteupna. Kabayang rupa bébéné nu geus lila ninggalkeun.Aya geter sono nu hamo kaupahan. Haseup beuki ngeulun, nu ngalamun beuki jongjon. Haseup museur hareupeunna beuki lila beuki sidik ngajirim ujud…awéwé dibaju bodas bari seuri nyikikik!!
Fikmin #
Duriat#
Cinta
memang hésé ditebak kamana léokna, datangna tara diduga-duga. Eunteup kasaha waé
teu kanu ngora, teu kanu kolot. Matak anteng nu ngarandapanna, poho kana sagala.
Teu maliré nu mapatahan, méré bongbolongan, tigin kana rasa nu ngancik. Nyi
Eruk daék jadi pamajikan nu kaopat juragan Omod, bandar jéngkol nu pang jegudna
di lembur. Naha éta ogé alatan cinta?
Teu maliré
kanu mapatahan, méré bongbolongan, manéhna tigin kana rasa nu ngancik. Cinta
memang hésé ditebak kamana léokna, datangna tara diduga-duga. Eunteup kasaha
waé teu kanu ngora, teu kanu kolot. Matak anteng nu ngarandapanna, poho kana
sagala. Manéhna
milih lunta ti imah, daripada pegat duriat jeung awéwé nu pantes jadi indungna!
Fikmin # Papastén
#
Bumi alam
asa tungkeb, awak ramohpoy, leuleus taya
tangan pangawasa. Batin ngajerit, ngocéak maratan jagat. Asa disamber heulang
basa nampa béja ihwal manéhna. Niat hayang buru-buru ngabagéakeun budak nu dipikahayang, pati miheulaan
nyampeur manéhna di jalan. Cimata murubut marengan nu miang. Teu wasa ningali geuleuyeungna
mobil nu mawa manéhna ka tempat panungtungan. Rét, ka orok beureum nu tibra
dina aisan, haté beuki ngarakacak. “Deudeuh
teuing anaking, karék gé umur sapoé geus kudu jadi budak yatim!
Fikmin
#fikmin#16
“Unggal
poé gawé téh ngan molototan komputer wé, lain geura nyiar gawé!” sentak mama
ngagareuwahkeun Imin nu keur anteng macaan fikmin. “Euh..manawi ieu ge nuju
ihtiar mama, diajar ngadamel fikmin!”, ceuk Imin ngabela diri. “Memangna naon
kitu ari fikmin teh?” mama semu bendu. “Kiripik Imin..” ceuk Imin asal ngajawab
sieun mama bendu papanjangan.
Fikmin #Nu Mulang Tugas#17
Campaka diawurkeun luhureun kasur, ngahaja ngarah
enggon karasa seungit. Ngabageakeun manehna nu rék mulang. Geus kabayangkeun
kumaha guligahna sabada ditinggalkeun sabulan tugas ka luar kota. Teu sabar
nungguan nu datang. Jam dina témbok
remen dirérétan. Asa kulila jarum jam muterna. Paneuteup teu jauh kana panto,
nungguan nu ngaronghéap tina lawangna. Waktu pidatangeun geus ampir liwat nu
ditungguan can norojol kénéh. Haté ngadak-ngadak ratug, seseblakan.Kahariwang
mimiti minuhan pipikiran, inggis aya naon-naon karandapan ku manéhna. Katambah
hénponna teu aktif, hésé rék maluruhna. Teu geunah cicing, samar polah. Dengék,
si bungsu ceurik bareng jeung sora sirine ambulan nu beuki tarik, ti lebah buruan
imah.
Fikmin #bagong#18
“ Bagong..bagong..téwaakk…!”, sora jelema ti unggal
juru bari mawa pakarang ngepung bagong nepi ka tungtung lembur. Bagong lumpat
beuki mangprét bari susuruduk, sieun kacerek. Nepi ka sisi walungan bagong
ngarandeg, euweuh deui pilumpateun. Nu ngepung beuki deukeut. “Dor..dor..!”
pelor bedil nembus dadana, bagong ngudupung paéh saharita. Di hiji imah kadéngé sora awéwé ngajerit bareng jeung
pareumna lilin, “Akaang….!”
Fikmin #Pamayang#
Nu datang beuki rajol, panasaran hayang sidik
ningali layon di sisi basisir. Sabada lambak nu rongkah ngajejewét parahuna.
Fikmin # Kacida #
Kawas hapé teu manggih sinyal, ngabuntukeun tepina
iber. Kuring ukur cindekul ngadadago. Matak ngagokan lalampahan. Tamba kesel
nyisil koaci. Teu karasa geus béak sabungkus gedé. Biwir kedewil. Tikoro
tuhureun. Nu diarep-arep taya kelemengna.
Fikmin #nu ka dayeuh#19
Aya nu teu kebat dikedalkeun Kang Ikim basa sasadu
rék indit ka dayeuh pikeun nyiar gawé. Kuring gé teu loba tatanya naha Kang
Ikim bet ngadak-ngadak hayang ka dayeuh, padahal di lembur gé loba nu nitah
sagawé-gawé. Pikir kuring,di dayeuh Kang Ikim pasti bakal menang pacabakan nu
leuwih alus, gajihna gedé, tangtuna bisa ngaronjatkeun kahirupan teu susah siga
ayeuna. Teu karasa geus saminggu ditinggalkeun Kang Ikim , mimiti karasa beurat
pikeun kuring, tisuksuk tidungdung néangan keur dahar barudak nu bangkaréakan,
lantaran teu ditinggalan duit sapérak-pérak acan. Teu maliré kacapé, tanaga
ditatawarkeun , buburuh nyeuseuh,
ngistrika, jeung sajabana,ti poé ka poé euweuh reureuhna.nu peunting barudak teu
kalaparan. Ayeuna geus sabulan, Kang Ikim
euweuh balik, euweuh béja-béjana acan. Liwat dua bulan..tilu bulan,…
campleng nepi ka kiwari ..Kang Ikim
tacan mulang kénéh, ilang tanpa
laratan!!
Fikmin #di Panti jompo#33
Aki-aki satengah pikun jeung iteukna, diuk moyan di
buruan. Iteukna teu cicing, dipaké ngagurat-gurat taneuh. Teuteupna kosong
anteng mencrong ka jalan. Sakapeng awakna nu kuru oyag alatan batukna nu ngohkoh.
Bosen moyan, koloyong abus ka kamar ngadon morongkol nyorangan, ukur dibaturan
ku batuk nu beuki ngohkoh. Euweuh anak incu nu mairan cai pikeun maseuhan
tikorona, atawa nu béla mencetan awakna nu maju ka ropoh. Mangsa nyangharepan
waktu. nu aya ngan batur sanasib nu sarua pada-pada jauh tinu kanyaaah jeung pangrawat kulawarga.
Fikmin # aral#32
Can cumpon mayar
waragad operasi si cikal, ayeuna geus kudu mikiran deui waragad keur si
bungsu nu diopname. Pikiran beuki uleng, rék timana deui néangan duit. Banda nu
aya geus nungtut béak. Hutang geus ka unggal sirah. Nu purah ngarah kipayah,
geus lila teu walakaya alatan cilaka di pagawéan. Panghasilan ngan ukur
ngandelkeun bebenangan bati dagangan ti warung, nu mimiti coréngcang lantaran
béakeun modal. Kacida nalangsana hirup nu dilakonan. Ceurik ? geus teu bisa,
lantaran cimata gé geus lila saat balas dibedahkeun unggal waktu.
Sajongjonan ngalamun.Pipikiran jadi poék, peso nu keur dipaké nyiksikan bawang
sakilat ngeureut urat leungeunna, getih mancer ngabayabah maseuhan lahunan..kausap
sétan!
Fikmin #SMS ti Kang Tatang#20
“ Nung…,sono!” bulak
balik SMS dibaca, karasa leleb kana haté. SMS teu buru-buru dibales, asa tacan
sugema maca eusina. Ngumbar lamunan mapantes manéhna nu keur sono, sajongjongan
anteng. Teu lila, datang deui SMS: “Hapunten lepat ngintun ...," ukur sajalan dibaca, karasa
ngajedud kana haté, lamunan sakilat paburisat, ganti ku kahanjelu nu tungkeb
'na dada! Euh..., boro atoh sugan téh enya sono ka kuring, gancang SMS dipupus,
hapé dibeubeutkeun, reup peureum, nuluykeun deui ngimpi nu tadi kaganggu ku sora
hapé.
Fikmin #Teu Siga#21
Poé ieu si bungsu geus nanya deui baé, naha rupa manéhna,
lanceuk-lanceukna ogé bapana teu sarariga.Teu gancang dijawab, lantaran bingung
kudu kumaha pijawabeunna.“Enggal jawab atuh mah !” Kuring éleh géléng, pok
ngajawab:“Harita nuju ngandung ku dédé, mamah resep ka Jacky Chen, bentang film
Cina, matakna dédé socana sipit !” Pikiran
téh si bungsu bakal sugema jeung moal papanjangan. Manéhna ngahuleung,
teu lila pok ngomong: “ Berarti unggal bobot, karesep mamah sok béda-béda,
soalna aa sareng tétéh gé teu siga, tapi naha nya teu aya nu siga bapa?” Kuring
teu bisa ngajawab ngan ukur ngagerentes dina heté :” Pasti moal siga da aa,
tétéh, ogé dédé baréda bapa, kitu ogé bapa nu ayeuna, lain bapa maranéh !
Fikmin # Panyaluuhan#22
Beuki nyeri kana dada , teu bisa ditahan-tahan deui, ngan
kudu ka saha ngabudalkeunana? Euweuh deui taktak atawa lahunan, panyaluuhan pikeun
kuring mudalkeun kapeurih!
Fikmin # Dirapalan#23
Waktuna ijab kabul, kuring beuki élékésékéng. Késang luut
léét, jantung ratug tutunggulan. Komo basa manéhna maling rérét. Bréh lalakon
katukang mangsa babarengan nu pinuh kaasih jeung katresna. Matak nineung.
Sajongjonan anteng ngangon lamunan. “ Nampi abdi nikah ka Astuti binti Haji
Maknul sareng mas kawin saparangkat alat solat dibayar kontan”. Sora manéhna
ngagebahkeun lamunan kuring. Cimata
murubut, jadi saksi jatuk rami
manéhna jeung sobat kuring.
Fikmin #Kabaya Brukat Bodas#24
Diteuteup, diusap, diréndéngkeun jeung samping kebat sidomukti. Kabaya brukat bodas nu salila dua puluh tahun ngan ukur aya dina sawangan, isukan baris dipaké pikeun nutup mangsa lalagasan. Mungguhing Gusti nu ngatur jodo, pati,bagja, cilaka manusa.
Diteuteup, diusap, diréndéngkeun jeung samping kebat sidomukti. Kabaya brukat bodas nu salila dua puluh tahun ngan ukur aya dina sawangan, isukan baris dipaké pikeun nutup mangsa lalagasan. Mungguhing Gusti nu ngatur jodo, pati,bagja, cilaka manusa.
Fikmin
#Bati Sono#25
Sora panto diketrok. Gura giru muru panto, tuluy dibuka. Barang bray…Kalangkang anjeun ngabedega hareupeun panto. Kuring hareugeueun.Teu kungsi dibagéakeun. Angin kaburu nyinglarkeun lamunan. Mawa anjeun ilang tina paneuteup.
Sora panto diketrok. Gura giru muru panto, tuluy dibuka. Barang bray…Kalangkang anjeun ngabedega hareupeun panto. Kuring hareugeueun.Teu kungsi dibagéakeun. Angin kaburu nyinglarkeun lamunan. Mawa anjeun ilang tina paneuteup.
Fikmin #Talatah#26
Kasaha deui nitipkeun geter kasono? Talatah ka
angin, ka lambak, weléh teu mawa balesanna. Naha teu tepi atawa anjeun teu
surti? Simpé peuting jadi saksi, kumaha nalangsana kuring nandang kasono nu beuki
rongkah ‘na dada.
Fikmin #Teungteuingeun#27
Tepung deui jeung
peuting nu matak rungsing. Hiliwir angin lapur teu mawa deui balesan ti anjeun.Keclak
cihujan siga nu ngaléléwé. Simpé peuting
ngan ukur bisa nyaksian haté nu beuki nalangsa. Kumaha mapalérkeun kasono, kitu
lain kieu salah? Ngadak-ngadak cakcak nyora pating témbalan siga nu mupuas.
Fikmin #Jang Ukém#28
Rupa teu kasép.
Gawé teu boga. Tapi loba awéwé nu mikahayang. Meuli-meuli manéhna. Diajak
pelesir ka dayeuh.Dipangmeulikeun baju, calana, sendal, jeung sajabana. Ginding ku paméré awéwé. Teu
ambil pusing, “Lain urang ieuh nu ménta”, pokna. Nepikeun Nyi Ilis randa anyar
mah wani nanggung kabéh waragad, asal bisa kalaksana kawin jeung manéhna.
Fikmin#
“Bapa kapiuhan nuju
rapat, ayeuna dicandak ka rumah sakit,” nu ngabéjaan tina telepon. Teu puguh
rampa, teu puguh cabak. Cikénéh nganjang. Disampakkeun luh lah kasusah kuring.
Kari-kari ayeuna aya béja bapa kitu. Gesat gesut, tuluy muru rumah sakit.
Kasampak bapa ngagolér di ruang ICU. Kuring ngan ukur bisa ceurik bari teu
weléh ngadoa. Pamugi bapa dipasihan kakiatan sareng kasabaran. Katingal bapa
ngulisik, sadar. Pili genti nemonan bapa. Teu katingal tapak-tapak tos
kapiuhan. Bapa jarégjég jagjag deui.
Nyariosna jelas bari teu weléh imut. Ngaregregkeun kuring. “Bapa mah teu
nanaon, tuh karunya mah nu gigireun teu sadar-sadar,” walonna.
Fikmin #Bulu
Borang#29
Katelah jelema
wanian. Teuneung ludeng. Teu sieun ku jurig, malah ditangtang gelut. Kitu ogé ka
jelema, sahaok kadua gaplok. Euweuh kasieunna. Tapi kaayaanna ayeuna robah 360
darajat, tong boro ku jurig atawa jelema dalah ku cucunguk gé murungkut sieun.
Kitu kajadian téh saprak bulu borangna dicabutan ku pamajikanna.
Fikmin #Leungiteun
#
Guligah. Samar polah. Haté geus kumejot hayang geura tepung. Cangkeul
beuheung sosonggéteun, nu ditungguan teu jol-jol waé. Sapoé, dua poé, nepi ka
saminggu, Lapur euweuh iberna. Duh…kamana atuh sakadang ideu?
Fikmin #Draw#30
Hampura mun kuring geus ngagambar tatu dina haté anjeun. Bongan anjeun
datang dina mangsa nu salah. Mangsa haté geus baal alatan kapeurih. Kalimpudan
bangbaluh alatan jalir janji anjeun. Panto haté geus kakonci ku kuciwa nu
kacida. Hésé deui muka lawang haté pikeun tresna anjeun ayeuna. Anjeun ngarasa nyeri,
peurih jeung kuciwa? Draw ..hiji-hiji ari kitu mah!
Fikmin # Nu Rék Meuli Tali Sapatu#31
Poé maju ka peuting. Hujan ngaririncik maturan léngkah. Sora bangkong silih
témbalan. Kica-kica nyaangan tatapakan. Leumpang tungkul milihan jalan nu pinuh
ku cileuncang. Haté ngarakacak, ras kana nasib diri. Sapoé bieu usahana teu bebenangan. Tali sapatu
daganganna euweuh nu nawar-nawar acan.
Kasawang isukan barudak kapaksa kudu puasa deui. Teu bisa meli béas. “Ah
..sugan wé ayeuna aya nu meuli”, gerentesna. Enya wé, palebah péngkolan, aya nu
megat. Awéwé dibaju bodas. “Kang, mésér tali sapatuna”, sorana awor jeung angin
nu dumadakan nyéor. Kaatoh aya nu rék meuli kagebahkeun ku selengsengna bau
menyan kaanginkeun, muridingkeun bulu
punduk.Teu dipiroséa deui nu rék meuli, ngabecir lumpat satarikna!
Fikmin# Katurelengan#
Sakilat dangdanan Nyi Utih robah lir
putri. Matak kalinglap, jauh jeung dangdanan sapopoé nu rudin jeung teu matut.
Embér robah jadi mobil alus kumplit jeung supirna. Pikeun nganterkeun manéhna
ka pasamoan. Sadatangna Nyi Utih teu leupas ti paneuteup reueus sakabéh nu aya.
Pada nyalaman, pada nanya, euweuh saurang gé nu teu ngabagéakeun manéhna,
kaasup Dén Jaka nonoman nu boga hajat. Ngantep sémah nu lain uplek ngobrol
jeung Nyi Utih. Peuting éta Nyi Utih jadi puseur kaéndahan. Teu karasa waktu
beuki nyérélék, Treng, jam disada 12 kali nandakeun Nyi Utih kudu buru-buru balik. Gura giru indit sabada
amitan ka Dén Jaka nu hookeun dipungkas obrolanna. Lebah tétécéan, selopna
tikudawet kana tungtung baju. Gedebut…Nyi Utih labuh. Les, kapiuhan lila pisan.
Barang sadar karasa awakna baseuh jeung bau leutak. Kuniang hudang. Gap kana
émbér nu karék saparapatna kaeusian tutut. Tuluy buru-buru hanjat kana
galeungan.
Fikmin # Carécét#
Bagja taya papadana sabada nampa kado ti manehna. Kado nu dibungkus kertas
kayas. ‘Hatur nuhun, Kang”, walon kuring daria. Manéhna ukur imut. Panasaran
hayang buru-buru muka, hayang apal naon eusina. “Ulah waka dibuka ayeuna, engké
wé upami Akang tos wangsul”. Manéhna nyaram kuring nu katingali rék nyoékeun
bungkusan kado.Teu kungsi lila manéhna amitan. Buru-buru kuring muka kado. Breh,
carécét bodas jeung salambar kertas. Tuluy
dibaca, sapanjang maca cimata teu karasa maseuhan pipi, haté asa disebitan
hinis. Nyeri peurih teu kawengku. Carécét baseuh ku cimata. Satamatna maca kuring
ngan bisa gegelendeng. Sugan téh kado naon wé, horéng nitah kuring maca carpon
anyarna. Beu !!!
Fikmin #Paingan atuh#
Panasaran nelepon deui manéhna, sugan ayeuna mah hénponna aktif. Enya wé
aya nyambung, ngan teu lila jol pegat. Dicobaan sakali deui, malah ayeuna mah
kalah teu aktif. Bosen ti isuk mula teu hasil nelepon. Hénpon dibalangkeun kana
kasur. Ambek nyaliara ‘na dada. Naha geus embung kitu nampa telepon ti kuring?
Béda ti sasari, manéhna nu sok remen nelepon. Majar ukur hayang ngadéngé sora
kuring. Ari ayeuna kaayaanna ti balik. Lep les tara aya pisan nelepon, malah
ditelepon gé tara ieuh daék nampa.Komo diSMS mah lapur tara dibalesan. Kring,
hénpon disada. Geuwat diboro. Sidik pisan ti manéhna.”Halo, dupi ieu sareng
saha, naonna pun lanceuk, naha neleponan sareng ngintunan SMS waé?” sora awéwé
tina telepon. Hate mentegeg. Teu hayang
ngajawab, hénpon gancang dipaéhan. Lung deui kanu kasur.
Fikmin # Ukur lagu#
Gurat-gurat katineung mapaésan ungkara. Karasa anteb. Najan ngan ukur dina
lagu. Mapaykeun lamunan ti unggal juru ingetan. Pili genti némbongan. Mangsa
dimana tresna anjeun kacida mangkakna. Ayeuna kari tinggal waasna. Anjeun geus lunta ninggalkeun haté nu gudawang. Muru
panganjrekan haté nu lian. Nu ceuk anjeun leuwih tingtrim, leuwih mawa bagja.
Nu leuwih modéren tibatan kuring, awéwé kampung bau lisung. Beuki lila lagu
karasa beuki nyasaak haté, nyeri peurih teu kawengku. Cimata marengan rénghapna
lagu, laju nepikeun ka panuntung. Nalangsa!
Fikmin # Kulawu #
Ngumbara ka salaksa sawangan. Nyungsi pasini nu kungsi kedal. Lapur, angin
geus nyinglarkeun jauh ka alak paul. Tresna ngan ukur bisa kapidangdam. Ngajadi
papaés juru haté nu méh rajét. Salawasna. Sawatara, anjeun hiber teunangan nyesueupan
sari ti kembang ka kembang.
Fikmin #Batur Ulin#
Bosen nambakeun budak ka indung beurang. Si bungsu angger rungsing jeung
ogo waé. Tara anteng najan cocoan jeung jajaneun diaya-ayakeun. Ngan anéh, poé
ieu mah budak téh teu rungsing jeung ogo. Malah anteng ulin di pipir. Panasaran
diintip. Gebeg, katingali budak keur ocon jeung oray nu sakitu gedéna. Euweuh riuk-riuk sieun,
malah diusapan jeung digaléntoran. Sakedapan ukur reuwas jeung hookeun. Tuluy lumpat
muru ka pipir. Kadéngé aya nu datang, oray ngulisik ngaléor asup ka kebon. Teu
dipaliré deui, budak buru-buru dirawu, diais. Budak teterejel bari gegeroan,
nyambat oray.
Fikmin # Sono Nu Lain #
Najan anjeun can kungsi wakca. Haté moal nyalahan.
Fikmin # Jeroeun Kulkas #
Haté rajét nu geus lila diteundeun, ngabatu ngajadi és. Hésé dikoét,
dicokél. Iwal asih nu wening nu bisa ngaleyurkeunna. Ngan, teuing ting saha
jeung iraha !
Fikmin # Nguseup #
Lung, Jeujeur dialungkeun ka tengah balong. Gék diuk nyarandé kana tangkal
cau. Nungguan eupan disantok lauk. Lila eupan teu disanggut waé, lenggut
nundutan. Sora ting kocépat ngahudangkeun. Rungah ringeuh ningali jeujeur nu
menod. Laju ditarik. Bréh, lauk kancra nu gedé. Lauk teu buru-buru dicokot ukur
dipelong. Kadéngé sora awéwé semu ngalengis,
“Énggal geura laan useupna, biwir abdi tos nyeri, kang…”, sidik pisan kaluar
tina sungut lauk.
Fikmin # Leungit Ali #
Sisi jalan nu beulah kénca can puguh bérés, sésa ngagali pabalatak kénéh. Ayeuna nu beulah katuhu geus mimiti deui digali. Remen pisan jalan diubrak-abrik. Kandaraan jadi hésé usik. Macét unggal waktu. Matak aral nu rusuh. Majar ceuk béja mah keur néangan ali Juragan nu leungit. Alatan murag kana jero wésé, tuluy palid kebat muru kokocoran cai nu aya dina jeroeun jalan. Aya bahan salila can panggih mah jalan bakal tuluy digali nepikeun ka tuntung dayeuh nu brasna ka walungan.
Sisi jalan nu beulah kénca can puguh bérés, sésa ngagali pabalatak kénéh. Ayeuna nu beulah katuhu geus mimiti deui digali. Remen pisan jalan diubrak-abrik. Kandaraan jadi hésé usik. Macét unggal waktu. Matak aral nu rusuh. Majar ceuk béja mah keur néangan ali Juragan nu leungit. Alatan murag kana jero wésé, tuluy palid kebat muru kokocoran cai nu aya dina jeroeun jalan. Aya bahan salila can panggih mah jalan bakal tuluy digali nepikeun ka tuntung dayeuh nu brasna ka walungan.
Fikmin # Surabi jeung Matapoé #
Ciibun ‘na tungtung daun, suda lésot, nunggu réma matapoé noél ku haneutna.
Hanjakal nu ditungguan kalah nyumput satukangeun halimun. Hawa nyecep nyiwitan
kulit, nu morongkol beuki nyusup
handapeun simbut. Nambah-nambah alesan nu pangedulan. Lain deui caritana Ma
Iti, nu ngadadak jadi hareudang. Pada ngariung. Pakupis ngeusian panyorbén bari
ngasur-ngasur suluh. Nu rék ka sawah, ka pasar, nu muru gawé kabéngbat panasna
hawu, ngahaja ngadon siduru heula bari ngopi surabi. Adonan nu biasa lila rék
béakna, ayeuna tinggal baskomna. Teu kungsi garingeun dipolototan matapoé.
Fikmin # Hayang
Amprok #
Poé maju ka magrib langit ceudeum nandakeun rék hujan. Teu kungsi lila ngagebrét. Ampir dua jam kuring cindeluk nungguan giliran, kesel jeung cangkeul teu dirasa bakat hayang amprok jeung manéhna, padahal mah karék minggu kamari jonghok. Élékésékéng, hayang geura panggih. Paneuteup teu lésot tina panto. Sakapeung ngarérét jam nu naplok ‘na témbok. Waktuna amprok, manéhna teu loba nyarita. Kapanasaran can kabéh kabudalkeun geus nitah kuring kaluar ti rohanganna. Bati ngalelengkur nungguan mangjam-jam, ngan ukur paguneman teu leuwih ti lima menit jeung salambar kertas resép nu kudu dibeuli..!
Fikmin # H #
Ukur bisa nuliskeun ratusan aksara“H’ dina kertas kayas. Nganteur rasa nu
marengan rénghap tiap ngucap “H”. Rasa nu geus nganteurkeun lalakon dina
pangimpian. Nu hamo bisa kasorang. Jauh tina udagan. Sabab, waktu geus
ninggalkeun méméh bagja kapimilik.
Fikmin # Inbox #
Barang bray muka fésbuk, katingali angka 1 beureum handapeun tanda pesen. Atoh.
Sugan wé balesan nu didago-dago. Panasaran dibuka. Gebeg, kabaca tulisan “ Lalaki Tunggara …Akang sono! 5 menit
yang lalu”. Siak, bulu punduk ting
sariak, késang tiis maseuhan tarang, awak ngadégdég. Gancang-gancang komputer dipaéhan.Hujan masih ngaririncik. Peuting
karasa beuki keueung. Narima pesen ti manéhna, nu karék kamari maot.
Fikmin # Tah Geuning….#
Biur mobil muru alamat nu rék dijugjug.
Palebah jalan cagak rada bingung kudu méngkol kamana, ka katuhu atawa ka
kénca. Rék nanya euweuh saurang gé nu ngulampreng. Béca ngajalugrug sisi jalan
tapi teuing kamana nu bogana. Tina kaca spion katingali aya lalaki
rentang-rentang nyamperkeun mobil. “Tah geuning kabeneran aya nu liwat”. Kaca
buru-buru dibuka. Can gé pok nanya, manéhna geus miheulaan ngomong, “Tah
geuning!” Kituna téh bari malédogkeun sapelastik runtah kana beungeut, tuluy
lumpat bari seuri nyikikik. Reuwas jeung hookeun. Teu lila, jul jol jelema
nyalampeurkeun, horéng ti tadi mah nyararumput da sieun kunu gélo anyar.
Fikmin # Nu Datang Saliwat #
Hénpon teu nyora deui. Siga suda mawa iber ti anjeun. Taya deui kecap
kasono jeung asih nu remen mapaésan haté. Ngan ukur saliwatan migandrung. Peuting
beuki karasa simpé. Neuleumkeun kuring kana sagara nalangsa. Anjeun, anteng
nganteur kasuka. Ngumbar lagu katresna.
Fikmin # Sabada
Ngider #
“Racun
tumbilaaa…racun beuritttttt..!” sorana beuki peuyeuh. Ngiderkeun daganganna ti
lembur ka lembur. Tapi, euweuh saurang gé nu meuli. Nepi ka tungtung lembur
karasa awakna beuki lungsé. Handapeun tangkal mahoni, manéhna reureuh. Diuk
ngalungsar bari rumahuh. Soréna, saeusi lembur geunjleung, aya mayit dina
handapeun mahoni. Leungeun katuhuna
nyekel pelés kosong nu aya gambaran beurit.
Fikmin # Tajongan
Édas #
Békam iceus naker mawa bal. Bisa ngaliwatan dua pamaén tukang nu
ngahalangan lumpatna. Hareupeun gawang bal ditajong satarikna. Kiper sayaga rék
nahan bal. Tapi, kalah ngagoak bari
meungpeunan beungeut. Bal lapur teu katéwak. Békam ukur nyengir bari nunjuk
sukuna nu kari dikaos kaki.
Fikmin # Potrét Isuk-isuk #
Di harepeun émpér toko. Barudak sapantaran anjeun garogonjakan sabot
nungguan angkot rék ka sakola. Sawatara, anjeun masih morongkol tibra disimbut
kardus. Sanggeus sapeupeuting lumampah néangan keur eusi beuteung.
Fikmin # Bongan Urang Paanggang #
Aya hariwang maturan
jemplingna peuting. Haté hésé dipapalérkeun, kumalayang marengan datangna
karingrang. Ngan ukur bisa neuteup foto anjeun pikeun nyinglarkeunna. Cimata
marengan rénghap. Foto ditangkeup, digaléntoran. Anjeun angger ukur imut. Taya
sora. Taya ringkak. Teu robah. Peuting maju ka mumunggang. Kahariwang beuki
rongkah ‘na dada. Nu anggang lapur taya iberna. Teuing kamana, teuing dimana,
teuing jeung saha. Teuinggggggg !!!
Fikmin # Otél #
“Néng, geulis...” ceuk Si Jajaka ka Nyi Mojang.
“Kah… aya naon Aa?” Walon Nyi Mojang alon.
“Ih…gemes!” Ceuk Si Jajaka bari noél cangkéng Nyi Mojang.
“Ahh…géték atuh Aa!” Nyi Mojang semu ogo.
“Gétéknya geulis?” Tanya Si Jajaka, kituna téh bari noél deui.
“Aaahh…si Aa mah..!" Nyi mojang ngadelék.
Ningali polah Nyi Mojang, Si Jajaka kalah beuki ngahajakeun noél.
"Ihh...ceuk nyai géték, géték!” ngomong kituna téh bari jung nangtung, tuliuy lumpat. Sakedapan Si Jajaka ukur olohok. Tuluy buru-buru ngudag Nyi Mojang. Nu diudag kalah beuki tarik lumpatna. Si Jajaka teu cicingeun, tuluy ngudag deui. Saterusna, Si Jajaka jeung Nyi Mojang silih udag dinu luhur suhunan, bari pahereng-hereng.
“Néng, geulis...” ceuk Si Jajaka ka Nyi Mojang.
“Kah… aya naon Aa?” Walon Nyi Mojang alon.
“Ih…gemes!” Ceuk Si Jajaka bari noél cangkéng Nyi Mojang.
“Ahh…géték atuh Aa!” Nyi Mojang semu ogo.
“Gétéknya geulis?” Tanya Si Jajaka, kituna téh bari noél deui.
“Aaahh…si Aa mah..!" Nyi mojang ngadelék.
Ningali polah Nyi Mojang, Si Jajaka kalah beuki ngahajakeun noél.
"Ihh...ceuk nyai géték, géték!” ngomong kituna téh bari jung nangtung, tuliuy lumpat. Sakedapan Si Jajaka ukur olohok. Tuluy buru-buru ngudag Nyi Mojang. Nu diudag kalah beuki tarik lumpatna. Si Jajaka teu cicingeun, tuluy ngudag deui. Saterusna, Si Jajaka jeung Nyi Mojang silih udag dinu luhur suhunan, bari pahereng-hereng.
Fikmin # Kamar 405 #
Sup ka jero rohangan nu
dicét sarwa bodas. Lampu ngempray nyaangan rohangan nu teu pati lega. Ranjang,
dua ngajajar diwatesan hordéng bodas. Dina tihang deukeut ranjang ngagarantung
botol pelastik eusi cai inpusan. Selang ting arambay, jadi liliwatan cai nu
ragrag sakeclak-sakeclak muru jarum nu nanceb kana urat leungeun. Wadah oksigén
siraheun. Dina ranjang kadua nu disepréan lawon bodas, waruga nu teu walakaya
ngagolér. Ngalempréh, pasrah digulang gapér dokter jeung suster. Kuring ukur
bisa neuteup, cimata murubut marengan gerendeng haté. Neneda pitulung
Manten-Na.
Fikmin # Ngan Sapoé #
Nurih haté ku congo
ungkara nu pinuh kaéndahan. Mapaésan haté ku gurat-gurat pangharepan nu ukur
pupulasan. Ngan ukur sapoé kedal kanyaah ditebrakeun. Nyésakeun peurih ‘na haté
nu gudawang.
Fikmin # Gara-gara Si
Sarimin #
“Goblog téh, wani-wani ngusir aing, Sarimin! Pira gé milu cicing hareupeun imah. Teu nyaho manéh, imah aing gé leuwih gedé batan imah manéh! Mobil aing gé aralus aya opatna.Ngan gara-gara si jurig Sarimin nipu tah, kabéh ledis. Pék, rasakeun siah, isuk pagéto manéh aya nu nipu moal jauh nasib manéh bakal siga aing!” Jung kuring nangtung bari ambek teu poho najong panto pager heula. Tuluy leumpang ka kalérkeun, ambek ka si Sarimin ukur bisa gegerendeng. “Goblog!” Kaléng ditajong satarikna. Kop kana batu, belewer dibalédogkeun kanu ngaliwat, bongan melong waé. Barudak sakola katempo sarieuneun basa kukuring dipelong, bongan maranéhna maroyokan. Ngan teu lila maranéhna kalah nyurakan kuring, leumpang gé jadi asa dikendangan. Genaheun ogé, tungtungna kuring ngaréngkénék ngigel dikendangan surak barudak nu ngabring-ngabring nuturkeun. Ari ngalieuk ka tukang, horéng si Sarimin ogé geus ngéngklak bari sarua maké pakéan rewag-rewig..."
“Goblog téh, wani-wani ngusir aing, Sarimin! Pira gé milu cicing hareupeun imah. Teu nyaho manéh, imah aing gé leuwih gedé batan imah manéh! Mobil aing gé aralus aya opatna.Ngan gara-gara si jurig Sarimin nipu tah, kabéh ledis. Pék, rasakeun siah, isuk pagéto manéh aya nu nipu moal jauh nasib manéh bakal siga aing!” Jung kuring nangtung bari ambek teu poho najong panto pager heula. Tuluy leumpang ka kalérkeun, ambek ka si Sarimin ukur bisa gegerendeng. “Goblog!” Kaléng ditajong satarikna. Kop kana batu, belewer dibalédogkeun kanu ngaliwat, bongan melong waé. Barudak sakola katempo sarieuneun basa kukuring dipelong, bongan maranéhna maroyokan. Ngan teu lila maranéhna kalah nyurakan kuring, leumpang gé jadi asa dikendangan. Genaheun ogé, tungtungna kuring ngaréngkénék ngigel dikendangan surak barudak nu ngabring-ngabring nuturkeun. Ari ngalieuk ka tukang, horéng si Sarimin ogé geus ngéngklak bari sarua maké pakéan rewag-rewig..."
Fikmin # 76 #
Diayun ambing
kabingung. Dipépéndé nalangsa haté.
Kahayang ukur udagan. Hamo tinekanan. Antara anjeun jeung kuring, lir ibarat
langit jeung bumi.
Fikmin # Buaya #
Najan nyamuni jadi
sinatria. Sifat mah moal bisa dibun-buni. Remen ngadodoho korban pikeun
dimangsa.
Fikmin # Di Jero Toko #
Kesel dipelong waé,
ditutur-tutur kamana kuring ngaringkang. Matak teu jongjon milih balanjaan. Kabeneran
manéhna nyamperkeun, bari jamotrot. Teu anta parah deui,“Jekok, jekok!” Peureup
buleud kuring ngahanca cukang irungna. Manéhna ngajengkang. Gubrag, nyangsaya
kana erak wadah botol inuman. Eusina raragragan
ninggang sirah manéhna nu keur humarurung ngarasakeun irungna. Botol inuman
pabalatak, sawaréh peupeus. Geutih nyakclakan tinu irungna. Sirahna bancunur
katinggang botol. Manéhna beuki humaregung. Kuring seuri sugema. “Rasakeun
siah, puas tah, wék dor!” Kuring ngaléos ninggalkeun manéhna nu keur diririung.
Karék gé lima léngkah, leungeun aya nu néwak. Ari dirérét, Satpam. “Punten,
Néng kedah ngiring ka kantor heula, kanggo interogasi.” Kuring ukur unggeuk, teu
bisa ngalawan. Kuring dicangkalak digiringkeun ka kantor. Nu ningali ting
kecewis, “ Teu sangka geulis-geulis, wanian pisan nenggel ménéjér toko.”
Fikmin # Pileuleuyan #
Méga kulawu mindingan teuteup bulan. Peuting nu simpé. Haté suda
ngagerentes. Bongan diturih,tatu. Galécok sono, suwung. Geus lila teu nganjang
ngaharéwos. Ninggalkeun tapak nineung. Kalangkang ukur saliwatan datang. Ilang
bareng jeung hiliwirna angin. Mangsa ngarobah bagja jadi cimata.
Fikmin # Kasaréan #
Cluk clak cihujan marengan léngkah. Poé geus maju ka poék. Leumpang
rurusuhan muru terminal. Sieun tinggaleun beus panungtung. Kasampak beus ngajugrug
kénéh. Kalacat naék, milih korsi panghareupna sisi jandéla, beulah kénca. Beus
kosong kénéh. Can loba nu numpak mah beus tara waka indit. Sabot nungguan,
nundutan. Tuluyna tibra bakat ku capé. Hudang sotéh digeuingkeun ku konéktur.
Buru-buru ngodok saku, nyokot duit keur mayar. Song, diasongkeun ka konéktur.
Konéktur teu nampanan kalah seuri. “ Teu kedah mayar Ceu, beusna gé da teu acan
maju, mogok. Digugahkeun sotéh pédah Euceu tos lami teuing kulemna.” Rungah
ringeuh, tuluy turun. Hujan ngagebrét. Toko geus narutup. Nu daragang geus
méréskeun daganganna. Rét kana jam nu naplok dina témbok terminal.
“Astagfirulloh, geus jam 12 peunting, kumaha balik, geus euweuh tutumpakan?”
Ngolébat beungeut si bungsu nu keur gering parna dina aisan lanceukna.
Fikmin # Sleeping Beauty #
Sanggeus pagawéan di imah bérés. Gura giru muru walungan. Rék nyeuseuhan.
Pagawéan nu geus biasa keur Anah saprak manéhna ditundung ku indung téréna.
Hirup nyorangan di sisi lembur. Jauh jeung kadang baraya. Bérés nyeuseuhan tara
buru-buru balik. Cicing niis handapeun tangkal kérsen bari nungguan garing
seuseuhan nu di poé dina luhureun batu. Dibaturan ku ucingna nu satia. Angin
ngahiliwir, nganteurkeun pitunduheun. Anah ngalenggut, tibra. Sora daun kérsen
katebak angin beuki mépéndé. Kotoplak sora sapatu kuda. Reg, eureun lebah
tangkal kérsen. Nonoman gagah tur kasép turun tina kuda. Nyampeurkeun Anah nu
keur tibra. Sajongjongan ukur neuteup bangun deudeuh. “ Ieu geuning jungjunan
panutan ati nu lila ditéangan téh, “ gerentesna. Brek, deku. Beungeutna
dideukeutkeun kana beungeut Anah.
Celengok, nyium pipi Anah. Anah nguliat, mélététkeun matana. Gurinjal, reuwas
ningali aya nonoman di hareupeunna. Buru-buru hudang. Gigisik. Barang
bray, euweuh sasaha. Ukur ucing nu luncat
tina dadana, asa kagareuwahkeun.
Fikmin # Ambek #
SMS nu kaopat dikirimkeun. Lapur deui euweuh balesanna. Nyobaan
ditelepon, hapéna teu aktif. Nyel, ambek. “Brak!” méja digebrag satarikna.
Cikopi bahé, ngalayah maseuhan méja. Keleweng gelasna dipangpéngkeun. Belingna
pabalatak ‘na ubin. Taplak méja dirorod, dialungkeun. Can béak kaambek. Sagala
nu nyampak dialung-alungkeun. Tengah imah jadi pabalatak. Panungtung, hapé
dibeubeutkeun. Nempo hapé ancur paburincay, jol rasa kaduhung. Halah...kumaha bisa
ngaSMS jeung nelepon deui manéhna?
Fikmin # Halik Tah…#
Tengah peuting, malem Jumaah. Di luar, anjing ragég. Paralak, sora kesik mawur luhur kenténg.
Angin ngagelebug. Bray, jandéla muka. Sérélék, hordéng nyingkab. Geblug, panto
nutup tarik pisan. Pes, lampu pareum. Aya nu kokolébatan bodas di tengah imah.
Dibarengan seuri nyikikik. Laju nyamperkeun kanu keur diuk hareugeueun,
hareupeun komputer!
Fikmin # Dina Angkot #
Ngahaja milih
angkot téh nu kosong kénéh ngarah salsé mun nelepon jeung SMS-an. Palebah
sakola, angkot eureun, nungguan bubar. Enya wé, teu kungsi lila barudak minuhan
angkot. Kuring, pangkolotna, nyempod bari ngabandungan obrolan barudak. Ramé
gogonjakan, saruka bungah. Kuring ukur ngabandungan. Teu lila, jep jempling.
Barudak anteng nyoo hapéna séwang-séwang. Lain nu murah, kabéh gé kaluaran
anyar. Abong urang kota jeung anak jelema aya. “Kriinggg…,” sora hapé. Barudak
silih rérét bari seuri ditahan. Hapé terus disada. Kuring api-api nundutan.
Hapé teu nyora deui. Tayohna mah terus pareum, béak batréna. Abong hapé jadul.
Fikmin # Hujan
Munggaran #
Hujan anteng ngepris. Ngahariringan wanci nu ngarayap ka peuting. Disaliksik angin Fébruari. Keclakna nganteur ludeung asruk-asrukan dina lamunan. Aya geter rosa naker ngorag-ngorag pucuk rasa. Mangrébu kecap nu ngawirahma angger pageuh muntang na elak-elakan. Teu bisa kedal. Basa léngkah beuki anggang, rét ka tukang. Sasemplak haté tinggaleun di kios roko nu rambisak ku cihujan.
Hujan anteng ngepris. Ngahariringan wanci nu ngarayap ka peuting. Disaliksik angin Fébruari. Keclakna nganteur ludeung asruk-asrukan dina lamunan. Aya geter rosa naker ngorag-ngorag pucuk rasa. Mangrébu kecap nu ngawirahma angger pageuh muntang na elak-elakan. Teu bisa kedal. Basa léngkah beuki anggang, rét ka tukang. Sasemplak haté tinggaleun di kios roko nu rambisak ku cihujan.
Fikmin # Tembang
Peuting #
Diuk ‘na balé-balé disaksian
teuteup bulan. Nyawang lalakon antara anjeun jeung kuring. Bruh bréh pating
jorélat gambar pulas kayas. Matak nineung. Angin ngadangding nembangkeun
éndahna peuting. Nambah anteng ngencarkeun lamunan. Hiliwirna ngayun ngambing
kasono ‘na dahan katineung. Léokna ngawirahma marengan geter rasa. Beuki lila…
geter ngagumuruh. Nurih kamelang ‘na congo haté. Aya kainggis, aya karémpan, dahan
peunggas méméh sono ngabuah bagja.
Dina tungtung hujan
aya tungtung réma anu lalancip, niiran imut, lajeng dipangpéngkeun kana lebah héhérang
panon Engkang. Teu wasa neuteup. Ah, ukur haté nu guntreng sorangan.
Fikmin # Nu
Ninggalkeun Gedong #
Ngincid dipayung muru
jalan gedé. Payung pageuh dicekel. Hujan angin marengan léngkah, ninggalkeun
gedong nu mawa katineung. Teu dilieuk deui. Tonggoy leumpang, nyawang ringkang ‘na cileuncang.
Sakapeung payung lingkup kagebahkeun séorna angin. Hujan remen murakeun caina.
Awak rancucut, mucicid. Laju leumpang jeung haté nu beuki leuseuh. Peuting
ngulisik, mingkin mawa tunggara. Ngajurung keclak cimata nu sili udag jeung
cihujan. Keclakna ngajadi saksi,
peurihna diturih pasini nu
sulaya.
Fikmin # Cikopi #
Cur, cai nu karék
ngagolak ninyuh kopi jeung gula dina cangkir. Dua séndok kopi, saséndok gula,
takeran nu geus biasa. Laju dikocék. Geus teu kaitung deui, sabaraha cangkir
cikopi nu geus dijieun salila welasan taun. Peuting ieu, cikopi nu jieun
dibarengan ku harepan. Sor, diasorkeun. Regot…regot…diselang ngelepus, bangun
nu ni’mat. Anteng neuteup haseup nu nyerebung.Teu maliré nu nangtung ngajentul
ningalikeun. “Kang…bade iraha atuh?”
Euweuh jawaban. Ukur haseup nu nyerebung. Laju ngaregot deui cikopi. “Kang...!“
Angger teu némbalan. “Moal waé kitu?” Rada teugeug. Nu ditanya kalah
ngabalieus. Ambek mecah, lumpat muru kamar. Gebrug!
Fikmin # Obrolan Beurang
#
Di hiji rohangan
ibu-ibu keur guntreng, silih témpas. Teu jauh ti ngagosip. Obrolanna robah jadi
daria pisan. “ Sakalian wé dipotong, ngarah gancang bérés mah,” Bu Imas nyelengkeung. “Is, ulah ari kudu
dipotong mah, pan urang butuh nu
panjang, hésé dipakéna nu pondok mah,” témpas Bu Icih.”Kumaha mun
dicangreudkeun wé atuh, ngarah aman mah,” témbal Bu Iroh. “ Dicangreudkeun mah jadi
kapendet, moal lancar ngaluarkeun eusina. Geus wé lah, dicocokan liangna ngarah teu cur cor kamana
baé, barangna tetep teu robah!” Bu Icih mungkas obrolan. “ Enyalah nu penting
mah masih bisa dipaké kénéh, aya gunana,” ibu-ibu saur manuk nyatujuan. Obrolan tamat. Riungan bubar. Ibu-ibu
katingali barungah, geus manggihan cara nu jitu.
Fikmin # Mangsa
Purnama #
Mangsa purnama. Mangsana
urang paturay. Dina tungtung teuteup Engkang, aya galindeng kapireng. Nganteurkeun
tresna nu wening. Geterna minuhan jajantung. “Nung… Engkang mios heula,” walonna.
Bangun nu beurat rék ninggalkeun. Kuring unggeuk teu wasa neuteup, ukur haté nu
guntreng sorangan. Réma pageuh pataréma. Niiran rasa. Ninggalkeun haté nu
bungangang. Tepung mangsa purnama, ukur aya kasono nu hamo kapapalérkeun. Tiiran
rasa nyasaak awak. Haté bungangang ngajadi gudawang, nandang nalangsa. Kasedih
nyimbutan pikir. Lambak ngajejewét pasini Engkang. Nilemkeun jauh ka dasar
sagara.
Fikmin # Kabaya Brukat Bodas #
Diteuteup, diusap, diréndéngkeun jeung samping kebat sidomukti. Kabaya
brukat bodas nu salila dua puluh tahun ngan ukur aya dina sawangan, isukan
baris dipaké pikeun nutup mangsa lalagasan. Seubeuh neuteup, kabaya tuluy
digantungkeun dina balik panto. Golédag kana kasur. Nyileuk. Tengah peuting.
Dadak sakala, angin nyéor tarik pisan teuing ti lebah mana datangna. Lampu rep
bray. Séak, bulu punduk ngadak-ngadak ting sariak. Rét kana panto. Gebeg.
Kabaya nu ngagantung euweuh ‘na tempatna. Kuring ngajerit. Ningali kabaya
gagayabagan di luhur lalangit kamar.
Fikmin # Kasilihkeun #
“Halik, nyalingkir ka ditu, geus teu kapaké, teu kajamanan!” haokna tegeg. Kitu petana téh ngarasa agul, pédah manéhna mah babari dipakéna, babari digunakeunna. Gawéna kesit jeung gancang. Komo ku kajamanan ayeuna nu sarwa modéren. Loba nu merlukeun, mopohokeun kanu sok biasa dipaké. Sééng nu geus lila tara ngésang balas ngakod aseupan, melenguk. Téténong ukur bisa mencrong awakna sésa dirangsadan beurit. Dulang gawéna ngan ngahuleng, nambru di juru jeung lulumpang. Halu ngarahuh bari ngagolér handapeun tolombong. Boboko said nalangsa, naplok ‘na témbok jadi sayang cucunguk. Kitu ogé nyiru nu ukur pasrah jadi tataheunan hakaneun lancah. Kabéh nganggur, taya gawékeuneun. Teu dipaliré. Teu diropéa. Geus lila ngan jadi pangeusi gudang.
“Halik, nyalingkir ka ditu, geus teu kapaké, teu kajamanan!” haokna tegeg. Kitu petana téh ngarasa agul, pédah manéhna mah babari dipakéna, babari digunakeunna. Gawéna kesit jeung gancang. Komo ku kajamanan ayeuna nu sarwa modéren. Loba nu merlukeun, mopohokeun kanu sok biasa dipaké. Sééng nu geus lila tara ngésang balas ngakod aseupan, melenguk. Téténong ukur bisa mencrong awakna sésa dirangsadan beurit. Dulang gawéna ngan ngahuleng, nambru di juru jeung lulumpang. Halu ngarahuh bari ngagolér handapeun tolombong. Boboko said nalangsa, naplok ‘na témbok jadi sayang cucunguk. Kitu ogé nyiru nu ukur pasrah jadi tataheunan hakaneun lancah. Kabéh nganggur, taya gawékeuneun. Teu dipaliré. Teu diropéa. Geus lila ngan jadi pangeusi gudang.
Fikmin # Alatan Dudé #
"Nyi nyaah jeung
béla teu ka Akang...?"
"Ih...nya puguh wé nyaah pisan" ceuk Nyi Ijah bari matana mah terus mencrong Dudé Harlino dina TV.
"Cik..atuh tarang Akang pang malurkeun ku balsem rada rieut yeuh!” ceuk Kang Komod bari nangoh.
Nyi Ijah teu loba omong, kop kana balsem doléwak balsem dicoél, maksudna mah rék malur tarang Kang Komod, bari mata mah angger mencrong TV..
"Haduhhhhhhhhhh…sujjjjjjahhhhhhhhhhh...hayang sina lolong mata aing!" Kang Komod ngagorowok lantaran Nyi Ijah salah ngabalur.
"Halah...hampura Kang Dudé, aéh Kang Komod..." ceuk Nyi Ijah rampa rimpi bari manjur beungeut Kang Komod ku cikopi.
"Ih...nya puguh wé nyaah pisan" ceuk Nyi Ijah bari matana mah terus mencrong Dudé Harlino dina TV.
"Cik..atuh tarang Akang pang malurkeun ku balsem rada rieut yeuh!” ceuk Kang Komod bari nangoh.
Nyi Ijah teu loba omong, kop kana balsem doléwak balsem dicoél, maksudna mah rék malur tarang Kang Komod, bari mata mah angger mencrong TV..
"Haduhhhhhhhhhh…sujjjjjjahhhhhhhhhhh...hayang sina lolong mata aing!" Kang Komod ngagorowok lantaran Nyi Ijah salah ngabalur.
"Halah...hampura Kang Dudé, aéh Kang Komod..." ceuk Nyi Ijah rampa rimpi bari manjur beungeut Kang Komod ku cikopi.
Fikmin # Tungtung
Katineung #
“Anaking… kahayang
mah mangnyieunkeun gedong sigrong keur ngiuhan hidep. Makéan hideup ku baju
alus tina sutra nu disulam emas. Mangmeulikeun barang-barang nu sarwa mahal.
Nyumponan sagala paménta jeung kahayang
hidep. Tapi batan sakieu pangaboga indung. Najan tisusut tidungdung ukur bisa
nyumponan keur eusi beuteung. Hampura ema anaking.” Bi Imik norowéco ngajak
ngomong budakna. Nu diajak ngomong ukur peureum teu kecét-kecét. Waruga badag
nu kari tulang sésa gering parna, teu lésot tina aisanna, ditangkeup pageuh,
digaléntoran.
Fikmin # Lalaki ‘na
Tungtung Hujan #
Malem Minggu. Hujan
ngecrek ti soré kénéh. Matak mugagkeun lampah. Didagoan raatna lain dagoaneun.
Rét kana arloji. Aya sajamna nungguan. Hanjakal teu mekel payung, haroréam ari
kudu huhujanan waé mah. Nu lain geus mimiti ninggalkeun gedong, gura-giru balik
najan kudu nyorang hujan.Tinggal kuring jeung manéhna nu masih cicing. Kuring
anteng maca. Kitu ogé manéhna. Pada-pada anteng. Rohangan beuki karasa simpé. Ukur
keclak cihujan nu nyora. “ Tos karaos, Nung?” Rungah ringeuh nyidikeun
asalna sora. Karérét teuteupna di satukangeun buku. Teuteupna leleb.
Nganterkeun asih nu wening. Hujan karasana beuki ngagebrét dina jajantung. Rasa
nu dilelebah salila dua bulan, ayeuna nyata karasa. Teu sanggup kedal ngajawab
pananyana. Haté pagaliwota, samar rasa. Kuring ukur ngaheneng bari ngulinkeun
ali meneng. Nu geus lila mapaésan jariji katuhu. Katalimbeng disaksian hujan.
Fikmin # Lalaki ‘na
Tungtung Hujan #
Malem Minggu. Hujan
ngecrek ti soré kénéh. Matak mugagkeun lampah. Didagoan raatna lain dagoaneun.
Rét kana arloji. Aya sajamna nungguan. “Hanjakal teu mekel payung, haroréam ari
kudu huhujanan waé mah” Ening ngarahuh. Nu lain geus mimiti ninggalkeun gedong,
gura-giru balik najan kudu nyorang hujan.Tinggal kuring jeung manéhna nu masih
cicing. Kuring anteng maca. Kitu ogé manéhna. Pada-pada anteng. Rohangan beuki
karasa simpé. Ukur keclak cihujan nu nyora. “
Tos karaos, Nung?” Rungah ringeuh nyidikeun asalna sora. Karérét teuteup Udi di
satukangeun buku. Teuteupna leleb. Nganterkeun asih nu wening. Hujan karasana
beuki ngagebrét dina jajantungna. Rasa nu dilelebah salila dua bulan, ayeuna
nyata karasa. Teu sanggup kedal ngajawab pananyana. Haté pagaliwota, samar
rasa. Ening ukur ngaheneng bari ngulinkeun ali meneng. Nu geus lila mapaésan
jariji katuhu. Katalimbeng disaksian hujan.
“Hanjakal teu mekel
payung, haroréam ari kudu huhujanan waé mah” Ening ngarahuh. Malem Minggu.
Hujan ngecrek ti soré kénéh. Matak mugagkeun lampah. Didagoan raatna lain
dagoaneun. Rét kana arloji. Aya sajamna nungguan. “ Hayu ah, kuring ti heula,”
Dadang gura-giru ninggalkeun gedong. Hayang buru-buru balik, najan kudu nyorang
hujan. Tinggal kuring jeung manéhna nu masih cicing. Kuring anteng maca. Kitu
ogé manéhna. Pada-pada anteng. Rohangan beuki karasa simpé. Ukur keclak cihujan
nu nyora. “ Tos karaos, Nung?” Rungah ringeuh nyidikeun
asalna sora. Karérét teuteup Udi di satukangeun buku. Teuteupna leleb.
Nganterkeun asih nu wening. Hujan karasana beuki ngagebrét dina jajantungna.
Rasa nu dilelebah salila dua bulan, ayeuna nyata karasa. Teu sanggup kedal
ngajawab pananyana. Haté pagaliwota, samar rasa. Ening ukur ngaheneng bari
ngulinkeun ali meneng. Nu geus lila mapaésan jariji katuhu. Katalimbeng
disaksian hujan.
Fikmin # Halah…! #
Ambek kanu jadi
mitoha, ngan teu wani pok. Gejlig indit. Pamajikan nuturkeun bari rawah-riwih. Sagala
dirumpak, sagala ditajong. Mudalkeun kaambek. Kaléng nu ngagolér di buruan
ditajong satarikna. “Pssttt…!” kaléng
ngabelesat ngaliwatan suhunan. “Hiung-hiung…” muntir. Teu lila, nyirorot. “Blug…!” “Aww…!” sora nu murag
dibarengan kocéak lebah pacilingan. Gura giru muru sora. “Abah…!’ Kasampak,
mitohana ngajurahroh di juru pacilingan. Tarangna bancunur katinggang kaléng.
Fikmin # Hujan jeung Sapatu
Anyar #
Wanci panon poé
satangtung. Cul ninggalkeun karesep, gatrik jeung babaturanna. Gura-giru balik
ka imah. Kasampak, indungna keur mémérés dagangan bawaeun manéhna ngider. Teu
kudu dititah deui, ayakan nu geus eusi dagangan disuhun. Tuluy mapay-mapay gang
nanawarkeun daganganna. “Karokéétttt… karokéétttt…!” Hiji dua nu meuli. Manéhna
sugema. Teu weléh nyéréngéh najan babaturanna ngaléléwé. ‘Na pikirna ukur
daganganna gancang payu. Sabaraha beubeunangan jeung buruh nu bakal katarima
keur ngeusian céngcélénganna. Langit ceudeum maturan léngkahna. Ngiderna beuki
jauh. Daganganna masih loba. Hujan mimiti pras-pris. Teu lila ngagebrét. Bajuna
baseuh. Plastik panutup daganganna geus pinuh ku cihujan. Teu reureuh ngiuhan tuluy
nanawarkeun. Sorana beuki nalangsa awor jeung sora hujan. Aya kahanjelu
sapanjang léngkahna. Sapatu anyar keur sakola kokolébatan nambah peurih matana
nu kakeclakan cihujan.
Fikmin # Kado keur
Bapa #
Gajih munggaran.
Nu kapikir hayang mang meulikeun kopéah jeung sarung weuteuh keur bapa.
Ngaganti kopéah jeung sarungna nu geus lalayu sekar pakéeun mun ka masigit. Teu
diengkékeun deui. Indit ka toko rék meuli kopéah jeung sarung nu pang mahalna.
Tuluy dibungkus dihadé-hadé maké kertas kado. Teu panasaran kudu méakeun gajih
gé. Nu penting bisa nyenangkeun bapa. Balik ka imah dibarengan rasa sugema.
Cita-citana bisa laksana. Tepi ka imah, rada ngarandeg. Karasa suwung. Langak
longok ka kamar, bapa teu nyampak. Tuluy ka dapur, ka sumur weléh teu panggih.
Naha kamana, tara biasana bapa kaluar ari lain waktu solat rék ka masigit mah.
Sapopoé ukur di imah, puguh rada teu séhat saprak ditinggalkeun ema. Tungtungna
diuk di téras hareup. Sajongjonan ukur ngahuleng. Kagareuwahkeun ku nu ngabring
muru ka imah. Pa Érté nu pangheulana nyampeurkeun téh: “Hampura teu kadagoan.
Geus bérés dikurebkeun ayeuna mah.”
Fikmin # Bangbarung #
Nampa béja Mang Udih
rék ngawinkeun deui, Bah Kamta rada ngaheruk. Sarua pada-pada boga anak parawan
tapi can kénéh ngawinkeun, ari Mang Udih ampir unggal taun. Tilu budak
parawanna garancang menang jodona. Isukna, katingali Bah Kamta keur mapalangan
bangbarung imahna. Tempat karesep anak parawanna ngadaweung.
Fikmin # Hariring Sisi Basisir #
‘Na amparan kikisik. Neuteup
ka jauhna. Lambak nu sili udag. Panon
poé nu mimiti surup. Angin ngahilwir, nu
mapaykeun rasa. Ngagalindengkeun tresna
antara anjeun, kuring, jeung manéhna nu diwatesan tungtung langit. Ukur
jadi sawangan, kairidkeun séahna lambak. Nyésakeun ngaran anjeun ‘na budahna. Nandakeun liwung.
Fikmin # Asih, Goréng
Jéngkol, Goréng Asin, jeung Sambel #
Lain ngahaja
nyingkahan. Komo niat teu ngawulaan. Sugan ku disingkahan, bisa mepes ruhak ‘na
dada. Pisakumahaeun rongkahna mun tuluy disanghareupan. Ukur unggeuk basa
dipéntaan idin. Nganteur indit cukup ku paneuteup. Salila paanggang, karasa
leungiteun. Taya nu ngawulaan jeung dikawulaan. Cikopi panas unggal isuk, soré,
jeung peuting. Sangu jeung deungeunna. Kukumbah wadah, bébérés imah jeung
nyeuseuhan. Imah karasa molongpong, simpé. Cicing di imah kolot lain betah.
Ngarumas teu siga di imah sorangan.
Nincak dua poé, beuki teu betah hayang mulang. Beurangna saged indit.
Sadatangna ka imah, terus masak. Teu pira ukur ngagoréng jéngkol, asin jambal
roti, tahu, numis kangkung jeung nyambel. Ambeuna minuhan imah. Ngajak nu anyar
datang gura-giru muru dapur. Kedeprukna, nungtun rérét. Kasampak teuteup leleb
dibarengan imut pinuh kaasih. Meper
haté, ruhak ‘na dada mimiti pareum.
Fikmin # Balada Tukang
Asongan Asin #
Hareupeun kamar panginepan nu katilu didatangan.
Cag, ngécagkeun boboko eusi rupa-rupa asin, tina aisanna. Tuluy nawarkeun ka
pangeusi kamar. “Kanggo oléh-oléhna, cumi-cumi, jambal, tarasi udang, mirah Néng!”
Nu ditawaran teu maliré, jongjon ngageberan awakna. “Jambalna dua puluh rébu, cumi-cumi
sapuluh rébu, wios tarasi mah lima rébu opat” pokna deui. Nu ditawaran angger
teu maliré. “Upami mésérna seueur, jambal lima belas rébu, cumi-cumi dua puluh
rébu tilu, tarasina sarébuan” teu eureun nawarkeun bari sakapeung nyusut késang
nu rembes handapeun dudukuy cetokna. Si Néng ukur ngarérét dagangan, bari
angger gegeber ku kipas. “Diical jinisna wé Néng ari badé mah, jambal opat
belas rébu, cumi-cumi lima rébu, tarasi lima rébu genep, Ibi peryogi keur
ongkos budak ka dokter. Karunya geus saminggu adug songkol waé nyeri beuteung”
sorana dareuda. Aya nu nyurungkuy hérang ‘na juru matana, beuki lila ngamalir luhur
pipina nu leuseuh karérab mata poé. Bati kekeleyengan nawarkeun dagangan ti
panginepan ka panginepan.
Fikmin # Muguhkeun Nasib #
Kapaksa ngadatangan kantorna hayang panggih,
hayang nyaho kumaha sikepna. Ngéléhan manéh, bongan jangji rék datang ka imah
sulaya waé. Satpam nuduhkeun rohangan nu kudu dijugjug. Di rohanganna teu
nyampak, laju ditelepon. “Antos sakedap, Engkang nuju rapat heula sareng
pingpinan.” Walonna ‘na telepon. “Mangga… diantosan di kantin nya Kang!” Muru kantin, milih diuk nyanghareupan lawang.
Ngarah gampang nyérangkeun nu datang. Geus satengah jam can jol waé, inuman
geus béak sabotol. Kapaksa pesen deui. Lima kali mesen! Mulak-malik majalah nu eusina
geus kabéh dibaca. Can aya jol baé. Gap,
kana hénpon nu titadi jempling maturan, sugan jeung sugan bisa nepikeun
panggero. Weléh. Hénponna teu méré ketak bisa ditepungan. Élékésékéng nahan
kakesel nu mimiti nyaliara. Ampir dua jam ngadadago, euweuh kembang-kembang
pidatangeun. Kakesel malih rupa jadi kaambek. Kasabaran geus ngaleuwihan
watesna. Jung, nangtung. Ngejat
ninggalkeun méja nu pabalatak ku botol inuman jeung panyoéhan kertas
ségel. Ngincid teu nolih deui gedong, nasibna geus puguh.
Fikmin #
Tinggal Kahayang #
Sok hayang balik deui ka mangsa keur budak. Mun keur gering harééng tara lésot tina aisan ema. Diayun ambing, dinangna-néngné. Diogo. Dipupuk suhun. Diparancahan sangkan gancang cageur. Ayeuna keur gering harééng kieu. Saha nu rék ngais, ngayun ambing, mupuk suhun jeung marancahan?
Sok hayang balik deui ka mangsa keur budak. Mun keur gering harééng tara lésot tina aisan ema. Diayun ambing, dinangna-néngné. Diogo. Dipupuk suhun. Diparancahan sangkan gancang cageur. Ayeuna keur gering harééng kieu. Saha nu rék ngais, ngayun ambing, mupuk suhun jeung marancahan?
Fikmin # Rusiah
Satukangeun Panto Kamar #
Sili tuturkeun
ka kamar. Panto ditutupkeun tuluy dikonci. Cetrék, lampu dipareuman. Guntreng
sakeudeung.
Rekét-rekét sora
pangsaréan. Jep, jempé.
Fikmin #
Leungsing #
“Nyi Ijah
Reuneuh…!” Cul-cel pabéja-béja. Éar salelembur. Nu matak jadi ibur, kulantaran
Nyi Ijah téh parawan, can boga salaki. Katambah ayeuna geus sababaraha
poé tara katingali ngaji ka madrasah atawa nyeuseuh di leuwi nu jadi pagawéanna
unggal poé. Nyi Ijah kaasup budak
lungguh jeung bageur. Tara ieuh sok ulin ubrang-abring kawas batur sapantarna
nu keur meumeujeuhna begér. Komo boga kabogoh. Sapopoéna ukur di imah
ngurus adi-adina. Indungna gawé di kota.
Bapa téréna geus saminggu indit teuing ka mana. Beuki lila, beuteung Nyi Ijah
beuki gedé. Kacurigaan tatanggana beuki
nataku. Teu narima mun di lemburna aya nu jinah. Opat puluh suhunan bakal
kacéprétan mamalana. Didongsok ku warga,
ahirna Tua Kampung ngadatangan imah Nyi Ijah rék nalék. Nu ditalék ngajawab
ukur gideug. Puguh teu rumasa. Diselek-selek kalahka susumpahan, malah daék
sumpah pocong sagala. Keur ngabuktikeunna, Tua Kampung nitah paraji sangkan
mariksa beuteung Nyi Ijah. Salila mariksa paraji katingali kerung semu nu
hélok.
Fikmin # Jam 23.00
#
“ Nung…omat
nya!”
“Sip lah Kang,
antosan wé nya!”
“Kadé ulah
kajongjonan mikmin, Nung!”
“Moal atuh,
Nung gé hoyong da!”
“Jam sawelas
nya Nung, ulah langkung!”
“Siaappppppp….Kang!”
Fikmin # Nu
Nyésakeun Carita keur Isuk-Isuk ( révisi )#
Srangéngé caang
méncrang mapag beurang. Haneutna geugeut
nyiwit kulit. Nambah genah kana manah.
Nu masih neundeun bagja sésa peuting.
Gelenyu imutna nambah
teuteup beuki ni’mat. Langgéorna
narik haté nu keur nguliat. Rindatna
matak tibelat, nambah duriat Teuteupna
pinuh ku surti. “Nuhun, Nung…!” Cikopi
beuki karasa amisna. Seungitna awor jeung seungit sampo tina buukna nu
ngarumbay baseuh kénéh. Goréng sampeu ‘na piring, saumyang kulitna nu kasinaran srangéngé.
Pulen…sapulen rasa peuting tadi. Nu geus
nganteurkeun manéhna, metik sugema. “Na mumunggang rasa nu éndah. Lalakon nu remen nyésakeun carita keur
isuk-isuk. Méré kasugemaan nu dipulang
ku puluhan lambar kertas beureum.
Fikmin # Kapahung
#
Hujan mimiti
pras-pris, teu lila ngagebrét. Teu matak mugagkeun léngkah. Tigin balik. Kajurung
rasa kaduhung. Nganteur haté. Mapay jalan dibarung kabingung. Teu rurat-rérét. Teu nolih tincakeun. Cileuncang remen
katincak. Pikiran kumalayang. Leumpang nuturkeun indung suku. Leungit
jugjugeun. Awak mucicid kabulusan. Teu dirasa. Kajen téh teuing. Sora
kelakson mobil patingtémbalan, ngagebahkeun lamunan. Ngeureunkeun léngkah. Ngajengjen di tengah jalan. Ditingker
kandaraan nu pagaliwota. Liwung , kudu maju atawa mundur. Kapahung.
Kapidangdung. Salah léngkah. Mamala baris kasorang. Teu ku hanteu. Cilaka dua
welas.
Fikmin # Nu Saha…? #
Nginget-nginget deui, saha nu panungtung ngajak ngobrol. Weléh teu kapikir,
puguh sakitu lobana nu ngajak ngobrol di Rumentang Siang téh. Carécét gading nu
palebah juruna aya aksara disulam benang
coklat. Masih dikeukeuweuk. Sakapeung diambeuan, resep ku seungitna nu leleb.
Sumarambah kana haté. Ngapungkeun rasa. Kapigandrung. Kasawang nu mibogana.
Enya kitu, carécét manéhna nu ngahaja ditinggalkeun keur kuring? Pangganti
kecap katresna nu teu wasa dikedalkeun?
Carita Sabada Hujan
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Cluk-clak cihujan tina
panyawéran. Mirig peuting maju ka mumunggang. Marengan simpé ‘na haté nu geus
lila nganjang. Suwung gentra nu mikasono. Satutasna tepung jeung niyata. Antara
harepan jeung udagan hamo kadongkang. Neuteup lalangit kamar disaksian bantal
jeung guguling nu pabetem-betem. Nu satia neundeun rusiah guligahna haté.
Sapanjang peuting ‘na mangsa gandrung gumulung. Tinggal rénghap antaré. Awor
jeung kaduhung nu nyasaak. Harianeun kunu datang ka tompérnakeun. Teu diduga ti
anggalna. Ayeuna ukur ninggalkeun bangbaluh.
Fikmin # Rusiah
#
“Sstttttt…ulah
betus najan ka indung suku gé. Lalakon urang, cukup urang duaan nu apal. Jaga
sing pageuh, omat!” Mang Komod papadon ka Jang Sa’ad. Kencling indit
ninggalkeun Jang Sa’ad nu hareugeueun. Bingung kudu kumaha pipetaeun. Uleng
mikir. Ras inget ka anak pamajikanna, ka Nyi Ijah pamajikan Mang Komod nu geus
mercayakeun manéhna pikeun maturan Mang Komod bubuara di dayeuh. Nepikeun
nyanggupan nyumponan waragad sapopoé anak pamajikanna salila manéhna euweuh.
Tapi teu saeutik ogé jasa Mang Komod,
geus nulungan manéhna tina lalakon nu moal kungsi dibéjakeun ka anak
pamajikanna. Teu betus karunya ka Nyi Ijah, mun betus geus julig ka Mang Komod.
Kana jangji pikeun sili nutupan lalampahan di dayeuh. Nu disanghareupan lain
masalah leutik. Bakal gedé balukarna pikeun saréréa. Dua-duana boga rusiah gedé
disatukangeun bubuara di dayeuh.
Fikmin # Potrét Isuk-isuk 2 #
Panonpoé nguliat. Nyingraykeun reumis nu tinggaréndang dina jukut.
Titinggal hujan ti peuting. Marengan nu balawiri mapag poé. Mitembeyan
ngalaksanakeun pancén. Muru gawé, muru sakola. Patali marga geus pinuh ku
rupa-rupa kandaraan. Kaayaan isuk-isuk jadi ramé, pabaliut jalma sapanjang
jalan. Sawatara, di hareupeun émpér toko. Lalaki tengah tuwuh, nu morongkol
disimbut kardus jongjon tibra. Sanggeus sapeupeuting lumampah néangan keur eusi
beuteung. Teu miroséa kaayaan sabuderna. Beuki morongkol. Ngarasakeun ni’mat. Kahaneutan
sorotna panonpoé. Hiji ni’mat nu ngan bisa kapimilik tina kasusah nu salawasna
dipimilik.
Fikmin # Nguah Coét #
“Pamali!” caram ema. Teu paduli
teuing, teu percaya kana sebutan pamali. Éta mah ukur omongan kolot, ngarah
diturut. Dekul ngalimed. Késang renung. Seuseuhah. Diselang nginum. Kuni’mat
tengah poé dahar, teu pira ukur jeung sambel, goréng asin sepat. Sangu satengah boboko, nyésa saeutik deui.
Ditungtungan teurab. Ema ukur gogodeg, panyaramna teu digugu. Lain sakali waé ema
nyaram, geus mindeng. Tapi keukeuh tara
digugu. Moal bisa ngéléhkeun kani’matan nu aya.
Ayeuna, kecap pamali siga nu mupuas. Saban waktu minuhan pipikiran. Ras
kana panyaram ema. Naha enya lantaran teu percaya kana pamali, lalakon ieu kaalaman? “Rék néangan nu kumaha deui? Geus puguh ieu
mah kanyaahna jeung niatna rék nyenangkeun.Tong ningali ngora kolotna.
Tarimakeun geus jodona manéh. ” Ema
ngagedéan haté.
Fikmin # Dicolék #
Simpé. Ngahudang lamunan. Kasawang mangsa munggaran panggih dina hujan
peuting éta. Teuteup anjeun nu leleb. Teu wasa lila paadu teuteup. Ngabalieur
nyumputkeun kereteg nu nugaran haté. “Na poék peuting, haté mabra ku rasa nu
ngagedur. Tepung sabulan tacan pareng panggih deui. Aya rasa nu beuki pohara. Kapirangrung.
Hanjakal teu kasungsi ku anjeun. Ter,
haté ngadadak ngageter. Ngapungkeun lamunan muru harepan. Ngaitkeun pikir. Teu pira ukur maca iber dina
fésbuk …” Dude Harlino telah mencolek Anda.”
Fikmin # 469 #
Angka nu biasa dikedalkeun saban ngobrol. Angka nu remen minuhan kotak SMS.
Angka nu bisa mapalérkeun mangsa sono datang. Angka nu geus ngaitkeun
haté. Angka nu hartina ngan ukur urang
nu apal. Peuting ieu, 10 SMS ti anjeun eusina ukur tulisan 469. Enya ukur angka, tapi matak
ngapungkeun rasa, muru éndahna tresna. Matak sugema. Nengtremkeun haté nu
guligah nandang kasono. “Engkang…Nung gé
469!” Laju SMS balesan dikirim dibarengan mabrana haté.
Fikmin # Randa Midang #
Awakna teu pati jangkung, moal ngaleuwihan jangkungna pager awi hareupeun
buruan. Najan loba kembang nu alus jeung seungit di sabuderna, teu matak jadi
leutik haté. Cukup ngarasa sugema geus
jadi pamager sari. Mangsa suligar , teu saeutik kukupu nu kapikat. Nganjang
pikeun nyeuseup sarina. Ayeuna halodo mimiti namu. Ngajurung nu ligar jadi
layu. Euweuh kukupu nu kapikat deui.
Tuluy ngarangrangan. Ngaheruk alum,
nalangsa. Tepi kana waktuna, nalangsa beuki pohara. Randa midang leungit panarikna. Antukna dirabut paksa,
dibalangkeun kana lombang. Teu dipaliré deui.
Fikmin # Katalimbeng #
Leumpang lungsé, barangsiar teu hasil. Bingung mikiran kumaha naur hutang,
jaba geus jangji ayeuna rék mayar. Éra
kunu ngahutangkeun, jangji mayar sulaya
waé. Palebah masigit ngaregog. Katingali
Wa Haji jeung Mang Somad keur ngobrol hareupeun pos ronda. Cilaka! Ka Wa Haji jangji poé ieu rék nebus TVna nu
digadékeun. Gancang malikeun awak muru gang sisi masigit. Karék
gé opat léngkah, rentang-rentang Ceu Imik tukang kiridit. Rumasa ngiridit
kasur can mayar sakali-kali acan. Teu lila mikir, geuwat nguliwed ka katuhu
mapay-mapay buruan. Kapaksa babalicetan, teu manggih deui alesan pikeun tamada.
Kajeun jauh kukurilingan, najan kudu meuntas walungan nu penting asal salamet
tepi ka imah. Di tengah-tengah jambatan, katémbong Mang Minta rék meuntas.
Kacida reuwasna. Inget kana omonganna kamari, yén moal asa-asa rék nyangkalak
mun teu buru-buru mayar hutang nu geus lima bulan can kabayar. Teu laju
ngaléngkah. Kadéngé nu gogorowokan nyalukan, Dilieuk, Si Bonar tukang rénten
rék nagih.
Ngahaja diuk téh dinu suni ngarah teu katémbong batur keur juuh cimata. Mun
kongang mah hayang naék kana suhunan tuluy ngagorowok nu tarik. Sugan bisa
mudalkeun rereged haté. Angin ngagiliwir, karasa nyecep kana kulit.
Fikmin # Tétéla #
Lila euweuh iberna. Wawanianan ngaSMS. Lapur teu dibales. Nyobaan ditelepon
sarua teu ngajawab. Bati ngarahuh bari mikiran musababna. Diimpleng deui
lalakon mangsa babarengan. Susuganan manggih lacak nu nyababkeun sikepna robah.
Lebeng. Ukur bisa ngusap dada. Sabar narimakeun nasib. Isukna kaparengkeun
ngaSMS, kacida atohna. Ngabrul kecap kasono ditepikeun. Ngabalesanna ukur
sakecap dua kecap, matak ngagaranggam, harianeun. Teu matak jadi ambek tuluy
ngaSMS deui : “Ari ayeuna nuju dimana?” panasaran hayang nyaho.” Di Jakarta!” “Sareng saha?” Lila ngadadago balesan. Antukna
ditelepon. Sababaraha kali angger teu ngajawab. Sangkaan beuki buleud. Inget kana SMSna nu salah ngirim. Tétéla
pisan moal salah deui.
Fikmin #
Kado keur Bapa #
Gajih
munggaran. Nu kapikir hayang mang meulikeun kopéah jeung sarung weuteuh keur
bapa. Ngaganti kopéah jeung sarungna nu geus lalayu sekar pakéeun mun ka
masigit. Teu diengkékeun deui. Indit ka toko rmeuli kopéah jeung sarung nu pang
mahalna. Tuluy dibungkus dihadé-hadé maké kertas kado. Teu panasaran kudu
méakeun satengahna gajih gé. Nu penting bisa nyenangkeun bapa. Cita-citana kalaksana. Matak sugema. Gagancangan balik
hayang geura mikeun ka bapa. Tengahing jalan, hapé disada. Horéng telepon ti Pa
Érté. Buru-buru diangkat. “Jang…buru-buru balik, bapa wales!”
Fikmin # Potrét Isuk-Isuk 4 #
Béca geus
dijugrugkeun hareupeun lawang pasar ti subuh kénéh. Muru ka jero pasar
nanawarkeun sakur kanu balanja. Ngan bati meunang jawaban moal atawa tacan
bérés balanjana. Kitu ogé langganan nu biasa, geus lila tara deui numpak
bécana. Leumpang ngalénghoy kaluar ti jero pasar. Gék, diuk jero béca.
Tungtungna kalah ngalenggut nundutan. Matapoé geus meleték can kénéh meunang
muatan. Sawatara Jang Ohim geus dua balikan nganteur muatan, tara kungsi lila
markirkeun motorna.
Fikmin # Kabelejog Haréwos #
Kangaranan jeung maru, angger wé aya rasa timburu mah, najan kasebut akur
gé. Komo ieu katingali pisan, tarurun tina béca bari pakaléng-kaléng muru ka
imah. Ngahaja nganjang, hayang ngobrol. Tetelepék nanyakeun karesep salaki, ti
mimiti sual pakéan nepi ka dahareun.”Tangtosna Ceuceu mah langkung apal da tos
lami sasarengan. Enéng hoyong terang, supados
tiasa langkung nyugeumakeun Aa.” Aya nu ngahéab jeroeun dada. Ruhay nu
geus dipepes ngadadak burahay deui. “Pasakan
naon nu dipikaresepna, Ceu?” “ Ulukutek leunca sareng beuleun peda beureum,” ngaharéwos.
Isukna pasosoré balik ti kantor, si Aa datang, padahal lain waktuna kilir. Paromanna semu
ambek. Sadatangna langsung muru méja makan. “Masak naon ayeuna, Aa lapar pisan.”
“ Angeun lodéh sareng gepuk, kaseneng Aa.” Teu diengkékeun deui, dekul nguah
angeun jeung gepuk. Paneuteup teu lésot
kanu keur ngadekul, bangun ni’mat pisan. “Hampura Ceuceu, Néng….”
Fikmin # Potrét Isuk-Isuk 3 #
Patalimarga pagaliwota nyingraykeun halimun. Gerung jeung haseup kaluar
tina mesin-mesin nu lulumpatan paudag-udag, patarik-tarik. Meulah simpé disaksian matapoé nu mimiti
meleték. Angin ngahiliwir nganteur léngkah-léngkah muru udagan. Hawa isuk geus
ilang dedegan. Ninggalkeun katineung nyeuseup segerna. Ngahudang jerit dengék barudak
dibarengan ngéhkéh batuk. Rungsing ‘na aisan indungna, minuhan rohangan
Puskesmas.
Fikmin # Hampang Birit ( révisi ) #
Unggal poé, méméh adan subuh manéhna dihudangkeun, dibéré paréntah. Tara talangké
tuluy ka dapur, ngahurungkeun kompor, naheur cai. Laju ngisikan. Bari nungguan
cai jeung sangu asak, ngumbahan wadah. Teu kaselang cicing sagala pagawéan
dipaju. Bébérés, nyeuseuh jeung masak. kabéh pagawéan di imah manéhna nu
ngagawéan. Gawéna teu léléda, sebrat sebrut bari tarapti. Can kacaritakeun
meupeuskeun piring, gelas atawa ngaruksak parabot. Kitu deui mun masak, cukup
sakali méré paréntah, hasilna sarua
jeung kahayang dunungan. Pokona euweuh cawadeun. Tara reureuh, tara ngarahuh cape. Imah kaurus, paparabotan
beresih harérang, tara ngantep nu kalotor, seuseuheun jeung istrikaeun tara
nepika nalambru. Can dititah eureun mah terus barang gawé. Sagala dicabak, diserebétan,
dikosokan. Dunungan ukur ngabaheuhay, bari nyekelan rémot.
Fikmin # Jahé Beureum #
Pabétékan geunjleung, pangeusina darémo nungtut kaadilan. Salam, laja,
séréh jeung konéng patinggorowok ngarasa disapirakeun. “Naon bédana manéhna
jeung urang saréréa sarua kasebutna samara!” Ukur jahé bodas nu teu pati
pipilueun, ngajejempé di juru nahan kuciwa. Sasamaraan badag kompak mogok,
nolak dipaké numis, mais, jeung ngangeun. Kajadian kitu téh latantaran jahé
beureum unggah adat. Teu kumaha rék unggah adat, manéhna mah dimumulé pisan ku
juragan istri. Tara kungsi sina cicing dina pabétékan, boga tempat nu husus.
Sakalieun euwueuh ngageumpeurkeun juragan istri, sieun juragan pameget bendu.
Komo ayeuna malem Juma’ah, ti soré kénéh jahé beureum geus diurus, diberesihan.
“Euweuh urang mah juragan pameget bakal ngalengis leungit jajatén, matak nalangsa
juragan istri tah!” omongna gumedé.
Fikmin # Kaméja Célé #
Bus ka jero toko. Mapay milih baju nu kira-kirana pantes keur manéhna. Gap
nu ieu lain, nu itu lain. Loba tinimbangan sieun manéhna teu resep. Kaméja célé
nu titadi dikeukeuweuk kapaksa diteundeun deui. Najan ceuk sawangan bakal
pantes mun dipaké manéhna. Antukna teu jadi meuli. Tepi ka imah, pikiran teu
leupas tina kaméja célé, diwawaas dipaké manéhna. “Nuhun pisan, Akang mah
paling resep kana kaméja célé téh, komo nu ieu.” Pokna dina impian.
Isukna, pareng panggih, manéhna maké
kaméja célé nu sarua pisan jeung nu itu. Persis sagalana. “Kaméja anyar paméré
Wati, kudu waé dipaké ayeuna.” Karérét
Wati imut bangun sugema.
Fikmin # Nu
Salawasna Mapaésan Haté #
Tungtung
langit pulas beureum. Sabeureum paroman anjeun harita. Teu disangka bisa patepung
deui, sanggeus dipisahkeun waktu, maksa megatkeun duriat. Tugteg di jero jajantung basa paadu teuteup. Hariring lawas ngagalindeng deui, mirig ranggeuyan kembang ‘na leungeun anjeun nu ragrag
paburencay na lanté. Lain ‘na
impian, anjeun nyata aya hareupeun. Sakedapan
ukur silih teuteup ngemu kasono, haté galécok. Teu wasa ngedalkeun rasa nu pagaliwota. Bagja
jeung sono silih sedek, rasa nu geus lila diteundeun, dipusti-pusti ‘na ati.
Anjeun…nu salawasna aya dina haté. Paguneman simpé. Mangsa patepung karasa ngan
sajorélat. Kasono can kacacapkeun, peuting ngajak anjeun mulang. Hareugeueun. Ukur
bisa neuteup langgéor anjeun, ninggalkeun tatu haté nu beuki gudawang.
( Kailhaman ku lagu Bimbo “KAU YANG BERGEMA DI HATIKU” )
Fikmin
#Teungteuingeun…ih! #
Tepung deui jeung
peuting nu matak rungsing. Hiliwir angin lapur teu mawa deui balesan iber ti
anjeun.Keclak cihujan siga nu ngaléléwé.
Simpé peuting ngan ukur bisa nyaksian haté nu beuki nalangsa. Kumaha
mapalérkeun kasono, kitu lain kieu salah? Gayeumeun geus beak, kari cikopi nu
ditinyuh deui. Lumayan tamba samutut. Ngadak-ngadak cakcak nyora pating
témbalan siga nu mupuas. Laju digebah. Kalah beuki ngahajakeun, nyora patémbalan bari silih udag. Ocon.
Tayohna hayang dilalajoan. Kop kana
cangkir cikopi. Can gé diuyup, kepluk cakcak ragrag. Ngadon ngojay. Géhél!
Fikmin # Kamuning #
Ligar mangkak mapaésan taman. Seungitna nyambuang minuhan rohangan, kabawa
angin tina jandéla nu ngahaja dibukakeun. Anteng neuteup kembang nu konéng
camperenik. Kembang nu tulatén diurus, dipusti-pusti Haté kumalayang. Ras inget kanu melakna. Nyawang
mangsa munggaran kembangan, nu ngajadi saksi hiji pasini. Nu diteuteup bangun
imut, surti kana eusining haté. Mangsa kembang geus lila ligar, pasini ukur subaya
nu sulaya. Laun-laun puray mareng jeung kembang nu mimiti layu, murag,
ngarangrangan. Saban kembangan, nungtun ngungun, nyeuitan haté nu tunggara.
Unggal usum. Teuing geus sabaraha kali usum.
Fikmin # Tukang Sayur #
Jam genep isuk-isuk geus ngider nanawarkeun daganganna. “Yuurr…sayurrrr!” Handapeun
tangkal kérsen, ngécagkeun tanggunganna. Teu kungsi lila. ibu-ibu geus
ngagimbung. Pahibut nu rebut tawar jeung milihan dagangan. Récét siga manuk, diselang patingkecewis
ngagosip. Nu ménta dipangmungkuskeun céngék. Nu ménta bonténg ditengahkeun. Nu hayang diheulakeun diitung
balanjaanna. Nu hayang buru-buru dipulangan. Saréréa hayang pangheulana
diladangan. Malah aya nu ambek lantaran teu buru-buru diladénan. Nyawad
dagangan, majar gedé teuing ngabatikeun. Matak kaweur, kawalahan. Pakupis
ngaladénan paménta ibu-ibu. Teu maliré késang nu luut léét maseuhan awak, beuteung
nu mimiti ngusial ménta eusi. Réngsé kabéh kaladangan. Mérésan dagangan nu kari
rutak-raték. Gék, diuk nyarandé ‘na tangkal kérsen, ngareureuhkeun kacapé.
Kusiwel ngaluarkeun duit tina saku calanana, ngitung beubeunangan. Paromanna
semu alum. Kolébat beungeut anakna nu ngalempréh teu walakaya.
Fikmin # Warna Béda #
Unggal isuk, sabot manéhna mandi, baju jero, kaméja, calana panjang jeung
kaos kaki pakéeun ka kantor, geus
disiapkeun dina luhur kasur. Meunang mamantes nyetélkeun. Kari rap. Tara kungsi
teu panuju, geus percaya deui kana pilihan pamajikan. Dangdanana jadi bahan
pamujian babaturana sakantor. Matak
reueus. Lamun balanja pakéan jeung baju jero,
ti mimiti warna jeung modél, kabéh menang milih pamajikan. Dina hayang
milih sorangan gé, sok ménta pamanggih heula ti pamajikan. Poé ieu, balik ti
kantorna rada elat. Aya rapat ngadadak cenah. Gancang ucul-ucul, terus mandi.
Kaluar ti kamar mandi rada ngeregog, disampakeun hoak pamajikana. “Ari ieu kolor saha warna
jeung mérekna béda jeung nu dipaké tadi isuk?”
Fikmin # Ticengklak #
Ngéar ti peuting kénéh. Teu lésot tina aisan. Embung nyusu. Awakna nyebrét panas.
Matak hariwang. Gancang dibawa ka bidan. Ukur dibéré puyer keur
nurunkeun panasna. Budak angger ngéar, saréna ngan sakerejep-sakerejep, teu
tibra. Haté asa beuki digerihan, nyeri ku hiji ku dua. Ras ka nasib diri jeung
budak. Euweuh mendingna. Ningali budak siga nu boga kanyeri, kapaksa néang ema
paraji. Budak digulanggapér, dileles, kocéak dengék nahan kanyeri, matak watir.
Sabérésna dileles, budak répéh terus saré ngageubra ‘na aisan. Bari ngagantél
nyusu bangun nu capé. “Budak mah sok terus rasa, milu rungsing mun nu jadi
indung keur baluweng. Kadé ulah loba ngalamun, bisi budak ticengklak deui. “
ema paraji peupeujeuh. Ukur unggeuk, rumasa mindeng ngalamun, nyawang kasusah,
cul budak mercayakeun diasuh ku lanceukna. Inget ka dinya, kaambek ka salaki,
beuki ngéntab, ngagedur jeroning dada.
Fikmin # Si Noni #
Awakna sampulur, kulitna
bodas, buukna coklat diuntun. Beungeutna pias teu maké wedak, teu dilipen. Erok
panjang bodas dipapaésan rénda. Sapatu kétéplék bodas. Kumaha wé dangdanan
wanoja Walanda jaman baheula. Kitu ceuk béja nu geus pernah manggihan. Katelahna
si Noni, teuing saha ngaran nu sabenarna mah. Tara pirajeunan ngulampreng
kaluar ti tempatna, komo beurang mangsa loba barudak sakola, can kacaritakeun
aya nu kungsi manggihan. Barina gé saha jalmana nu hayang panggih jeung si
Noni, enya gé wanoja Walanda. Peuting ieu, kagiliran pikét, nyorangan cicing di
rohangan guru, lantaran rohangan pikét can bérés diréhabna. Tamba keueung
nyetél tivi. Keur anteng lalajo, kadéngé
sora nu ceurik. Padahal nu keur dilalajoan téh acara maén bal. Sora tivi
dileutikan, sora nu ceurik balilihan beuki écés. Sidik ti lebah rohangan pikét.
Panasaran ditoong tina jandéla. Gebeg… bulu punduk ngadadak muringkak, aya
awéwé dibaju bodas, buukna diuntun, diuk dina luhur méja…keur ceurik!
Fikmin # Tigin #
Wanci Indung Peuting. Langit
dipapaésan bulan sapasi. Satia maturan nu nungguan iber. Sugan jeung sugan datang
jeung hiliwir angin. Cindeluk, ngaheruk nandang hariwang. Saprak miang mangsa
purnama, can aya béjana deui. Anteng neuteup bulan, cahyana nembrakeun
panineungan lawas. Mangsa munggaran panggih, mangsa diayun ambing katresna, laju
neundeun pasini. Bagja nu dirasa ngan karék tepung sapurnama. Aya haréwos ngahudang
kaduhung, naha geus migandrung. Nungtun lelembutan mukakeun pikir. Bruh bréh
ketakna. Hiji-hiji kembang kacuriga narémbongan. Diimeutan. Beuki teges. Nanggeuhkeun
kayakinan, jadi pamadegan. Ngarobah kahariwang ku sumerah, disaksian peuting disangkéh
bulan sapasi. Teu miroséa deui hiliwirna angin. Tigin. Moal aya cimata nu kudu
marengan, moal !!!
Fikmin # Huap Panungtung
#
Katugenah ukur disidem
dina haté. Ngabandungan paripolahna nu matak nganyerikeun. Sahaok kadua gaplok
mun teu panggih jeung panuju. Kudu pok torolong nedunan paméntana. Dimana manggih
kapusing murang maring sagala dibalangkeun. Lain teu bisa barontak, karunya ka
barudak. Kajeun nandang tunggara, pasang badan tibatan budak jadi korban.
Sakalieun aya pangabutuh keur kaperluan barudak tara wani wakca, nungguan
sodrahna. Kapaksa kudu usaha sorangan, muter otak. Nungtut ngajual barang
titinggal kolot. Adatna angger euweuh robahna, teu bisa kumaha. Pasrah kana
nasib diri. Pasosoré sadatangna ka imah, pasemona baketut baeud. Kawas biasa
sagala dibalangkeun, tuluy muru méja makan. Teu talangké buru-buru diladénan.
Song piring eusi sangu jeung deungeuna. Ukur dipelong. Geus rada lila, karék
dihanca. Ngahuap dibarung ambek. Jajauheun ka sukuran masih kénéh aya dahareun.
Tapi teu burung eusi piring ampir bersih. Tepi ka huap panungtung, “awwww…!”
jeritna bareng jeung awakna nu ragrag ninggang lanté. Getih ngabayabah. Péso
masih nanceb ‘na dadana.
Fikmin # Lagu Panungtung
#
Rumpakana ranggeuyan kecap mamanis. Ngagalindeng marengan wuyung. Ngayun
ngambing rasa, mépéndé haté. Anteng dipapalér éndahna asih. Jongjon ‘na
pangharepan katresna. Ngudag bagja pupulasan. Kiwari, ngajadi lagu panungtung. Wirahmana teu surup
jeung ketug jajantung. Silung perbawa codéka. Rumpakana muguran, nyésakeun sasemplék haté nu ngungun.
Kapidangdung dangding gandrung… kamanigan!
Fikmin # Puisi Nu Teu Kungsi Ditepikeun #
Pirajeunan bobongkar lomari buku, ngéntépkeun deui buku nu pabalatak bari dikebutan, tamba
kesel. Pluk, amplop ragrag tina jero buku, terus dipulung. Amplop dibuka,
eusina keretas kayas nu geus rada beueus. Matak nyeblak. Laju dibaca. Sapanjang
maca, kasawang deui mangsa keur nulisna. Kecap-kecap nu murwakanti, basa
anggitan nu maredal dianteur nalangsa, dibarengan tunggara. Ungkarana gambaran
haté nu ngangluh. Duriat nu katutup halimun sulaya. Ngéntép bérés dina keretas
ngahudang rasa. Cimata ngembeng. Ngahalangan lajuna maca. Keretas diadekkeun
kana dada. Keretas nu eusina puisi keur anjeun. Nu ditulis jeroning lolongkrang
inghak. Nu teu kungsi ditepikeun. Nyeuitan
deui gudawangna haté…ngagerihan!
Fikmin # Kelenci Hideung #
Buluna hideung meles, luis. Unggal waktu teu elat ngaluis, ngagaya.
Dangdanan nécis. Matak payus. Teu anéh
mun loba nu kagémbang, kapincut ku rindatna, kagoda ku pangolona. Landa léndé
ngawur kahéman pangbibita. Mentangkeun siasat pamikat. Ngajamparing nu kapéngpéongan,
migandrung. Luluncatan ti waktu ka waktu, tempat ka tempat, néangan kasugemaan.
Teu saeutik, dangdaunan
nu bagor kénéh, pasrah digalaksak. Nalangsa.
Ukur ngajadi panyacap kalangenana.
Fikmin # Potrét Nu Dipopohokeun #
Albeum potrét panineungan nu geus lila jadi
pangeusi peti, ngahaja dikaluarkeun deui. Jilidna geus rada rangsak digégélan
ngenget. Bulukan jeung kaambeu hapeuk. Diserebétan heula saméméh mukaan eusina.
Lambaran albeum hiji-hiji dibuka. Bréh,
potrét-potrét baheula mangsa keur lalagasan. Sawaréh geus rada rumeuk.
Panineungan marengan paneuteup. Kasawang deui nu kungsi dilakonan. Potrét nu
nyorangan, nu jeung babaturan. Di gunung, di sisi basisir, di sakola. Kagambar
suka bungahna harita. Tepi ka lambaran panungtung…jajantung ngadak-ngadak
ratug. Ngagisik mata hayang cékas, teu
percaya kanu ditingali. Potrét nu kungsi dipiceun, napel deui dina lambaran
albeum. Ngahaja dipiceun keur ngaleupaskeun tina panineungana. Katémbong potrét
siga keur neuteup seukeut. Sorotna burahay niruk jajantung. Ngadakwa!
Fikmin # Tangara
#
Mapay jalan
satapak
di Jayagiri . Nyusud tapak liliwatan nu pernah disorang.
Tungkul sajajalan, susuganan manggihan tangara.
Cikaringet mimiti rembes maseuhan awak.
Teu ditolih matapoé nu moncorong, tigin méakeun kapanasaran Léngkah ngahaja diantarékeun, ngimeutan sapanjang
jalan. Unggal sisi dirérétan. Reg, eureun sakeudeung. Rungkun disingraykeun, kalakay
dikoréhkeun. Kabéh ngabigeu teu méré pituduh. Geus ampir jauh, tangara can timu
kénéh. Kuciwa mimiti ngabagéakeun. Ngajurung haté rumahuh. Beuki lila karasa
ngabeuratkeun léngkah. Suda nuluykeun hanca. Gék diuk dina batu handapeun tangkal
pineus. Ngécagkeun kapanasaran. Pamohalan bisa panggih jeung tangara. Sabot reureuh bari nuuskeun cikaringet,
sakolébatan katémbong kalangkang.
Nganteur mata neuteup hiji tulisan nu
ditatah dina tangkal camara. Karék engeuh. Sidik ieu pisan. Tangara nu salila
ieu remen datang dina impian. Nu ditulis anjeun lima taun katukang, nu can
kungsi disurahan.
Fikmin #
Balakécrakan #
Poé Minggu,
hiji-hijina poé dimana bisa ngumpul ngariung. Kasempetan nu arang dilakonan
dina poé- poé séjénna alatan boga urusan séwang-séwang. Mangsana bisa silih
ngébréhkeun kadeudeuh jeung kasono. Ngahaja isuk-isuk geus masak, teu pira ukur
goréng lauk emas, goréng témpé, goréng jéngkol, beuleum peda beureum, cobék
génjér jeung sambel dadakan. Sanguna diliwet. Ngampar samak di tengah imah, brak…ngariung. Paheula-heula nyokot piring,
nyiuk sangu jeung deungeunna. Pahibut sieun béakeun. Kacida sugemana ningali nu balakécrakan,
ngalimed semu nu ni’mat. Sakapeung seuseuhah lantaran sambel nu lada, matak ngésang.
Téko ngoléang, eusina remen dicicikeun. Sangu
liwet sapanci korédas, coét beresih, deungeunna ledis, tinggal hulu peda
gugulutukan dina piring. Eureuleu teurab patémbalan.Ngajadi saksi ni’matna
ngariung balakécrakan, mayar mangsa nu geus diliwatkeun poé-poé katukang.
Fikmin #
Silvi #
Jauh ti
sangkaan mun Silvi kudu ngalaman saperti kieu, nandang tunggara nu kacida beuratna.
Umurna karék nincak dalapan welas taun. Tilu bulan deui ujian, namatkeun sakola
di SMA. Pangawakan leutik, centil, mung ngomong semu ogo. Pinter, calakan,
aktif. Pada mikaresep ku soméahna. Sabulan deui ka ujian mindeng teu sakola.
Surat ti kolotna ngabéjakeun Silvi gering. Matak hariwang sieun dina waktuna
ujian manéhna teu bisa milu. Kacida kagétna manggihan béja mun Silvi anyar
dirapalan. Ngahaja ditéang, bener ceuk béja téh. Dua bulan ti harita, aya béjana
mun Silvi nu keur kakandungan geus rarandaan deui. Kapaksa. Batur
sanasibna ogé ménta pertanggungjawaban
salakina.
Fikmin
#Potrét Isuk-Isuk 3#
Wanci
subuh, hujan tinggal girimisna. Cileuncang mapaésan jajalaneun. Teu matak mugagkeun léngkahna. Nanggung tahu dagangana, muru pasar
dibarengan ku harepan panggih jeung rejekina. Leumpang gagancangan hayang geura
nepi, sieun lapak kapiheulaan ku batur. Nyorang tanjakan. Léngkahna rada
ati-ati milihan jalan nu teu pati rumpil jeung leueur balas hujan. Tanggungan ayun-ayunan. Leungeun
kénca katuhuna pageuh nyekel salang. Sendal capitna mimiti lésang. Teu lila ti
harita, aya sora ngageblug. Sendal capit pegat ngacleng kana kamalir.
Tanggungan tamplok, eusina mancawura minuhan jajalaneun. Harepan miheulaan
ninggalkeun awak nu nyungkur kana rurumpil tanjakan.
Fikmin # Lampah
#
Lebah
pasampangan. Ngarandeg sakedapan. Geusan nenangkeun pikir dibarung megung
pakarepan nu pohara. “Hayoh…tuluykeun léngkah ka lebah kénca!” haréwos hiji
sora. “Montong…mending ka katuhu!” sora nu lain ngaharéwos. Silih témpas, silih
témbal, tuluyna padurényom. Ngajadi kapahung, sabil. Raga ngalumpuruk, teu wasa
nahan rongkahna perang batin. Langit ngadak-ngadak angkeub. Breg, hujan
ngagebrét. Keclakna kerep ninggang embun-embunan. Beuki lila…karasa rembes kana jajantung. Meper sabil. Ngajurung
pikir.
Tigin
ninggalkeun pakarepan di pasampangan. Cihujan jadi pépéling, satia nungtun
léngkah ngajauhan pilampaheun nu sasar.
Fikmin # Bubur
Kacang Héjo #
Sasadiaan
ti subuh kénéh, ngabubur kacang héjo. Ngarah gampang mikeun, bubur kacang héjo
diwadahan kantong pelastik. Tilu puluh bungkus cukup keur nu biasa sok datang.
Jam dalapan isuk-isuk, sagala kaperluan geus siap. Kader geus daratang siap
ngajalankeun tugasna séwang-séwang. Digero tina toa masjid, ngingetan ibu-ibu pikeun mawa Balitana ka Posyandu. Teu lila,
jul jol nu mawa Balitana pikeun ditimbang, hayang apal kamajuan jeung kaséhatana. Kader sibuk
nimbang jeung nyatétkeun dina KMS bari méré panerangan teu kaliwat ngabagikeun
bubur kacang héjo sapelastik séwang. Jam sapuluh geus bérés. Kader tutas ngalaksanakeun tugasna. Ka sorénakeun
lembur guyur. Sakabéh Balita katarajang utah miceun. Balita gemprah minuhan
rohangan Puskésmas.
Fikmin #
Putu Mayang #
Nilik
ngaranna, siga ngaran urang Bali. Tapi duka téh teuing, teu jelas ti
mana-manana. Sampulur. Camperenik. Sarérétan matak kapélét ku rupana, pasemona
nu amis. Sieup dina pulas héjo sahéab,
ngahudang uruy ku kayasna. Lungguh timpuh teu loba momonés. Teu salah
mun pada mikaresep, mikalandep. Jadi
pangaleman. Waktu ngagusur usum, ngaganti jaman. Loba nu alanyar datang mawa
pangbibita ku rupa, ajén, jeung ngaran.
Putu Mayang kalindih ajén, kaséréd dangong. Méh Dipopohokeun. Disapirakeun.
Pélétna teu matak nyérédét deui nu neuteup. Pasemona nu amis teu matak narik
ati deui. Palangsiang loba nu teu apal deui kana ngaran jeung rupana.
Fikmin #
Protrét Isuk-Isuk 5 #
Tonggong
geus karasa panas katojo sréngéngé, dagangan sabangsaning lalab rumbah masih nambru na tanggungan. Teu dirérét acan
kunu lalar liwat balanja. Pucuk putat, pucuk baluntas, surawung jeung sajabana
geus mimiti laleumpeuh. Rajeun aya nu nangtung hareupeun tanggungan ukur ngadon
uplek ngobrol. Teu ngahaja maling déngé
nu keur diobrolkeun, asa meunang jalan. Gorowok nawarkeun dagangan. “ Pucuk
baluntas, pucuk putat, surawung…lalab landong ibu-ibu, nyugemakeun si bapa,
mangga geura cobian…!” Nu uplek ngobrol sakedapan jempé, ngarérét dagangan.
Lima menit ti harita, pucuk baluntas, pucuk putat, surawung pindah tempat.
Ngeusian kantong balanjaanna.
Fikmin # Midang
#
Nu hémpak sarurak. Aratoh. Patinggorowok tanda sapuk. Cing haruit patémbalan. Gumbira, bagja jeung reueus katémbong tina paroman sakabéhna. Teu kitu kumaha. Sab, bakal jadi pangeusi pasamoan para inohong di gedong sigrong. Kahormatan bisa midang nyanghareupan tatamu. Dina waktuna, kabéh didangdanan, dipapantes, dihadé-hadé. Dipernahkeun dina tempat nu alus meunang ngahias. Kituna téh ngarah teu ngérakeun mun disogrogkeun ka hareupeun tatamu agung. Bugis, nagasari, papais, tangtang angin, jeung jojongkong sariungan. Putri noong, putu mayang, cara bikang, jeung gegetuk dinu riungan séjénna. Teu tinggalaeun surabi, apem, jeung ali agrem ogé nu lianna. Jadi réncang tuang leueut para inohong nu keur saruka bungah.
Nu hémpak sarurak. Aratoh. Patinggorowok tanda sapuk. Cing haruit patémbalan. Gumbira, bagja jeung reueus katémbong tina paroman sakabéhna. Teu kitu kumaha. Sab, bakal jadi pangeusi pasamoan para inohong di gedong sigrong. Kahormatan bisa midang nyanghareupan tatamu. Dina waktuna, kabéh didangdanan, dipapantes, dihadé-hadé. Dipernahkeun dina tempat nu alus meunang ngahias. Kituna téh ngarah teu ngérakeun mun disogrogkeun ka hareupeun tatamu agung. Bugis, nagasari, papais, tangtang angin, jeung jojongkong sariungan. Putri noong, putu mayang, cara bikang, jeung gegetuk dinu riungan séjénna. Teu tinggalaeun surabi, apem, jeung ali agrem ogé nu lianna. Jadi réncang tuang leueut para inohong nu keur saruka bungah.
Fikmin #
Partitur #
Da mi na ti la da. Dirangkén ngajadi dangding ngawirahma nineung. Rumpaka nu mudalkeun eusining kalbu, ngalaras éndah jeroeun rasa. Da mi na ti la da. Ngajadi hariring mangsa kapirangrung, dipirig keteg jajantung. Tiap padalisan sanggian ngayun-ngayun implengan. Nganteur sawangan ‘na lolongkrang kiceup. Lebah coda. Beuki lila…beuki karasa nyeuitan, nurihan lelembutan, mulangkeun panineungan. Ngabagéakeun nalangsa. Ngajurung keclak cimata ‘na hégak antaré. Hariring jempling. Partitur nu baseuh ku cimata, teu lésot tina tangkeupan. Da mi na ti la da… mingkin ngajadi lagu tunggara.
Da mi na ti la da. Dirangkén ngajadi dangding ngawirahma nineung. Rumpaka nu mudalkeun eusining kalbu, ngalaras éndah jeroeun rasa. Da mi na ti la da. Ngajadi hariring mangsa kapirangrung, dipirig keteg jajantung. Tiap padalisan sanggian ngayun-ngayun implengan. Nganteur sawangan ‘na lolongkrang kiceup. Lebah coda. Beuki lila…beuki karasa nyeuitan, nurihan lelembutan, mulangkeun panineungan. Ngabagéakeun nalangsa. Ngajurung keclak cimata ‘na hégak antaré. Hariring jempling. Partitur nu baseuh ku cimata, teu lésot tina tangkeupan. Da mi na ti la da… mingkin ngajadi lagu tunggara.
Fikmin # Ucang
Anggé #
Mawa ulin budak
dina luhur kasur. Budak didiukkeun dina tonggong suku, laju suku diacung-acung.
“Cang anggé ucang anggé mulung muncang ka papanggé, digogog ku anjing gedé,
anjing gedé nu pa lebé. Ari gog…gog cungungung. Ari gog…gog cungungung…!” Suku
diacungkeun ka luhur. Budak seuri ngabarakatak. Bungah naker. Embung eureun.
Laju ucang-ucangan deui. “Cang anggé ucang anggé mulung muncang ka papanggé,
digogog ku anjing gedé, anjing gedé nu pa lebé. Ari gog…gog cungungung. Ari
gog…gog cungungung…!” Suku diacungkeun beuki luhur. Sakilat pisan, budak nutug
kana dada. Gedug…matak eungap. Teu kadéngé sorana. Reuwas. Buru-buru budak
dicengkatkeun tina dada. “Astagfirulloh…!” Beungeutna geunteul, ngulahék, teu
empés-empés!
Fikmin #
Catetan ti Lebah Pangkéng #
Kasur empuk
dibulen sepré batik léréng konéng. Bantal opat jeung dua guguling nyanding luhureunna. Simbut nilep rapih lebah
tunjangeun. Pangeusi matuh pangkéng pulas gading, ngadalingding malati. Pangkéng
nu geus lila teu kungsi kagiridig ti peuting ka peuting. Satia ukur jadi saksi
simpé mangsa peuting wuyung. Salawasna suwung. Lalakon éndah jeroeun pangkéng
hamo kacatetkeun deui.
Fikmin # 24
Juni #
Dina unggal
almenak ngahaja dicakra ku spidol beureum. Ditangaraan. Unggal poé ditingali,
diitung sabaraha poé deui nepi ka tanggal éta. Saminggu deui! Jajantung beuki tug-teg.
Fikmin #
Nista Maja Utama #
Sabar gé
aya watesna.
Fikmin # Anah
#
Manjing
rumaja. Rupa geulis. Pangawakan jangkung. Kulit konéng umyang. Mata cureuleuk.
Halisna ngajelér paéh. Buukna galing
muntang. Batur sapantarana mah geus marangkat begér. Lulus SMP. Anah ngan ukur
bisa melong kosong sakapeung seuri sorangan. “Miem…miem!” kecap nu mindeng
kaluar minangka obrolana jeung Bi Eutik. Kituna téh bari ngucel tungtung
biwirna. Oto nu salawasna nyampay ‘na dadana geus baseuh. Tirilik…leumpang ti
tengah imah ka dapur. Nyempod di juru. Kitu jeung kitu kabisana unggal poé.
Tara pisan meunang ka luar. Sakalieun nuturkeun Bi Eutik nu rék sasapu di
buruan, buru-buru dibetot ku indungna. Teu apal kumaha raména di luar, nu lalar
liwat di jalan atawa ngarasakeun moncorongna panonpoé. Anah. Utun inji nu
wedel, teu gimir ku jajamu, pél, jeung parudan ganas ngora!
Fikmin #
Samagaha #
Jarum jam
sidéngdang dina angka 1. Di luar langit peuting mongkléng. Simpé. Peuting geus
tepi kana mumunggang. Taya geter kasono
nu midang. Taya dangding asih ngagalindeng. Tuna kasugema nu nyanding. Sirna haté
caang bungangang. Dina luhur ranjang ukur bisa nyawang lalangit kamar. Kagambar
mangsa purnama nyandang sugema. Peuting ayeuna, kaanjangan samagaha. Ngirimkeun
poék mongkléng. Jeroeun kamar, jeroeun haté. Rekat rekét panyaréan… nandang
guling gasahan.
Fikmin #
Rambut Kusut #
Unggal
nyisiran, buuk nu murag, nu narapel dina sisir dirawatan. Dikumpulkeun,
diwadahan kana kantong lamak nu nangkod dina sisi lomari. Ngahaja dikumpulkeun,
sok aya nu nyiar rambut kusut. Sakapeung mah ku barudak sok dibongohan
dicokot, ngarah bisa meunang gulali
panukeuranana. Rambut kusut keur bahan
pisobraheun. Ayeuna kantong lamak geus sakitu metetna, tapi geus lila tukang
nyiar rambut kusut taya deui ngulampreng. Teu deui payu jadi panukeur gulali.
Fikmin #
Candoli #
Gasik
nyaluyuan. “Tah, cocok keur Ceuceuna mah jadi candoli, kabadanan!” pokna méméh
nu lian. Ukur unggeuk tumarima. Prung, kariaan. Tatamu murudul. Teu apal jul
jol sémah nu datang. Nyangkéwok di kamar, cindekul mancén tugas ngajaga
pasakan. Mairan nu ngasongkeun piring lodor kosong eusianeun. Nyadiakeun keur
nu rék parasmanan. Paciweuh. Gardéng rada nyingray, kasingkabkeun kunu lalar
liwat. Karérét nu keur diuk paduduan, otél,
suka bungah. Meg…! asa ditonjok hulu angen.
Fikmin # Anjeun
Jeung Kuring #
“Lamun téa
mah enya jalan pileumpangan nu keur disorang anjeun jeung kuring béda, naha
salah mun boga pangharepan bisa paamprok? Sab, hiji mangsa anjeun jeung kuring
bakal nyorang jalan pileumpangan nu sarua. Handapeun langit. Ditungtun gerentes
haté nu wening dina beungkeutan tresna. Tigin muru udagan. Nyinglarkeun
barébédan….” Aya rasa nu medal tina ati sanubari. Teu cukup sabalikan SMS
pangirim anjeun diilo, dibarung haté marojéngja.
Katalimbeng.
Fikmin #
Ngintip Pangantén Anyar #
Aya béjana
Jang Komod kawin. Meunangkeun awéwé geulis urang lembur Nyingkur. Keur geulis
téh jaba beunghar. Kasebut gedé milik keur ukuran Jang Komod nu teu puguh gawé.
Matak panasaran hayang apal kumaha rupa jeung dedeganna. Kabeneran aya nganjang
ka indungna. Enya wé lain ceuk béja, geulis, sampulur. Rep, peuting.
Nu ngaronda mimiti ider lembur.
Lebah imah Jang Komod ngahaja eureun heula. Kabéngbat ku sora ti palebah
kamar. Panasaran diarintip tina jandéla nu gardéngna rada nyingkab. Sumanget
pareng bisa ngintip nu keur papangantén. Sakur nu ngintip euweuh nu teu
ngarénjag, reuwas. Jauh tina ciciptaan. Jelas pisan Jang Komod nu bubulucun
keur pogot ngagulang gapér oray badag!
Fikmin # Potrét
Isuk-Isuk 6 #
Hawa tiris
nyulusup jeroeun kulit. Mangsa maju ka usum halodo. Matak suda nyabak cai. Haroréam
barang gawé. Kumbaheun diantep ngahunyud, seuseuheun nambru, tengah imah
pabalatak. Ngagojod deui diharudum
simbut. Ngadago-dago matapoé meleték. Nyelang
heula nguniang, naheur cai. Cul. Bus
deui jeroeun simbut. Nangkeup guguling. Tuna batur sakasur tangkeupaneun. Misah
kasur ti janari mula. Ukur keur ngabélaan nu makalangan di pinal.
Fikmin #
Mun Aya Bapa #
Gasik
nganggeuskeun pagawéan, najan kudu tihothat. Teu maliré kacapé, luut léét
késang bari nahan beuteung eusianeun. Can anggeus pagawéan, can meunang
barangdahar. Kalan-kalan ukur manggih réméh nu nyésa na boboko. Ngan bati
seubeuh ku sentak senghor jeung paréntah,
kudu kitu kudu kieu. Pok torolong. Hal anu geus biasa deui keur manéhna.
Ayeuna waktuna bapa mulang ti dayeuh, gagancangan
pagawéan dibéréskeun. Laju mandi, beberesih, disalin ku baju nu alus. Kasawang bisa nyalsé sosonoan jeung bapa.
Najan ngan dua poé bapa aya di imah, cukup keur manéhna bisa ngarasakeun kabagjaan.
Ngumpul jeung bapa. Nampa kanyaah jeung asihna. Manggih dahar seubeuh. Teu pati
capé gawé. Ojég nyemprung mawa bapa ka dayeuhkeun. Sora motor masih ngagaur ti jauhna. Can nepi
ka tungtung jalan. Sentak senghor jeung paréntah geus dimimitian deui.
Fikmin #
Kuntung #
Hésé rék
mopohokeunna, rék ninggalkeunna. Kapaksa kudu sumput salindung, maling-maling
ti salaki. Jadi kasempetan mun salaki
euweuh di imah. Saratna mah tarapti, bisi kapanggih. Pasti aman. Kitu deui poé ieu, pangrasa téh
geus tarapti. Sadatangna ka imah, salaki rada kerung. Nunjuk kuntung dina asbak.
Laju nalék. Teu gancang ngajawab. Reuwas jeung bingung. Nu nanya beuki
tetelepék. Antukna balaka. Keukeuh teu percaya kénéh najan bari susumpahan
jeung banjir cimata. Anggur beuki angot
ambek. Nuduh salingkuh. Nundung. Hareugeueun. Kaduhung baheula teu bruk-brak.
Lalakon Saur Jang Sar'u
Geus niat rek puasa ayeuna mah, era dicaramahan wae ku Ustad Irman. Sanggeusna ider kampung ngahudangkeun saur, buru-buru balik ka imah. Sabot nungguan indungna tatahar keur saur, manehna sasarean dina bale-bale. "Sujang ...geus arasak yeuh geura saur!" sora indungna ti lebah dapur. Muru ka dapur, kasampak dahareun pinuh sameja makan. dahareun nu ngarareunah. Teu lila mikir deui, habek dahar. Sagala diasaan. Eureuleu ...terab. Beuteung bungkiang, seubeuh. Gelehe kana bale-bale. Keur...kerek. Hudang-hudang soteh kageuingkeun ku sora indungna nu kukulutus, "ceunah rek puasa, tapi meni hese digeuingkeunna, ayeuna wayah geus lohor masih keneh morongkol...!"Puasa
Golédag...teu rep. Cengkat deui...nyaring, ngadon nyileuk. Guling gasahan. Rungsing. Marojéngja. Huh...Malem Jumaah suwung deui waé. Miluan puasa.
Fikmin #Tatu#
Welasan pelés kosong obat beureum jeung bétadine pabalatak luhureun méja. Euweuh matihna. Tatu dina jajantung, tapak ditiruk balati sulaya masih gudawang. Hésé garing, hésé litana. Unggal waktu, beuki tambah karasa nyeri peurihna. Digerihan lalakon bagja anjeun jeung indung kuring.
Welasan pelés kosong obat beureum jeung bétadine pabalatak luhureun méja. Euweuh matihna. Tatu dina jajantung, tapak ditiruk balati sulaya masih gudawang. Hésé garing, hésé litana. Unggal waktu, beuki tambah karasa nyeri peurihna. Digerihan lalakon bagja anjeun jeung indung kuring.
Fikmin #
Asa Anggeus Asa Acan #
Kageuingkeun
sora ucing nu paséa. Rungah ringeuh bari gigisik. Rét kana jam. Geus liwat
tengah peuting. Koréjat hudang. Halah…pan ayeuna téh malem Juma’ah. Dirérét
batur sakasur geus nyegrék kérék. Tibra. Ngahuleng. Anggeus acan nya tadi?
Fikmin # Ga
Tot #
Sagalana
geus disiapkeun ti sore kénéh. Ngarah manggih sugema mun padungdung.
Nyamos…mos! Ninggalkeun rungsing isuk-isuk. Suda nyabak pagawéan. Beuki jamotrot.
Melong saté domba nu masih weuteuh. Karédok leunca nu teu ditoél-toél acan. Mentegeg.
Mentegeg kacida. Murang-maring. Nyel...ambek. Lung…kana wadah runtah!
Fikmin # Jerit
Ening #
Peuting
simpé. Sakabéh pangeusi imah geus tibra.
Capé karék bérés hajat. Dadak sakala.
Aaawwww…sora nu ngajerit. Sidik pisan sora Ening. Kagareuwahkeun. Tibuburanjat
hudang. Muru panto. Maksud mah rék muru kamar Ening. Can gé muka panto,
leungeun aya nu ngajéwang. Nyarék indit, nitah ngagolér deui. Nurut teu loba
tatanya. Karék ngeuh…surti.
Fikmin #
Ulated #
Raos…pokna.
Fikmin #
Sagagang Kembang Ros #
Sadatangna
ka kantor. Nyampak sagagang kembang ros dina luhur méja. Jelas keur kuring, aya
ngaranan. Ngan teuing ti saha.
Fikmin #
SMS #
Hapé disada
tanda aya SMS. Sidik ti “I”. Laju dibaca. Ngembang kadu. Dibalikan deui dibaca.
Weléh teu ngarti. Teu gancang dibalesan. Ngahuleng mikiran pijawabeun. Matak
bingung. Bales…entong…bales…entong… bales…entong… bales…entong…bal…kaburu
SMS-na datang deui. Eusina matak leuwih
jangar batan tadi. Teuing…ah!
Fikmin #
Lebah Jambatan Viaduct #
Leumpang
nunutur indung suku. Pikiran kumalayang. Baluweng. Nontoréng kénéh panyarék
ema. Ulah indit pasosoré ka dayeuh, sosoranganan. Teu diwaro. Gilig kudu indit
harita. Tepi ka dayeuh geus liwat Isya. Gura-giru muru hiji tempat. Nepungan nu
ngajak panggih. Kacida atohna basa paamprok. Teu sirikna digabrug. Manéhna ukur
cicing. Melong ti handap nepi ka luhur. Nu galécok ukur dipairan unggeuk jeung
déhém. Teu lila, manéhna amitan. Can kungsi dimanggakeun geus ngaléos mantén.
Teu maliré deui. Meg…kuciwa. Nungtun léngkah dibarengan cimata nu murubut. Teu
karasa leumpang geus jauh. Dibaturan angin peuting, anjog ka lebah jambatan. Liwung. Reg, aya mobil
eureun. Poncorong lampuna matak sérab. Dua lalaki turun tinu mobil, ngarejengan
maksa asup kanu mobil. Merod. Adug-adugan. Satékah polah ngalawan dibarung
gogorowokan, teu matak ngeureunkeun tarékahna. Pel …lamak baseuh dibekemkeun.
Les…teu inget di bumi alam. Mobil nyemprung meulah peuting, ninggalkeun Jambatan Viaduct.
Fikmin # Nu
Dipahing #
Gutrut…nuliskeun
naon waé nu dipahing. Bongan anjeun culamétan. Teu kaop aya nu hérang méncrang.
Wanoja nu wawuh di fésbuk.
Fikmin
#Ngabuburit #
Pasosoré
ngabring jeung babaturan muru alun-alun. Taman Alun-alun geus pinuh kunu
ngabuburit jeung nu daragang. Rupa-rupa jajaneun nu matak pikabitaeun, kolek,
kaulinan, kembang api jeung pepetasan pada ngariung kunu rék meuli . Sakur nu
kacipta pikangeunaheun, dibeuli. Duit bekel geus beak dibeulikeun. Balik
ranggém ku jajaneun. Adan Magrib karasa lila. Hayang buru-buru buka puasa,
buru-buru murak jajaneun. Témpona buka, kabéh ukur digégél saeutik, diasaan.
Barieukeun. Cul, diantep. Jauh tina ciciptaan.
Fikmin #
Salam #
“Néng aya
nu nitip salam bade ditampi moal?”
“Ti saha heula salamna?” “ Ti Apid téa, kumaha bade ditampi?” “Oh…ti Apid” (pura-pura teu atoh padahal dina jero haté mah surak)
“Ti saha heula salamna?” “ Ti Apid téa, kumaha bade ditampi?” “Oh…ti Apid” (pura-pura teu atoh padahal dina jero haté mah surak)
“Tah..upami
ditampi mah, mangga ieu
nyanggakeun,”ceuk Mang Iir bari ngécagkeun salam satanggungan.
Fikmin #
Missed Cue #
Geus kuduna
kitu, ukur bisa hanjakal di akhirna. Bongan salah ngamimitianna. Jadina nyalahan.
Méngpar jauh tina udagan jeung harepan.
Tarimakeun…!
Fikmin #
Batuk #
Oho…oho…cret!
Oho…oho…cret! Oho…oho…cret! Tiap cret ngajadi Inten. Ngarah teu capé mulungan.
Kapaksa ngadiukan pispot. Unggal poé,
menang sapispot pinuh inten. Ngahaja teu diubar abér, ngarah lila ka
cageur. Malah disiar pibatukeun. Inten geus lubak libuk, unggal wadah pinuh ku
inten. Awak kuru, tinggal kulit jeung tulang. Unggal usik teu weléh ngajegoh.
Oho…oho…cret! Oho…oho…cret! Oho…oho…cret! Geus haroréam deui mulungan inten.
Fikmin #
Bagéa #
Hiliwir
angin nyarengan nu sumping. Mangsa halodo ‘na munggaran Ramadan. Ranggém ku
cacandakan, boroeun. Pikeun sakabéh nu sobar tur ihlas. Tigin dina kayakinan,
moal miduakeun panyembahan. Suka bungah ngajadi pangbagéa. Miharep ni’matna nu
dimurah-maréh. Kup-kop paloba-loba ngumpulkeun. Teu gimir najan kudu tarung jeung dodoja,
gogoda. Hiji mangsa dina panungtungan, tinemu kabagjaan hakiki. Bersih
tina sagala kalelepatan, kaluluputan. Bagéa bulan nu pinuh berekah, mugi
ngabagéakeun kuring nu laip, lamokot dosa.
Fikmin # Lalampahan
Jang Sar’u #
Cinutrun
tukangeun bedug ngadédéngékeun nu tarawéhan. Témpona tamat, buru-buru asup ka
masjid. Ukur kabagéan awéh salam solat witir. Bubar solat ngajak babaturanna
ngariung di pos ronda. Ngadon gapléh bari nungguan waktuna saur. Unggal janari
tara kaliwat, ider kampung ngahudangkeun nu rék saur. Abring-abringan bari
nakolan kohkol. Bérés nguriling, balik ka imah… muru saré.
Fikmin # Nu Tepung di Tepas Masjid #
Lalungsé ti Magrib kénéh, buka gé ukur ngabatalan ku korma dua siki. Bérés
solat, terus ngagolér. Teu reup mah, kalah ngahérang. Teu puguh rasa. Ngong
sora adan Isya silih témbalan ti unggal masjid. Gura-giru ka cai. Muru solat
Isya jeung Tarawéh di masjid lebak. Asa aya nu anéh marengan léngkah. Tepi ka
tepas masjid. Gok...amprok jeung dedegan nu lawas teu panggih. Enya, lawas
pisan, geus opat kali puasa. Panungtung
panggih, saminggu rék lebaran. Ti harita tara pernah panggih deui, malahan pananyana gé can kungsi dijawab. Ukur silih
teuteup, tuluy asup. Sapanjang solat, nganteng kanu tadi dikamprét bodas. Matak
teu husu solat. Bubar Tarawéh. Katingali manéhna geus ngadagoan di tepas
masjid. Solongkrong ngajak sasalaman. Laju ngajak bareng balik. Sapaparat
jalan, ngan manéhna nu aléwoh. Kuring ngan bisa ngararasakeun tagiwurna
haté, marengan léngkah nu sakapeung
nyolédat, nincak batu.
Kacida
Kawas hapé teu manggih sinyal, ngabuntukeun tepina iber. Kuring ukur cindekul ngadadago. Matak ngagokan lalampahan. Tamba kesel nyisil koaci. Teu karasa geus béak sabungkus gedé. Biwir kedewil. Tikoro tuhureun. Nu diarep-arep taya kelemengna.
Fikmin # Tajil #
Asa lila nungguan waktu buka, ari memenitan deui téh. Teu kuat hayang geura maseuhan tikoro. Ngong Adan. Buru-buru ngabatalan ku cai entéh haneut. Laju ngahékak kolek cau. Ampir béak satengah mangkok. Teu tuluy, malah kalah utah uger. Cakcak nu ti tadi milu teuleum dina kolek, kasiuk séndok.
Asa lila nungguan waktu buka, ari memenitan deui téh. Teu kuat hayang geura maseuhan tikoro. Ngong Adan. Buru-buru ngabatalan ku cai entéh haneut. Laju ngahékak kolek cau. Ampir béak satengah mangkok. Teu tuluy, malah kalah utah uger. Cakcak nu ti tadi milu teuleum dina kolek, kasiuk séndok.
Fikmin # Ngadulag Jeroeun Dada #
Dag...dulugdugdag... dulugdugdag ... dulugdugdag. Sora dulag patingtémbalan.
Nu takbiran réang di unggal masjid. Mapag mangsa nu pinuh kabagjaan, suka
bungah. Sabada cacap sabulan ngalakonan puasa. Dur-dor sora pepetasan, disundut
barudak di tengah lapang. Lembur jadi beuki haneuteun. Kitu ogé di unggal
dapur. Ti soré kénéh geus ramé kunu popolah. Ngupat, numis kentang, nyemur
daging, ngasé cabé, ngopor, jeung
sajabana. Kuring gé maksakeun popolah,
karunya ka barudak jaba tamat puasana. Popolah geus bérés. Tumas-tumis mah geus
ti tadi arasak. Kari ngasakkeun kupat. Beuki peuting, jero imah karasa suwung. Barudak geus
talibra. Cunggelik sorangan. Bati rumahuh. Mapay-mapay panineungan unggal poéan
lebaran. Kalah matak juuh cimata. Meleberna kembang sedep malem beuki nambahan
nalangsa. Rohangan pinuh ku kalangkang-kalangkang panyawangan. Piligenti
narémbongan. Beungeut budak hiji-hiji diteuteup. “ Deudeuh teuing anaking... lebaran ayeuna
mah moal babarengan jeung bapa hidep...”
gerentes haté, dibarung tugteg jajantung ngadulag jeroeun dada. Nyeuit
kingkin.
Fikmin # Peunggas Rancatan #
Rejekina barudak nu garetol puasa. Sapuluh poé deui ka lebaran, bapana aya
nu ngajak gawé ka dayeuh. Kacida bungahna. Barudak surak aratoh, lantaran bakal
jadi boga baju anyar keur lebaran. Beuki ngajurung léngkahna, tigin ninggalkeun
lembur, ninggalkeun anak pamajikan. Kuring tulus manganjukkeun baju keur barudak, ti Ceu Imas. Angkeuhan engké bakal boga duit
keur mayarna. Karék gé dua poé ditinggalkeun, geus nampa béja nu pikareuwaseun.
Bapana barudak cilaka di tempat gawé, ragrag tina suhunan loténg. Asa disamber heulang, dibéntar gelap tengah
poé. Leng...bumi alam asa poék. Awak ngarumpuyuk, leuleus.
Barudak ditangkeup pageuh, neger-neger manéh. Nahan kasedih jeung
tunggara. Teu percaya kanu keur dirandapan. Nyaksian layonna digotong ka jero imah.
Fikmin # Kahayang #
Perbawa rasa, bisa nyugemakeun indung dina mangsa lebaran. Kasawang bungahna
nampa paméré ti anakna. Najan indung mah teu ngaharepkeun paméréan, asal bisa
ngumpul ngariung gé geus leuwih ti cukup. Tuh siga Ma Unah, nu unggal lebaran
katingali sakitu bagjana. Anak-anakna nu caricing di kota, dina waktu lebaran
mah kabéh marulang. Ngariung mapag poé lebaran. Ras ka leubah dinya, haté beuki
méotan. Rumasa sababaraha kali lebaran can bisa nyumponan kahayang. Komo bisa
bru-bro barang béré kanu jadi indung. Dalah keur sorangan gé ukur
ngadagoan pangwelas batur. Enya gé
kasebut hirup di kota. Hampura ema...lebaran ieu can bisa nyumponan deui
harepan, ngumpul ngariung di lembur. Cimata nyurucud, maseuhan kaléng nu can
kaeusi duit kencring.
Fikmin # Kabeteng #
Tinggal lima poé deui ka lebaran masih bingung. Mastikeun rék dimana poéan lebaran.
Rék di ditu atawa di dieu. Mun di ditu, karunya nu di dieu. Lebaran mimiti
jeung manéhna, piraku teu marengan. Mun di dieu karunya nu di ditu, utamana ka barudak tada teuing kuciwana. Tara
biasana teu ngariung dina poéan lebaran. Nyaan matak uleng. Dua-duana pikiraneun.
Tarik mikiran. “Préttt...!” poék, hideung ngabelegbeg, pipikiran jadi kosong,
laleungitan, ngahiang. Nungtun léngkah sakaparan-paran.
Fikmin # Nasionalis #
“Kang...”
“ Ehm...”
“ Hilap nya, pan ayeuna téh malem Jumaah..!”
“ Enya kitu...?” ngoréjat
“ Muhun...badé?”
“ Halah...can masang bandéra. Pan isukan téh 17 Agustusan!” Hudang tuluy muru buruan.
“ Arrgghhh...!”
Bati Ngadéhéman
Di rohangan tunggu. Manéhna diuk gigireun wanoja nu keur anteng maca buku.
Karasa keselna nungguan ari teu ngobrol mah. Ngawani-wani ngadéhéman. Nu
didéhéman tonggoy teu ngalieuk. Sakali deui ngadéhém angger teu maliré. Katilu
kalina déhém rada tarik, dibarengan rada keuheul saeutik. Nu ngalieuk angger
lain si wanoja, kalah nu lian, nu aya di rohangan éta. Matak éra, buru-buru
nutupan beungeutna ku koran. Wanoja gigireunana anteng kénéh maca, euweuh
riuk-riuk kaganggu. Beu...sugan mah munding wé atawa torék kitu? Gerentes
haténa bari ngarérét. Gebeg. Horéng si wanoja keur mencrong, matana burahay
beureum semu molotot, beungeutna geuneuk, ngembang wéra. Reuwas, manéhna teu
wasa ningali matana nu terus molotot teu ngiceup. Neuteup seukeut. Tinu jero
matana kaluar seuneu, sakilat ngaduruk koran nu dipaké nutupan beungeutna. Laju
ngaduruk awakna. Kocéak dengék, abrag-abragan. Seuneu beuki ngaléntab, ngaduruk
nu aya di gigireun nyésakeun areng jeung lebu. Jalma nu aya di dinya kabéh siga
nu disirep, euweuh nu bisa ingkah nulungan nu kaduruk.Wanoja siga nu sugema,
tuluy ninggalkeun rohangan nu mulek ku haseup. Buku “ The Black Magic with
Satan Seducter nu tadi dibacana ditinggalkeun luhureun korsi.
Fikmin # Wanoja di Rohangan Tunggu #
Di rohangan tunggu. Manéhna diuk gigireun wanoja nu keur anteng maca.
Ngawani-wani ngadéhéman. Nu didéhéman tonggoy teu ngalieuk. Sakali deui, angger
teu maliré. Katilu kalina déhém rada tarik. Nu ngalieuk angger lain si wanoja,
kalah nu lian. Matak éra, buru-buru nutupan beungeutna ku koran. Wanoja anteng
kénéh maca, euweuh riuk-riuk kaganggu. Beu, sugan mah munding atawa torék kitu?
Gerentes haténa bari ngarérét. Gebeg. Horéng si wanoja keur mencrong, matana
burahay beureum, beungeutna geuneuk, ngembang wéra. Reuwas, manéhna teu wasa
ningali nu keur neuteup seukeut. Tinu
jero matana kaluar seuneu, sakilat ngaduruk koran nu dipaké nutupan beungeutna.
Laju ngaduruk awakna. Kocéak abrag-abragan. Seuneu beuki ngaléntab, ngaduruk nu
aya di gigireun nyésakeun areng jeung lebu. Jalma nu aya di dinya siga nu
disirep, euweuh nu bisa ingkah nulungan nu kaduruk. Wanoja ninggalkeun rohangan
nu mulek ku haseup. Buku “ The Black Magic with Satan Seducter nu tadi dibacana
ditinggalkeun luhureun korsi.
Fikmin # Ki Arnasan #
“Duuruukkkkk... duuruukkkkk...!” nu ngalabring patinggorowok, meulah simpéna peuting. Saoborna, saoborna, muru
hiji imah nenggang di tungtung lembur. Tepi ka nu dijugjug, imah tuluy
ditingker. Teu lila, plak-plik-pluk obor ninggang suhunan imah bilik Ki Arnasan.
Sakilat seuneu ngabebela, ngaléntab, ngaduruk imah.
Teu méré waktu pikeun pangeusina nu keur tibra saré, nyalametkeun diri. Peuting
mongkléng robah jadi mabra ku cahya seuneu nu ngagedur. Harénghéng sora nu surak
ayeuh-ayeuhan, suka bungah ningali létah seuneu ngalamotan kai jeung bilik. Rénghék.
Dadak sakala, nu ayeuh-ayeuhan jempé ningali aya nu ngabelesat tina jero seuneu
nu hurung ngagugudag. Kabéh mata nuturkeun kamana losna nu ngabelesat. “Hahahahaha...”sora
nu seuri handaruan ti lebah tangkal cangkring. Maksa sakabéh panon euntreup
kanu nangtung mulak cangkéng dina dahan. Euweuh saurang gé nu teu hélok, apal pisan kana dedeganna. Réang sora patinggorowok bari nunjuk tangkal.
“Ki Arnasan...!” Breg, hujan. Dibarengan
angin ngagelebug jeung dordar gelap. Nyieuhkeun nu ngagimbung. Barirat.
Fikmin # Nu Mikarep #
Koréjat...gap deui
kana potrét nu tadi diteundeun handapeun bantal. Diteuteup leleb. Celengok
dicium. Tuluy diteueulkeun ka na dada. Mata peureum, pikiran kumalayang. Pulas
katumbiri minuhan sawangan. Ngirut imut. Ahh... humandeuar, basa tepung jeung
kalangkang simpé. Nu mongkléng nutupan harepan ti waktu ka waktu. Pucunghul
subaha. Nyéak panas ngarérab haté. Nyel, ngahudang ambek. Gancang hudang.
Nyekéskeun panékér. Nungtut nyundut potrét wanoja nu keur imut manis.
Dipencrong teu lésot tepi ka ngajadi lebu. Ramo panas karérab teu dirasa.
Hayang sugema ningali musnana. Can cukup ukur diduruk. Lebuna dicomotan
diasupkeun kana gelas. Cur ditinyuh cai panas. Dikocék. Dikudek dibarung
keuheul. Laju diséblokeun ka nu taneuh. Serebung haseup. Beuki lila beuki loba,
beuki gedé. Mulek. Sakedép nétra. Ngajénggélék, ngajirim wujud.
“Engkang...bagéakeun ieu enung!”
Fikmin
# Bet Daék...#
Munggaran
patepung. Langit lénglang, éndah dipapaésan warna-warni katumbiri. Marakbak ku
kabagjaan, suka bungah. SMS, telepon tara elat, panumbu mangsa paanggang,
ngupahan kasono. Tambah maskét, beuki geugeut. Haté panceg dibeungkeut
tresnana. Bumetah ‘na tétélar rasa, nu salawasna nyangking kaasih. Lalakon
kamayangan opat bulan ka tukang. Nu teu kasawang pibakaleun panggih jeung
kingkin di tungtung. Kiwari, SMS jeung teleponna geus arang langka deui
ngupahan mangsa haté guligah, katarajang sono nu datang teu nyaho waktu.
Bibilasan nepungan, ukur dibagéakeun bendu mindingan kasalahanna. Miheulaan
pangdakwa bongan geus jalir subaya. Mulang mawa haté nogéncang. Sapaparat jalan
dibarengan juuh cimata. Nganter pikir tepung jeung kaduhung. Naha bet daék
dicandung!
Fikmin # Panglayar Jadi Panglayur #
...Kaasih nu nyampak
dina lahunan
napel na implengan:
kuring jeung anjeun!
Malati nu nyengitan
kalimah-kalimah anjeun
dina wirahma lagu nu
digalindengkeun
dina keclakna cihujan
naha kasanghareupan ku
urang
lir jalan nu teu pegat
Hate teu bisa
dipungpang kana carita nu nyangreud na sesa umur
jaga mah teuing kumaha
Naha enya bakal
mirupa?
....
Puisi nu ditulis anjeun
keur kuring dina kertas kayas, dua bulan ka tukang. Masih diteundeun,
dipupusti. Dibaca antaré saban panggih jeung tunggara. Najan mawa kingkin.
Gumulung marengan simpéna haté. Beuki nyeuit. Ukur éta titinggal asih anjeun nu
kapimilik. Kertas beueus ku cimata. Tulisanna sawaréh geus koléas. Kertas
dilipet lalaunan, dteundeun deui handapeun tumpukan baju. Isuk pagéto baris
dibaca deui. Marengan haté kuciwa, maca iber anjeun nu keur suka bungah ngalap
bagja jeung manéhna. Babaturan nu ngarérémokeun. Nu nepungkeun kuring jeung
anjeun ngaliwatan pésbuk.
Fikmin # Tanda Bodas #
Langit angkeub. Pihujaneun tungkeb na dada. Lila ti lila,
bedah jadi hujan cimata. Kajadian sarupa kaopat kalina, kasorang deui. Tepung
jeung lalakon papastén nu ninggalkeun nalangsa. Tunggara, sungkawa. Nu maksa
ngadudut mangsa keur suka bungah, ngojayan éndahna sagara rumah tangga. Teu
bisa dipungpang, geus jadi nasibna. Tetenger anyar nambahan deui pangeusi
astana. Ngajéjér opat jeung nu lianna. Tetenger
salaki-salakina ti heula.
Fikmin # Nu Ceurik Tengah Peuting #
“ Emaaa...emaaa...” sasambat bari nginghak. Nu disambat
teuing aya di mana. Saban peuting ceurik. Tara gancang répéh. Euweuh nu ngupah
ngapéh. Nepi kabawa dina impianna. Eueuriheun. Tengah peuting, nyaring. Hing deui nuluykeun ceurik.
Peuting ieu mah ceurikna dibarengan murang-maring. Sagala dibalangkeun.
Ditalapung. Ditajong. Imah ngariyeg, inggeung. Teu kungsi lila. Praakkk...suhunan
bencar. Lol, sirah oray gedé kaluar tina jero suhunan. Euleugeug. Caringhas.
Burrrrrrr...murakeun seuneu. Ngaléntab tangkal kalapa di hareupeunna. Hurung ngagugudag. Langit peuting mongkléng
jadi ngebrak. Lembur géhgér.
Fikmin # Sembung #
Geus lila pakarangan teu diurus. Kekembangan nu dipelak diantep
gararing. Haroréam. Perbawa haté nu marojéngja. Boro-boro ngurus pepelakan,
nyanghareupan pagawéan sapopoé gé sakitu wegahna. Kapaksa dikeureuyeuh dipigawé
sotéh ku ras kana kawajiban, karunya ka barudak. Ngawulaan salaki gé saperluna.
Kahayangna mah cicing, ukur ngagolér. Mikiran diri. Poé ieu mah, isuk kénéh
geus mersihan pakarangan. Pepelakan nu gararing dicabutan. Dikoréd. Taneuh di
sabudeureun tangkal sembung nu karék
dipelak, dibéarkeun. Hayang tangkal gancang gedé, gancang kaala daunna. Teu
kudu ménta deui ka batur. Sapanjang migawé dibarung haharingan. Disérangkeun
salakina ti jero imah. Pinuh kasugemaan.
Fikmin # Kamadigan #
“Nepangkeun...tresna!”Datang marengan lalaki jangkung leutik. Sajongjonan
hareugeueun. Teu percaya kanu datang, bongan datangna salah mangsa. Asa-asa rék
ngabagéakeun. Kapahung ku pasini nu geus lila ngabeungkeut. Tapi, panggoda
jeung pangolona ngaléahkeun haté. Antukna disambat. Kabéngbat. Anteng, manteng
dina pangolona nu sarwa éndah. Mangsa rasa diajak ngawang-ngawang, ditepungkeun
jeung kanyataan. Jalir, subaya nyampak
hareupeun. Kaéndahan nu dicipta-cipta robah jadi cangcaya. Tungtungna
ngajénggélék mangrupa kuciwa. Tresna, lalaki jangkung leutik, ingkah
ninggalkeun bangbaluh. Nyésakeun kaduhung. Nandonkeun kasatiaan kana tresna
pupulasan.
Fikmin # Selop Beureum #
Selop beureum dipapaésan payét emas. Anyar kénéh. Karék lunas ngiridit. Didusan
kénéh. Can waka dpaké. Ngahaja keur
pakéeun pagéto ka ondangan. Waktuna rék maké, selop jeung wadahna geus
euweuh tina tempatna. Kokotéténgan néangan. Weléh teu kapanggih. Kapaksa selop
heubeul dipaké deui. Kaluar ti mah murukusunu. Haté mentegeg. Kapikiran kénéh
kamana losna éta selop. Tepi kanu dijugjug, beuki tambah metegeg, seueul. Amprok
jeung maru. Buru-buru miceun beungeut. Ngan karérét lebah
sukuna, haahh...matak molotot!
Fikmin # Bati
Ihlas #
Wanci sarepna.
Layung ngempur marengan léngkahna. Leuseuh. Daganganna euweuh hiji gé nu nawar.
Tapi teu matak leutik haté. Neruskeun léngkahna nyorang jalan nu teu soméah
ngabagéakeun. Lempangna gagancangan.
Ngong adan, tepi kanu dijugjug. Tempat panyaluuhanna. Cag, tanggungan diécagkeun muru pancuran.
Beberesih, wudu. Husu nganteng ka Manten-Na. Batinna galécok. Tawadu. Bérés
solat teu tuluy cengkat. Mendeko masrahkeun pamustunganna. Ihlas kana nasib
diri. Teu karasa cimata maseuhan pipi, ras inget ka anak pamajikanna. Nu pasti
keur ngadago-dago. Ukur bisa ngagerentes, “hampura bapa...” Jung cengkat, semu
nu suda ninggalkeun pangsujudan. Hareugeueun barang ningali tanggungan geus
euweuh dina tempatna. Kututang kotéténg néangan ka unggal juru. Weléh teu
kapanggih. Gék diuk bari istigfar. Torojol lalaki tengah tuwuh nyampeurkeun.
Solongkrong ngajak sasalaman. “Ujang nu boga dagangan téh?” “Sumuhun.” “Bapa katitipan ieu...” bari ngasongkeun
amplop. Amplop teu buru-buru ditampa. “Ti saha, amplop naon?” Can dijawab
pananyana, lalaki tadi geus ngaléos, ninggalkeun amplop di gigireunna.