Senin, 15 Oktober 2012

KUMPULAN FIKSIMINI BAHASA SUNDA



FIKMIN PETINGAN NYIMAS KANJENG RATU YUYU
1.Bubur Kacang Héjo
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 03 Juni 2012 12:20:58 - 0 koméntar - 0 jempol
Sasadiaan ti subuh kénéh, ngabubur kacang héjo. Ngarah gampang mikeun, bubur kacang héjo diwadahan kantong pelastik. Tilu puluh bungkus cukup keur nu biasa sok datang. Jam dalapan isuk-isuk, sagala kaperluan geus siap. Kader geus daratang siap ngajalankeun tugasna séwang-séwang. Digero tina toa masjid, ngingetan ibu-ibu pikeun mawa Balitana ka Posyandu. Teu lila, jul jol nu mawa Balitana pikeun ditimbang, hayang apal kamajuan jeung kaséhatana. Kader sibuk nimbang jeung nyatétkeun dina KMS bari méré panerangan teu kaliwat ngabagikeun bubur kacang héjo sapelastik séwang. Jam sapuluh geus bérés. Kader tutas ngalaksanakeun tugasna. Ka sorénakeun lembur guyur. Sakabéh Balita katarajang utah miceun. Balita gemprah minuhan rohangan Puskésmas.

2.Lampah

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 02 Juni 2012 20:37:52 - 0 koméntar - 0 jempol
Lebah pasampangan. Ngarandeg sakedapan. Geusan nenangkeun pikir dibarung megung pakarepan nu pohara. “Hayoh…tuluykeun léngkah ka lebah kénca!” haréwos hiji sora. “Montong…mending ka katuhu!” sora nu lain ngaharéwos. Silih témpas, silih témbal, tuluyna padurényom. Ngajadi kapahung, sabil. Raga ngalumpuruk, teu wasa nahan rongkahna perang batin. Langit ngadak-ngadak angkeub. Breg, hujan ngagebrét. Keclakna kerep ninggang embun-embunan. Beuki lila…karasa rembes kana jajantung. Meper sabil. Ngajurung pikir.

3.Tangara

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 29 Méi 2012 00:20:52 - 0 koméntar - 0 jempol
Mapay jalan satapak di Jayagiri . Nyusud tapak liliwatan nu pernah disorang. Tungkul sajajalan, susuganan manggihan tangara. Cikaringet mimiti rembes maseuhan awak. Teu ditolih matapoé nu moncorong, tigin méakeun kapanasaran Léngkah ngahaja diantarékeun, ngimeutan sapanjang jalan. Unggal sisi dirérétan. Reg, eureun sakeudeung. Rungkun disingraykeun, kalakay dikoréhkeun. Kabéh ngabigeu teu méré pituduh. Geus ampir jauh, tangara can timu kénéh. Kuciwa mimiti ngabagéakeun. Ngajurung haté rumahuh. Beuki lila karasa ngabeuratkeun léngkah. Suda nuluykeun hanca. Gék diuk dina batu handapeun tangkal pineus. Ngécagkeun kapanasaran. Pamohalan bisa panggih jeung tangara. Sabot reureuh bari nuuskeun cikaringet, sakolébatan katémbong kalangkang. Nganteur mata neuteup hiji tulisan nu ditatah dina tangkal camara. Karék engeuh. Sidik ieu pisan. Tangara nu salila ieu remen datang dina impian. Nu ditulis anjeun lima taun katukang, nu can kungsi disurahan.

4.Potrét Nu Dipopohokeun

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 25 Méi 2012 00:05:17 - 0 koméntar - 0 jempol
Albeum potrét panineungan nu geus lila jadi pangeusi peti, ngahaja dikaluarkeun deui. Jilidna geus rada rangsak digégélan ngenget. Bulukan jeung kaambeu hapeuk. Diserebétan heula saméméh mukaan eusina. Lambaran albeum hiji-hiji dibuka. Bréh, potrét-potrét baheula mangsa keur lalagasan. Sawaréh geus rada rumeuk. Panineungan marengan paneuteup. Kasawang deui nu kungsi dilakonan. Potrét nu nyorangan, nu jeung babaturan. Di gunung, di sisi basisir, di sakola. Kagambar suka bungahna harita. Tepi ka lambaran panungtung…jajantung ngadak-ngadak ratug. Ngagisik mata hayang cékas, teu percaya kanu ditingali. Potrét nu kungsi dipiceun, napel deui dina lambaran albeum. Ngahaja dipiceun keur ngaleupaskeun tina panineungana. Katémbong potrét siga keur neuteup seukeut. Sorotna burahay niruk jajantung. Ngadakwa!

5.Huap Panungtung

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 21 Méi 2012 23:32:00 - 22 koméntar - 12 jempol
Katugenah ukur disidem dina haté. Ngabandungan paripolahna nu matak nganyerikeun. Sahaok kadua gaplok mun teu panggih jeung panuju. Kudu pok torolong nedunan paméntana. Dimana manggih kapusing murang maring sagala dibalangkeun. Lain teu bisa barontak, karunya ka barudak. Kajeun nandang tunggara, pasang badan tibatan budak jadi korban. Sakalieun aya pangabutuh keur kaperluan barudak tara wani wakca, nungguan sodrahna. Kapaksa kudu usaha sorangan, muter otak. Nungtut ngajual barang titinggal kolot. Adatna angger euweuh robahna, teu bisa kumaha. Pasrah kana nasib diri. Pasosoré sadatangna ka imah, pasemona baketut baeud. Kawas biasa sagala dibalangkeun, tuluy muru méja makan. Teu talangké buru-buru diladénan. Song piring eusi sangu jeung deungeuna. Ukur dipelong. Geus rada lila, karék dihanca. Ngahuap dibarung ambek. Jajauheun ka sukuran masih kénéh aya dahareun. Tapi teu burung eusi piring ampir bersih. Tepi ka huap panungtung, “awwww…!” jeritna bareng jeung awakna nu ragrag ninggang lanté. Getih ngabayabah. Péso masih nanceb ‘na dadana.

6.Si Noni

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 10 Méi 2012 22:09:19 - 34 koméntar - 17 jempol
Awakna sampulur, kulitna bodas, buukna coklat diuntun. Beungeutna pias teu maké wedak, teu dilipen. Erok panjang bodas dipapaésan rénda. Sapatu kétéplék bodas. Kumaha wé dangdanan wanoja Walanda jaman baheula. Kitu ceuk béja nu geus pernah manggihan. Katelahna si Noni, teuing saha ngaran nu sabenarna mah. Tara pirajeunan ngulampreng kaluar ti tempatna, komo beurang mangsa loba barudak sakola, can kacaritakeun aya nu kungsi manggihan. Barina gé saha jalmana nu hayang panggih jeung si Noni, enya gé wanoja Walanda. Peuting ieu, kagiliran pikét, nyorangan cicing di rohangan guru, lantaran rohangan pikét can bérés diréhabna. Tamba keueung nyetél tivi. Keur anteng lalajo, kadéngé sora nu ceurik. Padahal nu keur dilalajoan téh acara maén bal. Sora tivi dileutikan, sora nu ceurik balilihan beuki écés. Sidik ti lebah rohangan pikét. Panasaran ditoong tina jandéla. Gebeg… bulu punduk ngadadak muringkak, aya awéwé dibaju bodas, buukna diuntun, diuk dina luhur méja…keur ceurik!

7.Kemba

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 09 Méi 2012 00:15:34 - 56 koméntar - 42 jempol
Cur, cai nu karék ngagolak dipaké ninyuh kopi jeung gula dina cangkir. Dua séndok kopi, saséndok gula, takeran nu geus biasa. Laju dikocék. Geus teu kaitung deui, sabaraha cangkir cikopi nu geus dijieun salila welasan taun. Peuting ieu, cikopi nu jieun dibarengan ku harepan. Sor, diasorkeun. Teu diengkékeun, tuluy diinum. Suruput…suruput…diselang ngelepus, bangun nu ni’mat. Anteng neuteup haseup nu nyerebung.Teu maliré nu nangtung ngajentul ningalikeun. “Kang…” ngawanikeun nyora. Angger jongjon ngulinkeun roko na ramona, laju ngaregot deui cikopi. Teu ngarérét. Padahal pikecapeun geus nyedek, hayang sapok-pokeun. Tungtuna ngabetem. Ukur norowéco ‘na haté. Inggis salah ucap. Sieun malik ambek. Teuing nepika iraha nungguan wakcana. Ngajawab kacurigaan nu geus mangbulan-bulan minuhan pikir. Ngageringan haté. Ngukut ngungun.

8.Ticengklak

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 06 Méi 2012 17:17:15 -
Ngéar ti peuting kénéh. Teu lésot tina aisan. Embung nyusu. Awakna panas nyebrét. Matak hariwang. Gancang dibawa ka bidan. Ukur dibéré puyer keur nurunkeun panasna. Budak angger ngéar, saréna ngan sakerejep-sakerejep, teu tibra. Haté asa beuki digerihan, nyeri ku hiji ku dua. Ras ka nasib diri jeung budak. Euweuh mendingna. Ningali budak siga nu boga kanyeri, kapaksa néang ema paraji. Budak digulanggapér, dileles, kocéak dengék nahan kanyeri, matak watir. Sabérésna dileles, budak répéh terus saré ngageubra ‘na aisan. Bari ngagantél nyusu bangun nu capé. “Budak mah sok terus rasa, milu rungsing mun nu jadi indung keur baluweng. Kadé ulah loba ngalamun, bisi budak ticengklak deui.“ ema paraji peupeujeuh. Ukur unggeuk, rumasa mindeng ngalamun, nyawang kasusah, cul budak mercayakeun diasuh ku lanceukna. Inget ka dinya, kaambek ka salaki beuki ngéntab, ngagedur jeroning dada.

9.Warna Béda

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 04 Méi 2012 20:30:17 -
Unggal isuk, sabot manéhna mandi, baju jero, kaméja, calana panjang jeung kaos kaki pakéeun ka kantor, geus disiapkeun dina luhur kasur. Meunang mamantes nyetélkeun. Kari rap. Tara kungsi teu panuju, geus percaya deui kana pilihan pamajikan. Dangdanana jadi bahan pamujian babaturana sakantor. Matak reueus. Lamun balanja pakéan jeung baju jero, ti mimiti warna jeung modél, kabéh menang milih pamajikan. Dina hayang milih sorangan gé, sok ménta pamanggih heula ti pamajikan. Poé ieu, balik ti kantorna rada elat. Aya rapat ngadadak cenah. Gancang ucul-ucul, terus mandi. Kaluar ti kamar mandi rada ngeregog, disampakeun hoak pamajikana. “Ari ieu kolor saha warna jeung mérekna béda jeung nu dipaké tadi isuk?”

10.Tukang Sayur

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 03 Méi 2012 09:40:17 -
Jam genep isuk-isuk geus ngider nanawarkeun daganganna. “Yuurr…sayurrrr!” Handapeun tangkal kérsen, ngécagkeun tanggunganna. Teu kungsi lila. ibu-ibu geus ngagimbung. Pahibut nu rebut tawar jeung milihan dagangan. Récét siga manuk, diselang patingkecewis ngagosip. Nu ménta dipangmungkuskeun céngék. Nu ménta bonténg ditengahkeun. Nu hayang diheulakeun diitung balanjaanna. Nu hayang buru-buru dipulangan. Saréréa hayang pangheulana diladangan. Malah aya nu ambek lantaran teu buru-buru diladénan. Nyawad dagangan, majar gedé teuing ngabatikeun. Matak kaweur, kawalahan. Pakupis ngaladénan paménta ibu-ibu. Teu maliré késang nu luut léét maseuhan awak, beuteung nu mimiti ngusial ménta eusi. Réngsé kabéh kaladangan. Mérésan dagangan nu kari rutak-raték. Gék, diuk nyarandé ‘na tangkal kérsen, ngareureuhkeun kacapé. Kusiwel ngaluarkeun duit tina saku calanana, ngitung beubeunangan. Paromanna semu alum. Kolébat beungeut anakna nu ngalempréh teu walakaya.

11.Kaméja Célé

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 01 Méi 2012 23:28:15 -
Bus ka jero toko. Mapay milih baju nu kira-kirana pantes keur manéhna. Gap nu ieu lain, nu itu lain. Loba tinimbangan sieun manéhna teu resep. Kaméja célé nu titadi dikeukeuweuk kapaksa diteundeun deui. Najan ceuk sawangan bakal pantes mun dipaké manéhna. Antukna teu jadi meuli. Tepi ka imah, pikiran teu leupas tina kaméja célé, diwawaas dipaké manéhna. “Nuhun pisan, Akang mah paling resep kana kaméja célé téh, komo nu ieu.” Pokna dina impian. Isukna, pareng panggih, manéhna maké kaméja célé nu sarua pisan jeung nu itu. Persis sagalana. “Kaméja anyar paméré Wati, kudu waé dipaké ayeuna.” Karérét Wati imut bangun sugema.

12.Nu Nyésakeun Carita Keur Isuk-isuk ( Révisi )

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 27 April 2012 10:07:56
Srangéngé caang méncrang mapag beurang. Haneutna geugeut nyiwit kulit. Nambah genah kana manah. Nu masih neundeun bagja sésa peuting. Gelenyu imutna nambah teuteup beuki ni’mat. Langgéorna narik haté nu keur nguliat. Rindatna matak tibelat, nambah duriat Teuteupna pinuh ku surti. “Nuhun, Nung…!” Cikopi beuki karasa amisna. Seungitna awor jeung seungit sampo tina buukna nu ngarumbay baseuh kénéh. Goréng sampeu ‘na piring, saumyang kulitna nu kasinaran srangéngé. Pulen…sapulen rasa peuting tadi. Nu geus nganteurkeun manéhna, metik sugema. “Na mumunggang rasa nu éndah. Lalakon nu remen nyésakeun carita keur isuk-isuk. Méré kasugemaan nu dipulang ku puluhan lambar kertas beureum.

13.Hampang Birit

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 20 April 2012 17:14:03
Geus biasa deui, méméh adan subuh manéhna dihudangkeun, dibéré paréntah. Tara talangké tuluy ka dapur, ngahurungkeun kompor, naheur cai. Laju ngisikan. Bari nungguan cai jeung sangu asak, ngumbahan wadah. Teu kaselang cicing sagala pagawéan dipaju. Bébérés, nyeuseuh jeung masak. kabéh pagawéan di imah manéhna nu ngagawéan. Gawéna teu léléda, sebrat sebrut bari tarapti. Can kacaritakeun meupeuskeun piring, gelas atawa ngaruksak parabot. Kitu deui mun masak, cukup sakali méré paréntah, hasilna sarua jeung kahayang dunungan. Pokona euweuh cawadeun. Tara reureuh, tara ngarahuh capé. Imah kaurus, paparabotan beresih harérang, tara ngantep nu kalotor, seuseuheun jeung istrikaeun tara nepi ka nalambru. Can dititah eureun mah terus barang gawé. Sagala dicabak, diserebétan, dikosokan. Kalan-kalan nu geus beresih gé diberesihan deui, kitu téh mun poho ngeureunkeun, lantaran kajongjonan nelepon, SMS-an atawa béakeun pulsa.

14.Kabelejog Haréwos

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 16 April 2012 18:53:53 -
Kangaranan jeung maru, angger wé aya rasa timburu mah, najan kasebut akur gé. Komo ieu katingali pisan, tarurun tina béca bari pakaléng-kaléng muru ka imah. Ngahaja nganjang, hayang ngobrol. Tetelepék nanyakeun karesep salaki, ti mimiti sual pakéan nepi ka dahareun.”Tangtosna Ceuceu mah langkung apal da tos lami sasarengan. Enéng hoyong terang, supados tiasa langkung nyugeumakeun Aa.” Aya nu ngahéab jeroeun dada. Ruhay nu geus dipepes ngadadak burahay deui. “Pasakan naon nu dipikaresepna, Ceu?” “ Ulukutek leunca sareng beuleun peda beureum,” ngaharéwos. Isukna pasosoré balik ti kantor, si Aa datang, padahal lain waktuna kilir. Paromanna semu ambek. Sadatangna langsung muru méja makan. “Masak naon ayeuna, Aa lapar pisan.” “ Angeun lodéh sareng gepuk, kaseneng Aa.” Teu diengkékeun deui, dekul nguah angeun jeung gepuk. Paneuteup teu lésot kanu keur ngadekul, bangun ni’mat pisan. “Hampura Ceuceu, Néng….”

15.Kado Keur Bapa ( Revisi )

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 15 April 2012 19:53:39 -
Gajih munggaran. Nu kapikir hayang mangmeulikeun kopéah jeung sarung weuteuh keur bapa pakéeun mun ka masigit, ngaganti kopéah jeung sarungna nu geus lalayu sekar. Teu diengkékeun deui. Indit ka toko rmeuli kopéah jeung sarung nu pang mahalna. Tuluy dibungkus dihadé-hadé maké kertas kado. Teu panasaran kudu méakeun satengahna gajih gé. Nu penting bisa nyenangkeun bapa. Cita-citana kalaksana. Matak sugema. Gagancangan balik hayang geura mikeun ka bapa. Tengahing jalan, hapé disada. Horéng telepon ti Pa Érté. Buru-buru diangkat. “Jang…buru-buru balik, bapa wales!”

16.Tétéla

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 14 April 2012 23:45:14 -
Lila euweuh iberna. Wawanianan ngaSMS. Lapur teu dibales. Nyobaan ditelepon sarua teu ngajawab. Bati ngarahuh bari mikiran musababna. Diimpleng deui lalakon mangsa babarengan. Susuganan manggih lacak nu nyababkeun sikepna robah. Lebeng. Ukur bisa ngusap dada. Sabar narimakeun nasib. Isukna kaparengkeun ngaSMS, kacida atohna. Ngabrul kecap kasono ditepikeun. Ngabalesanna ukur sakecap dua kecap, matak ngagaranggam, harianeun. Teu matak jadi ambek tuluy ngaSMS deui : “Ari ayeuna nuju dimana?” panasaran hayang nyaho.” Di Jakarta!” “Sareng saha?” Lila ngadadago balesan. Antukna ditelepon. Sababaraha kali angger teu ngajawab. Sangkaan beuki buleud. Inget kana SMSna nu salah ngirim. Tétéla pisan moal salah deui.

17.Randa Midang

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 11 April 2012 22:16:37 -
Awakna teu pati jangkung, moal ngaleuwihan jangkungna pager awi hareupeun buruan. Najan loba kembang nu alus jeung seungit di sabuderna, teu matak jadi leutik haté. Cukup ngarasa sugema geus jadi pamager sari. Mangsa ligar , teu saeutik kukupu nu kapikat. Nganjang pikeun nyeuseup sarina. Ayeuna halodo mimiti namu. Ngajurung nu ligar jadi layu. Euweuh kukupu nu kapikat deui. Tuluy ngarangrangan. Ngaheruk alum, nalangsa. Tepi kana waktuna, nalangsa beuki pohara. Randa midang leungit panarikna. Antukna dirabut paksa, dibalangkeun kana lombang. Teu dipaliré deui.

18.Potrét Isuk-isuk 2

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 05 April 2012 10:52:33
Panonpoé nguliat. Nyingraykeun reumis nu tinggaréndang dina jukut. Titinggal hujan ti peuting. Marengan nu balawiri mapag poé. Mitembeyan ngalaksanakeun pancén. Muru gawé, muru sakola. Patali marga geus pinuh ku rupa-rupa kandaraan. Kaayaan isuk-isuk jadi ramé, pabaliut jalma sapanjang jalan. Sawatara, di hareupeun émpér toko. Lalaki tengah tuwuh, nu morongkol disimbut kardus jongjon tibra. Sanggeus sapeupeuting lumampah néangan keur eusi beuteung. Teu miroséa kaayaan sabuderna. Beuki morongkol. Ngarasakeun ni’mat. Kahaneutan sorotna panonpoé. Hiji ni’mat nu ngan bisa kapimilik tina kasusah nu salawasna dipimilik.

19.Balada Tukang Asongan Asin

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 25 Maret 2012 21:20:09 -
Hareupeun kamar panginepan nu katilu didatangan. Cag, ngécagkeun boboko eusi rupa-rupa asin, tina aisanna. Tuluy nawarkeun ka pangeusi kamar. “Kanggo oléh-oléhna, cumi-cumi, jambal, tarasi udang, mirah Néng!” Nu ditawaran teu maliré, jongjon ngageberan awakna. “Jambalna dua puluh rébu, cumi-cumi sapuluh rébu, wios tarasi mah lima rébu opat” pokna deui. Nu ditawaran angger teu maliré. “Upami mésérna seueur, jambal lima belas rébu, cumi-cumi dua puluh rébu tilu, tarasina sarébuan” teu eureun nawarkeun bari sakapeung nyusut késang nu rembes handapeun dudukuy cetokna. Si Néng ukur ngarérét dagangan, bari angger gegeber ku kipas. “Diical jinisna wé Néng ari badé mah, jambal opat belas rébu, cumi-cumi lima rébu, tarasi lima rébu genep, Ibi peryogi keur ongkos budak ka dokter. Karunya geus saminggu adug songkol waé nyeri beuteung” sorana dareuda. Aya nu nyurungkuy hérang ‘na juru matana, beuki lila ngamalir luhur pipina nu leuseuh karérab mata poé. Bati kekeleyengan nawarkeun dagangan ti panginepan ka panginepan.

20.Bangbarung

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 21 Maret 2012 19:46:20 -
Nampa béja Mang Udih rék ngawinkeun deui, Bah Kamta rada ngaheruk. Sarua pada-pada boga anak parawan tapi can kénéh ngawinkeun, ari Mang Udih ampir unggal taun. Tilu budak parawanna garancang menang jodona. Isukna, katingali Bah Kamta keur mapalangan bangbarung imahna. Tempat karesep anak parawanna ngadaweung.

21.Lalaki ‘na Tungtung Hujan

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 17 Maret 2012 17:57:14 -
Malem Minggu. Hujan ngecrek ti soré kénéh. Matak mugagkeun lampah. Didagoan raatna lain dagoaneun. Rét kana arloji. Aya sajamna nungguan. Hanjakal teu mekel payung, haroréam ari kudu huhujanan waé mah. Nu lain geus mimiti ninggalkeun gedong, gura-giru balik najan kudu nyorang hujan.Tinggal kuring jeung manéhna nu masih cicing. Kuring anteng maca. Kitu ogé manéhna. Pada-pada anteng. Rohangan beuki karasa simpé. Ukur keclak cihujan nu nyora. “ Tos karaos, Nung?” Rungah ringeuh nyidikeun asalna sora. Karérét teuteupna di satukangeun buku. Teuteupna leleb. Nganterkeun asih nu wening. Hujan karasana beuki ngagebrét dina jajantung. Rasa nu dilelebah salila dua bulan, ayeuna nyata karasa. Teu sanggup kedal ngajawab pananyana. Haté pagaliwota, samar rasa. Kuring ukur ngaheneng bari ngulinkeun ali meneng. Nu geus lila mapaésan jariji katuhu. Katalimbeng disaksian hujan.

22.Tah Geuning….

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 15 Fébruari 2012 23:30:02 -
Biur mobil muru alamat nu rék dijugjug. Palebah jalan cagak rada bingung kudu méngkol kamana, ka katuhu atawa ka kénca. Rék nanya euweuh saurang gé nu ngulampreng. Béca ngajalugrug sisi jalan tapi teuing kamana nu bogana. Tina kaca spion katingali aya lalaki rentang-rentang nyamperkeun mobil. “Tah geuning kabeneran aya nu liwat." Kaca buru-buru dibuka. Can gé pok nanya, manéhna geus miheulaan ngomong, “Tah geuning!” Kituna téh bari malédogkeun sapelastik runtah kana beungeut, tuluy lumpat bari seuri nyikikik. Reuwas jeung hookeun. Teu lila, jul jol jelema nyalampeurkeun, horéng ti tadi mah nyararumput da sieun kunu gélo anyar.

23.Kamar 405

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 15 Fébruari 2012 21:18:50 -
Sup ka jero rohangan nu dicét sarwa bodas. Lampu ngempray nyaangan rohangan nu teu pati lega. Ranjang, dua ngajajar diwatesan hordéng bodas. Dina tihang deukeut ranjang ngagarantung botol pelastik eusi cai inpusan. Selang ting arambay, jadi liliwatan cai nu ragrag sakeclak-sakeclak muru jarum nu nanceb kana urat leungeun. Wadah oksigén siraheun. Dina ranjang kadua nu disepréan lawon bodas, waruga nu teu walakaya ngagolér. Ngalempréh, pasrah digulang gapér dokter jeung suster. Kuring ukur bisa neuteup, cimata murubut marengan gerendeng haté. Neneda pitulung Manten-Na.

24.Otél

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 12 Fébruari 2012 20:32:41 -
“Néng, geulis...” ceuk Si Jajaka ka Nyi Mojang.
“Kah… aya naon Aa?” Walon Nyi Mojang alon.
“Ih…gemes!” Ceuk Si Jajaka bari noél cangkéng Nyi Mojang.
“Ahh…géték atuh Aa!” Nyi Mojang semu ogo.
“Gétéknya geulis?” Tanya Si Jajaka, kituna téh bari noél deui.
“Aaahh…si Aa mah..!" Nyi mojang ngadelék.
Ningali polah Nyi Mojang, Si Jajaka kalah beuki ngahajakeun noél.
"Ihh...ceuk nyai géték, géték!” ngomong kituna téh bari jung nangtung, tuliuy lumpat. Sakedapan Si Jajaka ukur olohok. Tuluy buru-buru ngudag Nyi Mojang. Nu diudag kalah beuki tarik lumpatna. Si Jajaka teu cicingeun, tuluy ngudag deui. Saterusna, Si Jajaka jeung Nyi Mojang silih udag dinu luhur suhunan, bari pahereng-hereng.

25.Bongan Urang Paanggang

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 11 Fébruari 2012 22:36:08 -
Aya hariwang maturan jemplingna peuting. Haté hésé dipapalérkeun, kumalayang marengan datangna karingrang. Ngan ukur bisa neuteup foto anjeun pikeun nyinglarkeunna. Cimata marengan rénghap. Foto ditangkeup, digaléntoran. Anjeun angger ukur imut. Taya sora. Taya ringkak. Teu robah. Peuting maju ka mumunggang. Kahariwang beuki rongkah ‘na dada. Nu anggang lapur taya iberna. Teuing kamana, teuing dimana, teuing jeung saha. Teuinggggggg !!!

26.Nguseup

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 07 Fébruari 2012 21:40:13 -
Lung, Jeujeur dialungkeun ka tengah balong. Gék diuk nyarandé kana tangkal cau. Nungguan eupan disantok lauk. Lila eupan teu disanggut waé, lenggut nundutan. Sora ting kocépat ngahudangkeun. Rungah ringeuh ningali jeujeur nu menod. Laju ditarik. Bréh, lauk kancra nu gedé. Lauk teu buru-buru dicokot ukur dipelong. Kadéngé sora awéwé semu ngalengis, “Énggal geura laan useupna, biwir abdi tos nyeri, kang…”, sidik pisan kaluar tina sungut lauk.

27.Tajongan Édas

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 06 Fébruari 2012 22:17:41 -
Békam iceus naker mawa bal. Ngaliwatan dua pamaén tukang nu ngahalangan lumpatna. Hareupeun gawang bal ditajong satarikna. Kiper sayaga rék nahan bal. Tapi, kalah ngagoak bari meungpeunan beungeut. Bal lapur teu katéwak. Békam ukur nyengir bari nunjuk sukuna nu kari dikaos kaki.

28.Sabada Ngider

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 06 Fébruari 2012 20:21:24 -
“Racun tumbilaaa…racun beuritttttt..!” sorana beuki peuyeuh. Ngiderkeun daganganna ti lembur ka lembur. Tapi, euweuh saurang gé nu meuli. Nepi ka tungtung lembur karasa awakna beuki lungsé. Handapeun tangkal mahoni, manéhna reureuh. Diuk ngalungsar bari rumahuh. Soréna, saeusi lembur geunjleung, aya mayit dina handapeun mahoni. Leungeun katuhuna nyekel pelés kosong nu aya gambaran beurit.

29.Inbox

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 02 Fébruari 2012 21:35:11 -
Barang bray muka fésbuk, katingali angka 1 beureum handapeun tanda pesen. Atoh. Sugan wé balesan nu didago-dago. Panasaran dibuka. Gebeg, kabaca tulisan “ Lalaki Tunggara …Akang sono! 5 menit yang lalu”. Siak, bulu punduk ting sariak, késang tiis maseuhan tarang, awak ngadégdég. Gancang-gancang komputer dipaéhan. Hujan masih ngaririncik. Peuting karasa beuki keueung. Meunang pesen ti manéhna, nu karék kamari maot.

30.H

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 02 Fébruari 2012 11:37:56 -
Ukur bisa nuliskeun ratusan aksara “H" dina kertas kayas. Nganteur rasa nu marengan rénghap tiap ngucap “H”. Rasa nu geus nganteurkeun lalakon dina pangimpian. Nu hamo bisa kasorang. Jauh tina udagan. Sabab, waktu geus megatkeun méméh bagja kapimilik.

31.Batur Ulin

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 26 Januari 2012 20:33:36 -
Bosen nambakeun budak ka indung beurang. Si bungsu angger rungsing jeung ogo waé. Tara anteng najan cocoan jeung jajaneun diaya-ayakeun. Ngan anéh, poé ieu mah budak téh teu rungsing jeung ogo. Malah anteng ulin di pipir. Panasaran diintip. Gebeg, katingali budak keur ocon jeung oray nu sakitu gedéna. Euweuh riuk-riuk sieun, malah diusapan jeung digaléntoran. Sakedapan ukur reuwas jeung hookeun. Tuluy lumpat muru ka pipir. Kadéngé aya nu datang, oray ngulisik ngaléor asup ka kebon. Teu dipaliré deui, budak buru-buru dirawu, diais. Budak teterejel bari gegeroan, nyambat oray.
32.
SAMAGAHA
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
22 Juni 2012 01:05:42 -

Jarum jam sidéngdang dina angka 1. Di luar langit peuting mongkléng. Simpé. Peuting geus tepi kana mumunggang. Taya geter kasono nu midang. Taya dangding asih ngagalindeng. Tuna kasugema nu nyanding. Sirna haté caang bungangang. Dina luhur ranjang ukur bisa nyawang lalangit kamar. Kagambar mangsa purnama nyandang sugema. Peuting ayeuna, kaanjangan samagaha. Ngirimkeun poék mongkléng. Jeroeun kamar, jeroeun haté. Rekat rekét panyaréan... nandang guling gasahan.

33 Ngintip Pangantén Anyar

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Aya béjana Jang Komod kawin. Meunangkeun awéwé geulis urang lembur Nyingkur. Keur geulis téh jaba beunghar. Kasebut gedé milik keur ukuran Jang Komod nu teu puguh gawé. Matak panasaran hayang apal kumaha rupa jeung dedeganna. Kabeneran aya nganjang ka indungna. Enya wé lain ceuk béja, geulis, sampulur. Rep, peuting. Nu ngaronda mimiti ider lembur. Lebah imah Jang Komod ngahaja eureun heula. Kabéngbat ku sora ti palebah kamar. Panasaran diarintip tina jandéla nu gardéngna rada nyingkab. Sumanget pareng bisa ngintip nu keur papangantén. Sakur nu ngintip euweuh nu teu ngarénjag, reuwas. Jauh tina ciciptaan. Jelas pisan Jang Komod nu bubulucun keur pogot ngagulang gapér oray badag!

34 Potrét Isuk-isuk 5

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 28 Juni 2012 10:16:37 -
Tonggong geus karasa panas katojo sréngéngé, dagangan sabangsaning lalab rumbah masih nambru na tanggungan. Teu dirérét-rérét acan ku nu lalar liwat balanja. Pucuk putat, pucuk baluntas, surawung jeung sajabana geus mimiti laleumpeuh. Rajeun aya nu nangtung hareupeun tanggungan ukur ngadon uplek ngobrol. Teu ngahaja maling déngé nu keur diobrolkeun, asa meunang jalan. Gorowok nawarkeun dagangan. “ Pucuk baluntas, pucuk putat, surawung…lalab landong ibu-ibu, nyugemakeun si bapa, mangga geura cobian…!” Nu uplek ngobrol sakedapan jempé, ngarérét dagangan. Lima menit ti harita, pucuk baluntas, pucuk putat, surawung pindah tempat. Ngeusian kantong balanjaanana.

35. Ngadulag Jeroeun Dada

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 22 Agustus 2012 12:52:45 -
Dag...dulugdugdag... dulugdugdag ... dulugdugdag. Sora dulag patingtémbalan. Nu takbiran réang di unggal masjid. Mapag mangsa nu pinuh kabagjaan, suka bungah. Sabada cacap sabulan ngalakonan puasa. Dur-dor sora pepetasan, disundut barudak di tengah lapang. Lembur jadi beuki haneuteun. Kitu ogé di unggal dapur. Ti soré kénéh geus ramé kunu popolah. Ngupat, numis kentang, nyemur daging, ngasé cabé, ngopor, jeung sajabana. Kuring gé maksakeun popolah, karunya ka barudak jaba tamat puasana. Popolah geus bérés. Tumas-tumis mah geus ti tadi arasak. Kari ngasakkeun kupat. Beuki peuting, jero imah karasa suwung. Barudak geus talibra. Cunggelik sorangan. Bati rumahuh. Mapay-mapay panineungan unggal poéan lebaran. Kalah matak juuh cimata. Meleberna kembang sedep malem beuki nambahan nalangsa. Rohangan pinuh ku kalangkang-kalangkang panyawangan. Piligenti narémbongan. Beungeut budak hiji-hiji diteuteup. “ Deudeuh teuing anaking... lebaran ayeuna mah moal babarengan jeung bapa hidep...” gerentes haté, dibarung tugteg jajantung ngadulag jeroeun dada. Nyeuit kingkin.

36. Wanoja Di Rohangan Tunggu

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 21 Agustus 2012 12:02:24
Di rohangan tunggu. Manéhna diuk gigireun wanoja nu keur anteng maca. Ngawani-wani ngadéhéman. Nu didéhéman tonggoy teu ngalieuk. Sakali deui, angger teu maliré. Katilu kalina déhém rada tarik. Nu ngalieuk angger lain si wanoja, kalah nu lian. Matak éra, buru-buru nutupan beungeutna ku koran. Wanoja anteng kénéh maca, euweuh riuk-riuk kaganggu. Beu, sugan mah munding atawa torék kitu? Gerentes haténa bari ngarérét. Gebeg. Horéng si wanoja keur mencrong, matana burahay beureum, beungeutna geuneuk, ngembang wéra. Reuwas, manéhna teu wasa ningali nu keur neuteup seukeut. Tinu jero matana kaluar seuneu, sakilat ngaduruk koran nu dipaké nutupan beungeutna. Laju ngaduruk awakna. Kocéak abrag-abragan. Seuneu beuki ngaléntab, ngaduruk nu aya di gigireun nyésakeun areng jeung lebu. Jalma nu aya di dinya siga nu disirep, euweuh nu bisa ingkah nulungan nu kaduruk. Wanoja ninggalkeun rohangan nu mulek ku haseup. Buku “ The Black Magic with Satan Seducter nu tadi dibacana ditinggalkeun luhureun korsi.

37.Ki Arnasan
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 27 Agustus 2012 21:30:13 -
“Duuruukkkkk... duuruukkkkk...!” nu ngalabring patinggorowok, meulah simpéna peuting. Saoborna, saoborna, muru hiji imah nenggang di tungtung lembur. Tepi ka nu dijugjug, imah tuluy ditingker. Teu lila, plak-plik-pluk obor ninggang suhunan imah bilik Ki Arnasan. Sakilat seuneu ngabebela, ngaléntab, ngaduruk imah. Teu méré waktu pikeun pangeusina nu keur tibra saré, nyalametkeun diri. Peuting mongkléng robah jadi mabra ku cahya seuneu nu ngagedur. Harénghéng sora nu surak ayeuh-ayeuhan, suka bungah ningali létah seuneu ngalamotan kai jeung bilik. Rénghék. Dadak sakala, nu ayeuh-ayeuhan jempé ningali aya nu ngabelesat tina jero seuneu nu hurung ngagugudag. Kabéh mata nuturkeun kamana losna nu ngabelesat. “Hahahahaha...”sora nu seuri handaruan ti lebah tangkal cangkring. Maksa sakabéh panon euntreup kanu nangtung mulak cangkéng dina dahan. Euweuh saurang gé nu teu hélok, apal pisan kana dedeganna. Réang sora patinggorowok bari nunjuk tangkal. “Ki Arnasan...!” Breg, hujan. Dibarengan angin ngagelebug jeung dordar gelap. Nyieuhkeun nu ngagimbung. Barirat

38.Peunggas Rancatan
Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 10 Agustus 2012 23:10:51
Rejekina barudak nu garetol puasa. Sapuluh poé deui ka lebaran, bapana aya nu ngajak gawé ka dayeuh. Kacida bungahna. Barudak surak aratoh, lantaran bakal jadi boga baju anyar keur lebaran. Beuki ngajurung léngkahna, tigin ninggalkeun lembur, ninggalkeun anak pamajikan. Kuring tulus manganjukkeun baju keur barudak, ti Ceu Imas. Angkeuhan engké bakal boga duit keur mayarna. Karék gé dua poé ditinggalkeun, geus nampa béja nu pikareuwaseun. Bapana barudak cilaka di tempat gawé, ragrag tina suhunan loténg. Asa disamber heulang, dibéntar gelap tengah poé. Leng...bumi alam asa poék. Awak ngarumpuyuk, leuleus. Barudak ditangkeup pageuh, neger-neger manéh. Nahan kasedih jeung tunggara. Teu percaya kanu keur dirandapan. Nyaksian layonna digotong ka jero imah.

39. Nu Mikarep

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu | 05 Séptémber 2012 20:08:50 -
Koréjat...gap deui kana potrét nu tadi diteundeun handapeun bantal. Diteuteup leleb. Celengok dicium. Tuluy diteueulkeun ka na dada. Mata peureum, pikiran kumalayang. Pulas katumbiri minuhan sawangan. Ngirut imut. Ahh... humandeuar, basa tepung jeung kalangkang simpé. Nu mongkléng nutupan harepan ti waktu ka waktu. Pucunghul subaha. Nyéak panas ngarérab haté. Nyel, ngahudang ambek. Gancang hudang. Nyekéskeun panékér. Nungtut nyundut potrét wanoja nu keur imut manis. Dipencrong teu lésot tepi ka ngajadi lebu. Ramo panas karérab teu dirasa. Hayang sugema ningali musnana. Can cukup ukur diduruk. Lebuna dicomotan diasupkeun kana gelas. Cur ditinyuh cai panas. Dikocék. Dikudek dibarung keuheul. Laju diséblokeun ka nu taneuh. Serebung haseup. Beuki lila beuki loba, beuki gedé. Mulek. Sakedép nétra. Ngajénggélék, ngajirim wujud. “Engkang...bagéakeun ieu enung!”

Fikmin #Réuni#1
Aya kana 20 taunna teu panggih sanggeus lulus sakola, tuluy paturay neruskeun cita-cita masing-masing. Ayeuna panggih deui, kacida sonona. Silih caritakeun lalampahan hirup bari  ngaguar deui  lalakon baheula. Obrolan beuki ramé waktu nyaritakeun  Sodik budak pang cicingeunna di kelas , nu sok mindeng diheureuyan jeung dijailan ku saréréa. Sodk tara ieuh ambek atawa pundung, ngan ukur nyéréngéh  bari gagaro sirah. Taya nu apal deui laratanna ti saprak lulus sakola. “ Moal mah kitu dirawu kélong, disangka anakna ? “ Ceuk Awan  nu pang mindengna ngajailan Sodik  bari seuri nyakakak. “ Lain ceuk uing mah, dibawa alién ka lemburna keur purah ngumbah piring terbang “, témbal Ujang. Atuh kabéh sareuri ager-ageran, euweuh  saurang gé nu teu ngupat Sodik, mamantes kaayaanna ayeuna.Sora mobil eureun hareupeun imah, ngagebahkeun nu keur ager-ageran.Kabéh muru kaluar hayang nyaho saha nu datang. Lalaki gandang perlente maké kaca mata hideung turun ti jero mobil, saurang ge euweuh nu apal saha éta. “Assalamu’alaikum..” pokna bari nyéréngéh jeung gagaro sirah tuluy ngalaan kaca matana … “Sodik” !! kabéh bareng ngagorowok hookeun.


Fikmin #Sawér#2
Pangantén geus diréndéngkeun diburuan, siap-siap rék disawér. Nu rék muru panyawér geus ngagimbung, teu budak teu kolot pasedek-sedek hayang bebenangan Juru sawér mimiti ngawih, nu muru geus teu sabar, “ wurrrt...wurrrrrr”  ngalokan juru sawér. Panyawér, mangrupa béas, peremen jeung duit kencring diawurkeun ku kolot pangantén ,nu muru paboro-boro mulung teu sirikna silih suntrungkeun. Panyawér diawurkeun deui, “Peletak ! duit kencring sarébu pas pisan ninggang kana tarang Jang  Idin tarik pisan. Leng lieur …titingalianna jadi ngadak-ngadak poék, kudupung, blug labuh, pingsan!  Awakna kagaleuy nu moro, bebenangan moro dina leungeun murag paburincay.

fikmin #Euweuh Batur#3
Keclak ci hujan ninggang émbér panandé ngawirahma jeung sora bebencè nganter peuting muru simpè. Ngan sora tak tok papan ketik nu maturan kuring nungguan pitunduheun. Cakcak nu sok satia maturan teu katingali kakarayapaan dina témbok. Ah...boa geus bosen maturan kuring?

Fikmin#Gering#
Kahariwang beuki minuhan dada, inggis jeung bisi teu bisa dipapalérkeun jadi nambah pipikiran. Hiji hiji ubar ti dokter diinum Aya gerentes hamo dipaju bongan euweuh karasana. Ampir sabulan ngajoprak teu walakaya, geus kaluman. Batin geus kekejet hayang geura cageur. Karunya kanu jadi salaki jeung barudak geus lila teu kaurus, nga ukur ngadelnkeun tanaga si bibi. “Ibuuu…”, si bungsu ngagurinjal tina aisan bapana hayang diais. Kuring ngan bisa ngusapan, deudeuh teuing anaking geus sabulan can ngarasaan pangais indung. Teu kasawang mun kudu pondok umur, tada teuing leungiteun indung  Duh gusti...mugi abdi sing énggal séhat deui.

Fikmin #ngalamun#5
Ucing nu keur paséa di luhur suhunan jempling teu nyora deui sanggeus digebah bari dibanjur, kuring nuluykeun deui mukaan lamunan.,antaré hiji-hiji narémbongan. Keur anteng nganter lamunan bari mencrong lampu kamar, sora kérék handaruan nu di digigireun, ngagebahkeun lamunan jadi buyar paburantak.  Duh Gusti…ngalamun gé meni teu bebas ning, padahal bieu téh keur raraména ocon jeung Dudé Hérlino!

Fikmin #nalangsa#6
cakcak nyora pating témbalan bari paudag-udag, ocon di luhur lalangit kamar, teu lepas tina paneuteup kuring, maturan jemplingna peuting.Taya batur geusan silih otélan...si Moly tibra nyorangan,kuring bati ngahuleung nyawang lalampahan diri, ehm..sugan bisa difikminkeun!

Fikmin#Baju Anyar#7
Di toko baju nu katilu didatangan. “Kumaha upami nu ieu pantes teu, kang?” Tanya kuring bari ningalikeun baju katujuh nu dicobaan.’ Prêttt !!”...Kang Dadang tapis motrét kuring maké baju anyar nu kasawelas ku HPna. “ Hayu ah Kang…  cekap sakieu gé, ayeuna abdi tos gaduh sawelas poto nganggé acuk anyar!”

Fikmin #Telepon#8
Sabada narima telepon ti anjeun, kahariwang mimiti nyinglar goreng jeung halimun nu nutupan sumanget salila ieu. Kainggis kapapalérkeun. Horéng anjeun masih nyangcang tresna na mumunggang pangharepan.

Fikmin #Korédas#9
Béak teu nyésa, eusina ngan ukur kartu nama jeung kasbon wungkul.  Ngarérét almenak masih 10 poé deui..aduh alah ieung alamat bulan hareup kasbon nambahan deui minuhan lokét!

Fikmin #Tatahar#10
Kulambu bérés ditambalan ngarah  reungit teu bisa moncor ngadodoho nyoco. Kasur geus dikebutan tilamna diganti kunu anyar. Sebrot…sebrot  sesengitan disemprotkeun, lampu dipareuman. Golédag …..mernahkeun awak dina kasur, nungguan manéhna.. ilapat keur bahan nyieun fikmin.

Fikmin#Nyeri haté#11
Na tungtung peuting sapaparat jalan ka Jogja keun, anjeun geus ngaguratkeun kapeurih, nyieun tatu nu gudawang dina haté, cipanon murubut teu kawengku. Anjeun …panceg rék ninggalkeun, nutup lalakon katresna, mungkas pangharepan nu geus lila marengan duaan. Beus nyemprung meulah jalan nu simpé, ninggalkeun panineungan dina kaca-kaca batin nu tunggara. " Kitu nu ditulis ku hiji istri umur 30-an, terus turun tina beus malem, dikaléng ku dua nonoman sembada.

Fikmin #katagihan mikmin#12
Rarasaan  aya nu kurang kénéh  waè ieu tèh, padahal karèk bieu nguah coèt dituluykeun ku ngopi kulub cau. Tuluy muka deui tudung saji, kop kana gorèng tahu bèak hiji angger  can ngarasa cukup kènèh . Sajongjonan ngahuleung mikiran bari mukaan tepas facebook. Ahhh..ieu geuning kapanggih ayeuna mah nu kurang tèh, horèng simana horèng can mikmin! Heuheu..

Fikmin # Bati hayang amprok#4
Poé maju ka magrib langit ceudeum nandakeun rék hujan. Ampir dua jam kuring cindeluk nungguan giliran, kesel jeung cangkeul teu dirasa bakat hayang amprok jeung manéhna, padahal mah karék minggu kamari jonghok. Waktuna amprok manéhna teu loba carita, kapanasaran can kabéh kabudalkeun geus nitah kuring kaluar ti rohanganna. Bati ngalelengkur nungguan téh ngan ukur paguneman teu leuwih ti lima menit jeung salambar kertas resép nu kudu dibeuli..!

Fikmin # Demo #13
 Nu demonstrasi  beuki rongkah Pating jorowok nungtut hancengan. Kaayaan beuki ahéng …batalion cacing demo na jero beuteung.. ! 

Fikmin # Haseup#14
Manéhna anteng ngencarkeun lamunan bari ngaroko bangun nu ni’mat. Serebung…serebung haseup minuhan rohangan nu poék.Tapi katingali sing laléok kukulibekan teu lepas tina paneuteupna. Kabayang rupa bébéné nu geus lila ninggalkeun.Aya geter sono nu hamo kaupahan. Haseup beuki ngeulun, nu ngalamun beuki jongjon. Haseup museur hareupeunna beuki lila beuki sidik ngajirim ujud…awéwé dibaju bodas bari seuri nyikikik!!

Fikmin # Duriat#
Cinta memang hésé ditebak kamana léokna, datangna tara diduga-duga. Eunteup kasaha waé teu kanu ngora, teu kanu kolot. Matak anteng nu ngarandapanna, poho kana sagala. Teu maliré nu mapatahan, méré bongbolongan, tigin kana rasa nu ngancik. Nyi Eruk daék jadi pamajikan nu kaopat juragan Omod, bandar jéngkol nu pang jegudna di lembur. Naha éta ogé alatan cinta?
Teu maliré kanu mapatahan, méré bongbolongan, manéhna tigin kana rasa nu ngancik. Cinta memang hésé ditebak kamana léokna, datangna tara diduga-duga. Eunteup kasaha waé teu kanu ngora, teu kanu kolot. Matak anteng nu ngarandapanna, poho kana sagala. Manéhna milih lunta ti imah, daripada pegat duriat jeung awéwé nu pantes jadi indungna!  

 
Fikmin # Papastén #
Bumi alam asa tungkeb, awak ramohpoy, leuleus  taya tangan pangawasa. Batin ngajerit, ngocéak maratan jagat. Asa disamber heulang basa nampa béja ihwal  manéhna.  Niat hayang buru-buru ngabagéakeun  budak nu dipikahayang, pati miheulaan nyampeur manéhna di jalan. Cimata murubut marengan nu miang. Teu wasa ningali geuleuyeungna mobil nu mawa manéhna ka tempat panungtungan. Rét, ka orok beureum nu tibra dina aisan, haté beuki ngarakacak. “Deudeuh  teuing anaking, karék gé umur sapoé geus kudu jadi budak yatim!

Fikmin #fikmin#16
“Unggal poé gawé téh ngan molototan komputer wé, lain geura nyiar gawé!” sentak mama ngagareuwahkeun Imin nu keur anteng macaan fikmin. “Euh..manawi ieu ge nuju ihtiar mama, diajar ngadamel fikmin!”, ceuk Imin ngabela diri. “Memangna naon kitu ari fikmin teh?” mama semu bendu. “Kiripik Imin..” ceuk Imin asal ngajawab sieun mama bendu papanjangan.

Fikmin #Nu Mulang Tugas#17
Campaka diawurkeun luhureun kasur, ngahaja ngarah enggon karasa seungit. Ngabageakeun manehna nu rék mulang. Geus kabayangkeun kumaha guligahna sabada ditinggalkeun sabulan tugas ka luar kota. Teu sabar nungguan nu datang.  Jam dina témbok remen dirérétan. Asa kulila jarum jam muterna. Paneuteup teu jauh kana panto, nungguan nu ngaronghéap tina lawangna. Waktu pidatangeun geus ampir liwat nu ditungguan can norojol kénéh. Haté ngadak-ngadak ratug, seseblakan.Kahariwang mimiti minuhan pipikiran, inggis aya naon-naon karandapan ku manéhna. Katambah hénponna teu aktif, hésé rék maluruhna. Teu geunah cicing, samar polah. Dengék, si bungsu ceurik bareng jeung sora sirine ambulan nu beuki tarik, ti lebah buruan imah.

Fikmin #bagong#18
“ Bagong..bagong..téwaakk…!”, sora jelema ti unggal juru bari mawa pakarang ngepung bagong nepi ka tungtung lembur. Bagong lumpat beuki mangprét bari susuruduk, sieun kacerek. Nepi ka sisi walungan bagong ngarandeg, euweuh deui pilumpateun. Nu ngepung beuki deukeut. “Dor..dor..!” pelor bedil nembus dadana, bagong ngudupung paéh saharita. Di hiji  imah kadéngé sora awéwé ngajerit bareng jeung pareumna lilin, “Akaang….!” 
Fikmin #Pamayang#
Nu datang beuki rajol, panasaran hayang sidik ningali layon di sisi basisir. Sabada lambak nu rongkah ngajejewét parahuna.



Fikmin # Kacida #
Kawas hapé teu manggih sinyal, ngabuntukeun tepina iber. Kuring ukur cindekul ngadadago. Matak ngagokan lalampahan. Tamba kesel nyisil koaci. Teu karasa geus béak sabungkus gedé. Biwir kedewil. Tikoro tuhureun. Nu diarep-arep taya kelemengna.

Fikmin #nu ka dayeuh#19
Aya nu teu kebat dikedalkeun Kang Ikim basa sasadu rék indit ka dayeuh pikeun nyiar gawé. Kuring gé teu loba tatanya naha Kang Ikim bet ngadak-ngadak hayang ka dayeuh, padahal di lembur gé loba nu nitah sagawé-gawé. Pikir kuring,di dayeuh Kang Ikim pasti bakal menang pacabakan nu leuwih alus, gajihna gedé, tangtuna bisa ngaronjatkeun kahirupan teu susah siga ayeuna. Teu karasa geus saminggu ditinggalkeun Kang Ikim , mimiti karasa beurat pikeun kuring, tisuksuk tidungdung néangan keur dahar barudak nu bangkaréakan, lantaran teu ditinggalan duit sapérak-pérak acan. Teu maliré kacapé, tanaga ditatawarkeun , buburuh  nyeuseuh, ngistrika, jeung sajabana,ti poé ka poé euweuh reureuhna.nu peunting barudak teu kalaparan. Ayeuna geus sabulan, Kang Ikim  euweuh balik, euweuh béja-béjana acan. Liwat dua bulan..tilu bulan,… campleng nepi ka kiwari  ..Kang Ikim tacan mulang kénéh,  ilang tanpa laratan!!

Fikmin #di Panti jompo#33
Aki-aki satengah pikun jeung iteukna, diuk moyan di buruan. Iteukna teu cicing, dipaké ngagurat-gurat taneuh. Teuteupna kosong anteng mencrong ka jalan. Sakapeng awakna nu kuru oyag alatan batukna nu ngohkoh. Bosen moyan, koloyong abus ka kamar ngadon morongkol nyorangan, ukur dibaturan ku batuk nu beuki ngohkoh. Euweuh anak incu nu mairan cai pikeun maseuhan tikorona, atawa nu béla mencetan awakna nu maju ka ropoh. Mangsa nyangharepan waktu. nu aya ngan batur sanasib nu sarua pada-pada  jauh tinu kanyaaah jeung pangrawat  kulawarga.

Fikmin # aral#32
Can cumpon mayar  waragad operasi si cikal, ayeuna geus kudu mikiran deui waragad keur si bungsu nu diopname. Pikiran beuki uleng, rék timana deui néangan duit. Banda nu aya geus nungtut béak. Hutang geus ka unggal sirah. Nu purah ngarah kipayah, geus lila teu walakaya alatan cilaka di pagawéan. Panghasilan ngan ukur ngandelkeun bebenangan bati dagangan ti warung, nu mimiti coréngcang lantaran béakeun modal. Kacida nalangsana hirup nu dilakonan. Ceurik ? geus teu bisa, lantaran  cimata gé  geus lila saat balas dibedahkeun unggal waktu. Sajongjonan ngalamun.Pipikiran jadi poék, peso nu keur dipaké nyiksikan bawang sakilat ngeureut urat leungeunna, getih mancer ngabayabah maseuhan lahunan..kausap sétan!

Fikmin #SMS ti Kang Tatang#20
 “ Nung…,sono!” bulak balik SMS dibaca, karasa leleb kana haté. SMS teu buru-buru dibales, asa tacan sugema maca eusina. Ngumbar lamunan mapantes manéhna nu keur sono, sajongjongan anteng. Teu lila, datang deui SMS: “Hapunten lepat ngintun ...," ukur sajalan dibaca, karasa ngajedud kana haté, lamunan sakilat paburisat, ganti ku kahanjelu nu tungkeb 'na dada! Euh..., boro atoh sugan téh enya sono ka kuring, gancang SMS dipupus, hapé dibeubeutkeun, reup peureum, nuluykeun deui ngimpi nu tadi kaganggu ku sora hapé.

Fikmin #Teu Siga#21
Poé ieu si bungsu geus nanya deui baé, naha rupa manéhna, lanceuk-lanceukna ogé bapana teu sarariga.Teu gancang dijawab, lantaran bingung kudu kumaha pijawabeunna.“Enggal jawab atuh mah !” Kuring éleh géléng, pok ngajawab:“Harita nuju ngandung ku dédé, mamah resep ka Jacky Chen, bentang film Cina, matakna dédé socana sipit !” Pikiran  téh si bungsu bakal sugema jeung moal papanjangan. Manéhna ngahuleung, teu lila pok ngomong: “ Berarti unggal bobot, karesep mamah sok béda-béda, soalna aa sareng tétéh gé teu siga, tapi naha nya teu aya nu siga bapa?” Kuring teu bisa ngajawab ngan ukur ngagerentes dina heté :” Pasti moal siga da aa, tétéh, ogé dédé baréda bapa, kitu ogé bapa nu ayeuna, lain bapa maranéh !

Fikmin # Panyaluuhan#22
Beuki nyeri kana dada , teu bisa ditahan-tahan deui, ngan kudu ka saha ngabudalkeunana? Euweuh deui taktak atawa lahunan, panyaluuhan pikeun kuring mudalkeun kapeurih!

Fikmin # Dirapalan#23
Waktuna ijab kabul, kuring beuki élékésékéng. Késang luut léét, jantung ratug tutunggulan. Komo basa manéhna maling rérét. Bréh lalakon katukang mangsa babarengan nu pinuh kaasih jeung katresna. Matak nineung. Sajongjonan anteng ngangon lamunan. “ Nampi abdi nikah ka Astuti binti Haji Maknul sareng mas kawin saparangkat alat solat dibayar kontan”. Sora manéhna ngagebahkeun lamunan kuring. Cimata  murubut, jadi saksi jatuk rami  manéhna jeung sobat kuring.

Fikmin #Kabaya Brukat Bodas#24
Diteuteup, diusap, diréndéngkeun jeung samping kebat sidomukti. Kabaya brukat bodas nu salila dua puluh tahun ngan ukur aya dina sawangan, isukan baris dipaké pikeun nutup mangsa lalagasan. Mungguhing Gusti nu ngatur jodo, pati,bagja, cilaka manusa. 

Fikmin #Bati Sono#25
Sora panto diketrok. Gura giru muru panto, tuluy dibuka. Barang bray…Kalangkang anjeun ngabedega hareupeun panto. Kuring hareugeueun.Teu kungsi dibagéakeun. Angin kaburu nyinglarkeun lamunan. Mawa anjeun ilang tina paneuteup.

Fikmin #Talatah#26
Kasaha deui nitipkeun geter kasono? Talatah ka angin, ka lambak, weléh teu mawa balesanna. Naha teu tepi atawa anjeun teu surti? Simpé peuting jadi saksi, kumaha nalangsana kuring nandang kasono nu beuki rongkah ‘na dada. 

Fikmin #Teungteuingeun#27
Tepung deui jeung peuting nu matak rungsing. Hiliwir angin lapur teu mawa deui balesan ti anjeun.Keclak cihujan siga nu ngaléléwé.  Simpé peuting ngan ukur bisa nyaksian haté nu beuki nalangsa. Kumaha mapalérkeun kasono, kitu lain kieu salah? Ngadak-ngadak cakcak nyora pating témbalan siga nu mupuas. 

Fikmin #Jang Ukém#28
Rupa teu kasép. Gawé teu boga. Tapi loba awéwé nu mikahayang. Meuli-meuli manéhna. Diajak pelesir ka dayeuh.Dipangmeulikeun baju, calana, sendal,  jeung sajabana. Ginding ku paméré awéwé. Teu ambil pusing, “Lain urang ieuh nu ménta”, pokna. Nepikeun Nyi Ilis randa anyar mah wani nanggung kabéh waragad, asal bisa kalaksana kawin jeung manéhna.  

Fikmin#
“Bapa kapiuhan nuju rapat, ayeuna dicandak ka rumah sakit,” nu ngabéjaan tina telepon. Teu puguh rampa, teu puguh cabak. Cikénéh nganjang. Disampakkeun luh lah kasusah kuring. Kari-kari ayeuna aya béja bapa kitu. Gesat gesut, tuluy muru rumah sakit. Kasampak bapa ngagolér di ruang ICU. Kuring ngan ukur bisa ceurik bari teu weléh ngadoa. Pamugi bapa dipasihan kakiatan sareng kasabaran. Katingal bapa ngulisik, sadar. Pili genti nemonan bapa. Teu katingal tapak-tapak tos kapiuhan. Bapa jarégjég jagjag  deui. Nyariosna jelas bari teu weléh imut. Ngaregregkeun kuring. “Bapa mah teu nanaon, tuh karunya mah nu gigireun teu sadar-sadar,” walonna.

Fikmin #Bulu Borang#29
Katelah jelema wanian. Teuneung ludeng. Teu sieun ku jurig, malah ditangtang gelut. Kitu ogé ka jelema, sahaok kadua gaplok. Euweuh kasieunna. Tapi kaayaanna ayeuna robah 360 darajat, tong boro ku jurig atawa jelema dalah ku cucunguk gé murungkut sieun. Kitu kajadian téh saprak bulu borangna dicabutan ku pamajikanna.

Fikmin #Leungiteun #
Guligah. Samar polah. Haté geus kumejot hayang geura tepung. Cangkeul beuheung sosonggéteun, nu ditungguan teu jol-jol waé. Sapoé, dua poé, nepi ka saminggu, Lapur euweuh iberna. Duh…kamana atuh sakadang ideu?

Fikmin #Draw#30
Hampura mun kuring geus ngagambar tatu dina haté anjeun. Bongan anjeun datang dina mangsa nu salah. Mangsa haté geus baal alatan kapeurih. Kalimpudan bangbaluh alatan jalir janji anjeun. Panto haté geus kakonci ku kuciwa nu kacida. Hésé deui muka lawang haté pikeun tresna anjeun ayeuna. Anjeun ngarasa nyeri, peurih jeung kuciwa? Draw ..hiji-hiji ari kitu mah!

Fikmin # Nu Rék Meuli Tali Sapatu#31
Poé maju ka peuting. Hujan ngaririncik maturan léngkah. Sora bangkong silih témbalan. Kica-kica nyaangan tatapakan. Leumpang tungkul milihan jalan nu pinuh ku cileuncang. Haté ngarakacak, ras kana nasib diri. Sapoé bieu  usahana teu bebenangan. Tali sapatu daganganna  euweuh nu nawar-nawar acan. Kasawang isukan barudak kapaksa kudu puasa deui. Teu bisa meli béas. “Ah ..sugan wé ayeuna aya nu meuli”, gerentesna. Enya wé, palebah péngkolan, aya nu megat. Awéwé dibaju bodas. “Kang, mésér tali sapatuna”, sorana awor jeung angin nu dumadakan nyéor. Kaatoh aya nu rék meuli kagebahkeun ku selengsengna bau menyan kaanginkeun, muridingkeun bulu  punduk.Teu dipiroséa deui nu rék meuli, ngabecir lumpat satarikna!

Fikmin# Katurelengan#
Sakilat dangdanan Nyi Utih  robah lir putri. Matak kalinglap, jauh jeung dangdanan sapopoé nu rudin jeung teu matut. Embér robah jadi mobil alus kumplit jeung supirna. Pikeun nganterkeun manéhna ka pasamoan. Sadatangna Nyi Utih teu leupas ti paneuteup reueus sakabéh nu aya. Pada nyalaman, pada nanya, euweuh saurang gé nu teu ngabagéakeun manéhna, kaasup Dén Jaka nonoman nu boga hajat. Ngantep sémah nu lain uplek ngobrol jeung Nyi Utih. Peuting éta Nyi Utih jadi puseur kaéndahan. Teu karasa waktu beuki nyérélék, Treng, jam disada 12 kali nandakeun Nyi Utih  kudu buru-buru balik. Gura giru indit sabada amitan ka Dén Jaka nu hookeun dipungkas obrolanna. Lebah tétécéan, selopna tikudawet kana tungtung baju. Gedebut…Nyi Utih labuh. Les, kapiuhan lila pisan. Barang sadar karasa awakna baseuh jeung bau leutak. Kuniang hudang. Gap kana émbér nu karék saparapatna kaeusian tutut. Tuluy buru-buru hanjat kana galeungan.

Fikmin # Carécét#
Bagja taya papadana sabada nampa kado ti manehna. Kado nu dibungkus kertas kayas. ‘Hatur nuhun, Kang”, walon kuring daria. Manéhna ukur imut. Panasaran hayang buru-buru muka, hayang apal naon eusina. “Ulah waka dibuka ayeuna, engké wé upami Akang tos wangsul”. Manéhna nyaram kuring nu katingali rék nyoékeun bungkusan kado.Teu kungsi lila manéhna amitan. Buru-buru kuring muka kado. Breh,  carécét bodas jeung salambar kertas. Tuluy dibaca, sapanjang maca cimata teu karasa maseuhan pipi, haté asa disebitan hinis. Nyeri peurih teu kawengku. Carécét baseuh ku cimata. Satamatna maca kuring ngan bisa gegelendeng. Sugan téh kado naon wé, horéng nitah kuring maca carpon anyarna. Beu !!! 

Fikmin #Paingan atuh#
Panasaran nelepon deui manéhna, sugan ayeuna mah hénponna aktif. Enya wé aya nyambung, ngan teu lila jol pegat. Dicobaan sakali deui, malah ayeuna mah kalah teu aktif. Bosen ti isuk mula teu hasil nelepon. Hénpon dibalangkeun kana kasur. Ambek nyaliara ‘na dada. Naha geus embung kitu nampa telepon ti kuring? Béda ti sasari, manéhna nu sok remen nelepon. Majar ukur hayang ngadéngé sora kuring. Ari ayeuna kaayaanna ti balik. Lep les tara aya pisan nelepon, malah ditelepon gé tara ieuh daék nampa.Komo diSMS mah lapur tara dibalesan. Kring, hénpon disada. Geuwat diboro. Sidik pisan ti manéhna.”Halo, dupi ieu sareng saha, naonna pun lanceuk, naha neleponan sareng ngintunan SMS waé?” sora awéwé tina telepon. Hate  mentegeg. Teu hayang ngajawab, hénpon gancang dipaéhan. Lung deui kanu kasur.

Fikmin # Ukur lagu#
Gurat-gurat katineung mapaésan ungkara. Karasa anteb. Najan ngan ukur dina lagu. Mapaykeun lamunan ti unggal juru ingetan. Pili genti némbongan. Mangsa dimana tresna anjeun kacida mangkakna. Ayeuna kari tinggal waasna. Anjeun  geus lunta ninggalkeun haté nu gudawang. Muru panganjrekan haté nu lian. Nu ceuk anjeun leuwih tingtrim, leuwih mawa bagja. Nu leuwih modéren tibatan kuring, awéwé kampung bau lisung. Beuki lila lagu karasa beuki nyasaak haté, nyeri peurih teu kawengku. Cimata marengan rénghapna lagu, laju nepikeun ka panuntung. Nalangsa!

Fikmin # Kulawu #
Ngumbara ka salaksa sawangan. Nyungsi pasini nu kungsi kedal. Lapur, angin geus nyinglarkeun jauh ka alak paul. Tresna ngan ukur bisa kapidangdam. Ngajadi papaés juru haté nu méh rajét. Salawasna. Sawatara, anjeun hiber teunangan nyesueupan sari ti kembang ka kembang. 

Fikmin #Batur Ulin#
Bosen nambakeun budak ka indung beurang. Si bungsu angger rungsing jeung ogo waé. Tara anteng najan cocoan jeung jajaneun diaya-ayakeun. Ngan anéh, poé ieu mah budak téh teu rungsing jeung ogo. Malah anteng ulin di pipir. Panasaran diintip. Gebeg, katingali budak keur ocon jeung oray  nu sakitu gedéna. Euweuh riuk-riuk sieun, malah diusapan jeung digaléntoran. Sakedapan ukur reuwas jeung hookeun. Tuluy lumpat muru ka pipir. Kadéngé aya nu datang, oray ngulisik ngaléor asup ka kebon. Teu dipaliré deui, budak buru-buru dirawu, diais. Budak teterejel bari gegeroan, nyambat oray.

Fikmin # Sono Nu Lain #
Najan anjeun can kungsi wakca. Haté moal nyalahan. 

Fikmin # Jeroeun Kulkas #
Haté rajét nu geus lila diteundeun, ngabatu ngajadi és. Hésé dikoét, dicokél. Iwal asih nu wening nu bisa ngaleyurkeunna. Ngan, teuing ting saha jeung iraha !

Fikmin # Nguseup #
Lung, Jeujeur dialungkeun ka tengah balong. Gék diuk nyarandé kana tangkal cau. Nungguan eupan disantok lauk. Lila eupan teu disanggut waé, lenggut nundutan. Sora ting kocépat ngahudangkeun. Rungah ringeuh ningali jeujeur nu menod. Laju ditarik. Bréh, lauk kancra nu gedé. Lauk teu buru-buru dicokot ukur dipelong. Kadéngé sora awéwé  semu ngalengis, “Énggal geura laan useupna, biwir abdi tos nyeri, kang…”, sidik pisan kaluar tina sungut lauk.

Fikmin # Leungit Ali #
Sisi jalan nu beulah kénca can puguh bérés, sésa ngagali pabalatak kénéh. Ayeuna nu beulah katuhu geus mimiti deui digali. Remen pisan jalan diubrak-abrik. Kandaraan jadi hésé usik. Macét unggal waktu. Matak aral nu rusuh. Majar ceuk béja mah keur néangan ali Juragan nu leungit. Alatan murag kana jero wésé, tuluy palid kebat muru kokocoran cai nu aya dina jeroeun jalan. Aya bahan salila can panggih mah jalan bakal tuluy digali nepikeun ka tuntung dayeuh nu brasna ka walungan.

Fikmin # Surabi jeung Matapoé #
Ciibun ‘na tungtung daun, suda lésot, nunggu réma matapoé noél ku haneutna. Hanjakal nu ditungguan kalah nyumput satukangeun halimun. Hawa nyecep nyiwitan kulit,  nu morongkol beuki nyusup handapeun simbut. Nambah-nambah alesan nu pangedulan. Lain deui caritana Ma Iti, nu ngadadak jadi hareudang. Pada ngariung. Pakupis ngeusian panyorbén bari ngasur-ngasur suluh. Nu rék ka sawah, ka pasar, nu muru gawé kabéngbat panasna hawu, ngahaja ngadon siduru heula bari ngopi surabi. Adonan nu biasa lila rék béakna, ayeuna tinggal baskomna. Teu kungsi garingeun dipolototan matapoé.

Fikmin # Hayang Amprok  #

Poé maju ka magrib langit ceudeum nandakeun rék hujan. Teu kungsi lila ngagebrét. Ampir dua jam kuring cindeluk nungguan giliran, kesel jeung cangkeul teu dirasa bakat hayang amprok jeung manéhna, padahal mah karék minggu kamari jonghok.
Élékésékéng, hayang geura panggih.  Paneuteup teu lésot tina panto. Sakapeung ngarérét jam nu naplok ‘na témbok. Waktuna amprok,  manéhna teu loba nyarita.  Kapanasaran can kabéh kabudalkeun geus nitah kuring kaluar ti rohanganna. Bati ngalelengkur nungguan mangjam-jam,  ngan ukur paguneman teu leuwih ti lima menit jeung salambar kertas resép nu kudu dibeuli..!


Fikmin # H #
Ukur bisa nuliskeun ratusan aksara“H’ dina kertas kayas. Nganteur rasa nu marengan rénghap tiap ngucap “H”. Rasa nu geus nganteurkeun lalakon dina pangimpian. Nu hamo bisa kasorang. Jauh tina udagan. Sabab, waktu geus ninggalkeun méméh bagja kapimilik. 

Fikmin # Inbox #
Barang bray muka fésbuk, katingali angka 1 beureum handapeun tanda pesen. Atoh. Sugan wé balesan nu didago-dago. Panasaran dibuka. Gebeg, kabaca tulisan “ Lalaki Tunggara …Akang sono! 5 menit yang lalu”. Siak, bulu  punduk ting sariak, késang tiis maseuhan tarang, awak ngadégdég. Gancang-gancang  komputer dipaéhan.Hujan masih ngaririncik. Peuting karasa beuki keueung. Narima pesen ti manéhna, nu karék kamari maot.

Fikmin # Tah Geuning….#
Biur mobil muru alamat nu rék dijugjug.  Palebah jalan cagak rada bingung kudu méngkol kamana, ka katuhu atawa ka kénca. Rék nanya euweuh saurang gé nu ngulampreng. Béca ngajalugrug sisi jalan tapi teuing kamana nu bogana. Tina kaca spion katingali aya lalaki rentang-rentang nyamperkeun mobil. “Tah geuning kabeneran aya nu liwat”. Kaca buru-buru dibuka. Can gé pok nanya, manéhna geus miheulaan ngomong, “Tah geuning!” Kituna téh bari malédogkeun sapelastik runtah kana beungeut, tuluy lumpat bari seuri nyikikik. Reuwas jeung hookeun. Teu lila, jul jol jelema nyalampeurkeun, horéng ti tadi mah nyararumput da sieun kunu gélo anyar.

Fikmin # Nu Datang Saliwat #
Hénpon teu nyora deui. Siga suda mawa iber ti anjeun. Taya deui kecap kasono jeung asih nu remen mapaésan haté. Ngan ukur saliwatan migandrung. Peuting beuki karasa simpé. Neuleumkeun kuring kana sagara nalangsa. Anjeun, anteng nganteur kasuka. Ngumbar lagu katresna.

Fikmin # Sabada Ngider #
“Racun tumbilaaa…racun beuritttttt..!” sorana beuki peuyeuh. Ngiderkeun daganganna ti lembur ka lembur. Tapi, euweuh saurang gé nu meuli. Nepi ka tungtung lembur karasa awakna beuki lungsé. Handapeun tangkal mahoni, manéhna reureuh. Diuk ngalungsar bari rumahuh. Soréna, saeusi lembur geunjleung, aya mayit dina handapeun mahoni. Leungeun katuhuna  nyekel pelés kosong nu aya gambaran beurit.

Fikmin # Tajongan Édas #
Békam iceus naker mawa bal. Bisa ngaliwatan dua pamaén tukang nu ngahalangan lumpatna. Hareupeun gawang bal ditajong satarikna. Kiper sayaga rék nahan bal. Tapi, kalah  ngagoak bari meungpeunan beungeut. Bal lapur teu katéwak. Békam ukur nyengir bari nunjuk sukuna nu kari dikaos kaki.

Fikmin # Potrét Isuk-isuk #
Di harepeun émpér toko. Barudak sapantaran anjeun garogonjakan sabot nungguan angkot rék ka sakola. Sawatara, anjeun masih morongkol tibra disimbut kardus. Sanggeus sapeupeuting lumampah néangan keur eusi beuteung.

Fikmin # Bongan Urang Paanggang #
Aya hariwang maturan jemplingna peuting. Haté hésé dipapalérkeun, kumalayang marengan datangna karingrang. Ngan ukur bisa neuteup foto anjeun pikeun nyinglarkeunna. Cimata marengan rénghap. Foto ditangkeup, digaléntoran. Anjeun angger ukur imut. Taya sora. Taya ringkak. Teu robah. Peuting maju ka mumunggang. Kahariwang beuki rongkah ‘na dada. Nu anggang lapur taya iberna. Teuing kamana, teuing dimana, teuing jeung saha. Teuinggggggg !!!

Fikmin # Otél #
“Néng, geulis...” ceuk Si Jajaka ka Nyi Mojang. 
“Kah… aya naon Aa?” Walon Nyi Mojang alon. 
“Ih…gemes!” Ceuk Si Jajaka bari noél cangkéng Nyi Mojang. 
“Ahh…géték atuh Aa!” Nyi Mojang semu ogo. 
“Gétéknya geulis?” Tanya Si Jajaka, kituna téh bari noél deui. 
“Aaahh…si Aa mah..!" Nyi mojang ngadelék.
Ningali polah Nyi Mojang, Si Jajaka kalah beuki ngahajakeun noél.
"Ihh...ceuk nyai géték, géték!” ngomong kituna téh bari jung nangtung, tuliuy lumpat. Sakedapan Si Jajaka ukur olohok. Tuluy buru-buru ngudag Nyi Mojang. Nu diudag kalah beuki tarik lumpatna. Si Jajaka teu cicingeun, tuluy ngudag deui. Saterusna, Si Jajaka jeung Nyi Mojang silih udag dinu luhur suhunan, bari pahereng-hereng.

Fikmin # Kamar 405 #
Sup ka jero rohangan nu dicét sarwa bodas. Lampu ngempray nyaangan rohangan nu teu pati lega. Ranjang, dua ngajajar diwatesan hordéng bodas. Dina tihang deukeut ranjang ngagarantung botol pelastik eusi cai inpusan. Selang ting arambay, jadi liliwatan cai nu ragrag sakeclak-sakeclak muru jarum nu nanceb kana urat leungeun. Wadah oksigén siraheun. Dina  ranjang kadua nu  disepréan lawon bodas, waruga nu teu walakaya ngagolér. Ngalempréh, pasrah digulang gapér dokter jeung suster. Kuring ukur bisa neuteup, cimata murubut marengan gerendeng haté. Neneda pitulung Manten-Na.

Fikmin # Ngan Sapoé #
Nurih haté ku congo ungkara nu pinuh kaéndahan. Mapaésan haté ku gurat-gurat pangharepan nu ukur pupulasan. Ngan ukur sapoé kedal kanyaah ditebrakeun. Nyésakeun peurih ‘na haté nu gudawang.

Fikmin # Gara-gara Si Sarimin #
“Goblog téh, wani-wani ngusir aing, Sarimin! Pira gé milu cicing hareupeun imah. Teu nyaho manéh, imah aing gé leuwih gedé batan imah manéh! Mobil aing gé aralus aya opatna.Ngan gara-gara si jurig Sarimin nipu tah, kabéh ledis. Pék, rasakeun siah, isuk pagéto manéh aya nu nipu moal jauh nasib manéh bakal siga aing!” Jung kuring nangtung bari ambek teu poho najong panto pager heula. Tuluy leumpang ka kalérkeun, ambek ka si Sarimin ukur bisa gegerendeng. “Goblog!” Kaléng ditajong satarikna. Kop kana batu, belewer dibalédogkeun kanu ngaliwat, bongan melong waé. Barudak sakola katempo sarieuneun basa kukuring dipelong, bongan maranéhna maroyokan. Ngan teu lila maranéhna kalah nyurakan kuring, leumpang gé jadi asa dikendangan. Genaheun ogé, tungtungna kuring ngaréngkénék ngigel dikendangan surak barudak nu ngabring-ngabring nuturkeun. Ari ngalieuk ka tukang, horéng si Sarimin ogé geus ngéngklak bari sarua maké pakéan rewag-rewig..."

Fikmin # 76 #
Diayun ambing kabingung. Dipépéndé nalangsa haté. Kahayang ukur udagan. Hamo tinekanan. Antara anjeun jeung kuring, lir ibarat langit jeung bumi.

Fikmin # Buaya #
Najan nyamuni jadi sinatria. Sifat mah moal bisa dibun-buni. Remen ngadodoho korban pikeun dimangsa. 

Fikmin # Di Jero Toko #
Kesel dipelong waé, ditutur-tutur kamana kuring ngaringkang. Matak teu jongjon milih balanjaan. Kabeneran manéhna nyamperkeun, bari jamotrot. Teu anta parah deui,“Jekok, jekok!” Peureup buleud kuring ngahanca cukang irungna. Manéhna ngajengkang. Gubrag, nyangsaya kana erak wadah botol inuman. Eusina raragragan ninggang sirah manéhna nu keur humarurung ngarasakeun irungna. Botol inuman pabalatak, sawaréh peupeus. Geutih nyakclakan tinu irungna. Sirahna bancunur katinggang botol. Manéhna beuki humaregung. Kuring seuri sugema. “Rasakeun siah, puas tah, wék dor!” Kuring ngaléos ninggalkeun manéhna nu keur diririung. Karék gé lima léngkah, leungeun aya nu néwak. Ari dirérét, Satpam. “Punten, Néng kedah ngiring ka kantor heula, kanggo interogasi.” Kuring ukur unggeuk, teu bisa ngalawan. Kuring dicangkalak digiringkeun ka kantor. Nu ningali ting kecewis, “ Teu sangka geulis-geulis, wanian pisan nenggel ménéjér toko.”

Fikmin # Pileuleuyan #
Méga kulawu mindingan teuteup bulan. Peuting nu simpé. Haté suda ngagerentes. Bongan diturih,tatu. Galécok sono, suwung. Geus lila teu nganjang ngaharéwos. Ninggalkeun tapak nineung. Kalangkang ukur saliwatan datang. Ilang bareng jeung hiliwirna angin. Mangsa ngarobah bagja jadi cimata. 

Fikmin # Kasaréan #
Cluk clak cihujan marengan léngkah. Poé geus maju ka poék. Leumpang rurusuhan muru terminal. Sieun tinggaleun beus panungtung. Kasampak beus ngajugrug kénéh. Kalacat naék, milih korsi panghareupna sisi jandéla, beulah kénca. Beus kosong kénéh. Can loba nu numpak mah beus tara waka indit. Sabot nungguan, nundutan. Tuluyna tibra bakat ku capé. Hudang sotéh digeuingkeun ku konéktur. Buru-buru ngodok saku, nyokot duit keur mayar. Song, diasongkeun ka konéktur. Konéktur teu nampanan kalah seuri. “ Teu kedah mayar Ceu, beusna gé da teu acan maju, mogok. Digugahkeun sotéh pédah Euceu tos lami teuing kulemna.” Rungah ringeuh, tuluy turun. Hujan ngagebrét. Toko geus narutup. Nu daragang geus méréskeun daganganna. Rét kana jam nu naplok dina témbok terminal. “Astagfirulloh, geus jam 12 peunting, kumaha balik, geus euweuh tutumpakan?” Ngolébat beungeut si bungsu nu keur gering parna dina aisan lanceukna.

Fikmin # Sleeping Beauty #
Sanggeus pagawéan di imah bérés. Gura giru muru walungan. Rék nyeuseuhan. Pagawéan nu geus biasa keur Anah saprak manéhna ditundung ku indung téréna. Hirup nyorangan di sisi lembur. Jauh jeung kadang baraya. Bérés nyeuseuhan tara buru-buru balik. Cicing niis handapeun tangkal kérsen bari nungguan garing seuseuhan nu di poé dina luhureun batu. Dibaturan ku ucingna nu satia. Angin ngahiliwir, nganteurkeun pitunduheun. Anah ngalenggut, tibra. Sora daun kérsen katebak angin beuki mépéndé. Kotoplak sora sapatu kuda. Reg, eureun lebah tangkal kérsen. Nonoman gagah tur kasép turun tina kuda. Nyampeurkeun Anah nu keur tibra. Sajongjongan ukur neuteup bangun deudeuh. “ Ieu geuning jungjunan panutan ati nu lila ditéangan téh, “ gerentesna. Brek, deku. Beungeutna dideukeutkeun  kana beungeut Anah. Celengok, nyium pipi Anah. Anah nguliat, mélététkeun matana. Gurinjal, reuwas ningali aya nonoman di hareupeunna. Buru-buru hudang. Gigisik. Barang bray,  euweuh sasaha. Ukur ucing nu luncat tina dadana, asa kagareuwahkeun.  

Fikmin # Ambek #
SMS nu kaopat dikirimkeun. Lapur deui euweuh balesanna. Nyobaan ditelepon, hapéna teu aktif. Nyel, ambek. “Brak!” méja digebrag satarikna. Cikopi bahé, ngalayah maseuhan méja. Keleweng gelasna dipangpéngkeun. Belingna pabalatak ‘na ubin. Taplak méja dirorod, dialungkeun. Can béak kaambek. Sagala nu nyampak dialung-alungkeun. Tengah imah jadi pabalatak. Panungtung, hapé dibeubeutkeun. Nempo hapé ancur paburincay, jol rasa kaduhung. Halah...kumaha bisa ngaSMS jeung nelepon deui manéhna? 

Fikmin # Halik Tah…#

Tengah peuting, malem Jumaah. Di luar, anjing ragég.  Paralak, sora kesik mawur luhur kenténg. Angin ngagelebug. Bray, jandéla muka. Sérélék, hordéng nyingkab. Geblug, panto nutup tarik pisan. Pes, lampu pareum. Aya nu kokolébatan bodas di tengah imah. Dibarengan seuri nyikikik. Laju nyamperkeun kanu keur diuk hareugeueun, hareupeun komputer!

Fikmin # Dina Angkot #
Ngahaja milih angkot téh nu kosong kénéh ngarah salsé mun nelepon jeung SMS-an. Palebah sakola, angkot eureun, nungguan bubar. Enya wé, teu kungsi lila barudak minuhan angkot. Kuring, pangkolotna, nyempod bari ngabandungan obrolan barudak. Ramé gogonjakan, saruka bungah. Kuring ukur ngabandungan. Teu lila, jep jempling. Barudak anteng nyoo hapéna séwang-séwang. Lain nu murah, kabéh gé kaluaran anyar. Abong urang kota jeung anak jelema aya. “Kriinggg…,” sora hapé. Barudak silih rérét bari seuri ditahan. Hapé terus disada. Kuring api-api nundutan. Hapé teu nyora deui. Tayohna mah terus pareum, béak batréna. Abong hapé jadul.

Fikmin # Hujan Munggaran #
Hujan anteng ngepris. Ngahariringan wanci nu ngarayap ka peuting. Disaliksik angin Fébruari. Keclakna nganteur ludeung asruk-asrukan dina lamunan. Aya geter rosa naker ngorag-ngorag pucuk rasa. Mangrébu kecap nu ngawirahma angger pageuh muntang na elak-elakan. Teu bisa kedal. Basa léngkah beuki anggang, rét ka tukang. Sasemplak haté tinggaleun di kios roko nu rambisak ku cihujan.

Fikmin # Tembang Peuting #
Diuk ‘na balé-balé disaksian teuteup bulan. Nyawang lalakon antara anjeun jeung kuring. Bruh bréh pating jorélat gambar pulas kayas. Matak nineung. Angin ngadangding nembangkeun éndahna peuting. Nambah anteng ngencarkeun lamunan. Hiliwirna ngayun ngambing kasono ‘na dahan katineung. Léokna ngawirahma marengan geter rasa. Beuki lila… geter ngagumuruh. Nurih kamelang ‘na congo haté. Aya kainggis, aya karémpan, dahan peunggas méméh sono ngabuah bagja.

Dina tungtung hujan aya tungtung réma anu lalancip, niiran imut, lajeng dipangpéngkeun kana lebah héhérang panon Engkang. Teu wasa neuteup. Ah, ukur haté nu guntreng sorangan.

Fikmin # Nu Ninggalkeun Gedong #
Ngincid dipayung muru jalan gedé. Payung pageuh dicekel. Hujan angin marengan léngkah, ninggalkeun gedong nu mawa katineung. Teu dilieuk deui. Tonggoy  leumpang, nyawang ringkang ‘na cileuncang. Sakapeung payung lingkup kagebahkeun séorna angin. Hujan remen murakeun caina. Awak rancucut, mucicid. Laju leumpang jeung haté nu beuki leuseuh. Peuting ngulisik, mingkin mawa tunggara. Ngajurung keclak cimata nu sili udag jeung cihujan. Keclakna ngajadi saksi,  peurihna diturih  pasini nu sulaya.

Fikmin # Cikopi #
Cur, cai nu karék ngagolak ninyuh kopi jeung gula dina cangkir. Dua séndok kopi, saséndok gula, takeran nu geus biasa. Laju dikocék. Geus teu kaitung deui, sabaraha cangkir cikopi nu geus dijieun salila welasan taun. Peuting ieu, cikopi nu jieun dibarengan ku harepan. Sor, diasorkeun. Regot…regot…diselang ngelepus, bangun nu ni’mat. Anteng neuteup haseup nu nyerebung.Teu maliré nu nangtung ngajentul ningalikeun. “Kang…bade iraha atuh?”  Euweuh jawaban. Ukur haseup nu nyerebung. Laju ngaregot deui cikopi. “Kang...!“ Angger teu némbalan. “Moal waé kitu?” Rada teugeug. Nu ditanya kalah ngabalieus. Ambek mecah, lumpat muru kamar. Gebrug! 

Fikmin # Obrolan Beurang #
Di hiji rohangan ibu-ibu keur guntreng, silih témpas. Teu jauh ti ngagosip. Obrolanna robah jadi daria pisan. “ Sakalian wé dipotong, ngarah gancang bérés mah,”  Bu Imas nyelengkeung. “Is, ulah ari kudu dipotong mah, pan  urang butuh nu panjang, hésé dipakéna nu pondok mah,” témpas Bu Icih.”Kumaha mun dicangreudkeun wé atuh, ngarah aman mah,” témbal Bu Iroh. “ Dicangreudkeun mah jadi kapendet, moal lancar ngaluarkeun eusina. Geus wé lah,  dicocokan liangna ngarah teu cur cor kamana baé, barangna tetep teu robah!” Bu Icih mungkas obrolan. “ Enyalah nu penting mah masih bisa dipaké kénéh, aya gunana,” ibu-ibu saur manuk  nyatujuan. Obrolan tamat. Riungan bubar. Ibu-ibu katingali barungah, geus manggihan cara nu jitu.

Fikmin # Mangsa Purnama #
Mangsa purnama. Mangsana urang paturay. Dina tungtung teuteup Engkang, aya galindeng kapireng. Nganteurkeun tresna nu wening. Geterna minuhan jajantung. “Nung… Engkang mios heula,” walonna. Bangun nu beurat rék ninggalkeun. Kuring unggeuk teu wasa neuteup, ukur haté nu guntreng sorangan. Réma pageuh pataréma. Niiran rasa. Ninggalkeun haté nu bungangang. Tepung mangsa purnama, ukur aya kasono nu hamo kapapalérkeun. Tiiran rasa nyasaak awak. Haté bungangang ngajadi gudawang, nandang nalangsa. Kasedih nyimbutan pikir. Lambak ngajejewét pasini Engkang. Nilemkeun jauh ka dasar sagara.

Fikmin # Kabaya Brukat Bodas #
Diteuteup, diusap, diréndéngkeun jeung samping kebat sidomukti. Kabaya brukat bodas nu salila dua puluh tahun ngan ukur aya dina sawangan, isukan baris dipaké pikeun nutup mangsa lalagasan. Seubeuh neuteup, kabaya tuluy digantungkeun dina balik panto. Golédag kana kasur. Nyileuk. Tengah peuting. Dadak sakala, angin nyéor tarik pisan teuing ti lebah mana datangna. Lampu rep bray. Séak, bulu punduk ngadak-ngadak ting sariak. Rét kana panto. Gebeg. Kabaya nu ngagantung euweuh ‘na tempatna. Kuring ngajerit. Ningali kabaya gagayabagan di luhur lalangit kamar.

Fikmin # Kasilihkeun #
“Halik, nyalingkir ka ditu, geus teu kapaké, teu kajamanan!” haokna tegeg. Kitu petana téh ngarasa agul, pédah manéhna mah babari dipakéna, babari digunakeunna. Gawéna kesit jeung gancang. Komo ku kajamanan ayeuna nu sarwa modéren. Loba nu merlukeun, mopohokeun kanu sok biasa dipaké. Sééng nu geus lila tara ngésang balas ngakod aseupan, melenguk. Téténong ukur bisa mencrong awakna sésa dirangsadan beurit. Dulang gawéna ngan ngahuleng, nambru di juru jeung lulumpang. Halu ngarahuh bari ngagolér handapeun tolombong. Boboko said nalangsa, naplok ‘na témbok jadi sayang cucunguk. Kitu ogé nyiru nu ukur pasrah jadi tataheunan hakaneun lancah. Kabéh nganggur, taya gawékeuneun. Teu dipaliré. Teu diropéa. Geus lila ngan jadi pangeusi gudang.

Fikmin # Alatan Dudé #
"Nyi nyaah jeung béla teu ka Akang...?"
"Ih...nya puguh wé nyaah pisan" ceuk Nyi Ijah bari matana mah terus mencrong Dudé Harlino dina TV.
"Cik..atuh tarang Akang pang malurkeun ku balsem rada rieut yeuh!” ceuk Kang Komod bari nangoh.
Nyi Ijah teu loba omong, kop kana balsem doléwak balsem dicoél, maksudna mah rék malur tarang Kang Komod,  bari mata mah angger mencrong TV..
"Haduhhhhhhhhhh…sujjjjjjahhhhhhhhhhh...hayang sina lolong mata aing!" Kang Komod ngagorowok lantaran Nyi Ijah salah ngabalur.
"Halah...hampura Kang Dudé,  aéh Kang Komod..." ceuk Nyi Ijah rampa rimpi bari manjur beungeut Kang Komod ku cikopi.

Fikmin # Tungtung Katineung #
“Anaking… kahayang mah mangnyieunkeun gedong sigrong keur ngiuhan hidep. Makéan hideup ku baju alus tina sutra nu disulam emas. Mangmeulikeun barang-barang nu sarwa mahal. Nyumponan sagala  paménta jeung kahayang hidep. Tapi batan sakieu pangaboga indung. Najan tisusut tidungdung ukur bisa nyumponan keur eusi beuteung. Hampura ema anaking.” Bi Imik norowéco ngajak ngomong budakna. Nu diajak ngomong ukur peureum teu kecét-kecét. Waruga badag nu kari tulang sésa gering parna, teu lésot tina aisanna, ditangkeup pageuh, digaléntoran.

Fikmin # Lalaki ‘na Tungtung Hujan #
Malem Minggu. Hujan ngecrek ti soré kénéh. Matak mugagkeun lampah. Didagoan raatna lain dagoaneun. Rét kana arloji. Aya sajamna nungguan. Hanjakal teu mekel payung, haroréam ari kudu huhujanan waé mah. Nu lain geus mimiti ninggalkeun gedong, gura-giru balik najan kudu nyorang hujan.Tinggal kuring jeung manéhna nu masih cicing. Kuring anteng maca. Kitu ogé manéhna. Pada-pada anteng. Rohangan beuki karasa simpé. Ukur keclak cihujan nu nyora. “ Tos karaos, Nung?” Rungah ringeuh nyidikeun asalna sora. Karérét teuteupna di satukangeun buku. Teuteupna leleb. Nganterkeun asih nu wening. Hujan karasana beuki ngagebrét dina jajantung. Rasa nu dilelebah salila dua bulan, ayeuna nyata karasa. Teu sanggup kedal ngajawab pananyana. Haté pagaliwota, samar rasa. Kuring ukur ngaheneng bari ngulinkeun ali meneng. Nu geus lila mapaésan jariji katuhu. Katalimbeng disaksian hujan. 

Fikmin # Lalaki ‘na Tungtung Hujan #
Malem Minggu. Hujan ngecrek ti soré kénéh. Matak mugagkeun lampah. Didagoan raatna lain dagoaneun. Rét kana arloji. Aya sajamna nungguan. “Hanjakal teu mekel payung, haroréam ari kudu huhujanan waé mah” Ening ngarahuh. Nu lain geus mimiti ninggalkeun gedong, gura-giru balik najan kudu nyorang hujan.Tinggal kuring jeung manéhna nu masih cicing. Kuring anteng maca. Kitu ogé manéhna. Pada-pada anteng. Rohangan beuki karasa simpé. Ukur keclak cihujan nu nyora. “ Tos karaos, Nung?” Rungah ringeuh nyidikeun asalna sora. Karérét teuteup Udi di satukangeun buku. Teuteupna leleb. Nganterkeun asih nu wening. Hujan karasana beuki ngagebrét dina jajantungna. Rasa nu dilelebah salila dua bulan, ayeuna nyata karasa. Teu sanggup kedal ngajawab pananyana. Haté pagaliwota, samar rasa. Ening ukur ngaheneng bari ngulinkeun ali meneng. Nu geus lila mapaésan jariji katuhu. Katalimbeng disaksian hujan.
“Hanjakal teu mekel payung, haroréam ari kudu huhujanan waé mah” Ening ngarahuh. Malem Minggu. Hujan ngecrek ti soré kénéh. Matak mugagkeun lampah. Didagoan raatna lain dagoaneun. Rét kana arloji. Aya sajamna nungguan. “ Hayu ah, kuring ti heula,” Dadang gura-giru ninggalkeun gedong. Hayang buru-buru balik, najan kudu nyorang hujan. Tinggal kuring jeung manéhna nu masih cicing. Kuring anteng maca. Kitu ogé manéhna. Pada-pada anteng. Rohangan beuki karasa simpé. Ukur keclak cihujan nu nyora. “ Tos karaos, Nung?” Rungah ringeuh nyidikeun asalna sora. Karérét teuteup Udi di satukangeun buku. Teuteupna leleb. Nganterkeun asih nu wening. Hujan karasana beuki ngagebrét dina jajantungna. Rasa nu dilelebah salila dua bulan, ayeuna nyata karasa. Teu sanggup kedal ngajawab pananyana. Haté pagaliwota, samar rasa. Ening ukur ngaheneng bari ngulinkeun ali meneng. Nu geus lila mapaésan jariji katuhu. Katalimbeng disaksian hujan. 

Fikmin # Halah…! #
Ambek kanu jadi mitoha, ngan teu wani pok. Gejlig indit. Pamajikan nuturkeun bari rawah-riwih. Sagala dirumpak, sagala ditajong. Mudalkeun kaambek. Kaléng nu ngagolér di buruan ditajong satarikna. “Pssttt…!”  kaléng ngabelesat ngaliwatan suhunan. “Hiung-hiung…” muntir. Teu lila,  nyirorot. “Blug…!” “Aww…!” sora nu murag dibarengan kocéak lebah pacilingan. Gura giru muru sora. “Abah…!’ Kasampak, mitohana ngajurahroh di juru pacilingan. Tarangna bancunur katinggang kaléng.

Fikmin # Hujan jeung Sapatu Anyar #
Wanci panon poé satangtung. Cul ninggalkeun karesep, gatrik jeung babaturanna. Gura-giru balik ka imah. Kasampak, indungna keur mémérés dagangan bawaeun manéhna ngider. Teu kudu dititah deui, ayakan nu geus eusi dagangan disuhun. Tuluy mapay-mapay gang nanawarkeun daganganna. “Karokéétttt… karokéétttt…!” Hiji dua nu meuli. Manéhna sugema. Teu weléh nyéréngéh najan babaturanna ngaléléwé. ‘Na pikirna ukur daganganna gancang payu. Sabaraha beubeunangan jeung buruh nu bakal katarima keur ngeusian céngcélénganna. Langit ceudeum maturan léngkahna. Ngiderna beuki jauh. Daganganna masih loba. Hujan mimiti pras-pris. Teu lila ngagebrét. Bajuna baseuh. Plastik panutup daganganna geus pinuh ku cihujan. Teu reureuh ngiuhan tuluy nanawarkeun. Sorana beuki nalangsa awor jeung sora hujan. Aya kahanjelu sapanjang léngkahna. Sapatu anyar keur sakola kokolébatan nambah peurih matana nu kakeclakan cihujan.

Fikmin # Kado keur Bapa #
Gajih munggaran. Nu kapikir hayang mang meulikeun kopéah jeung sarung weuteuh keur bapa. Ngaganti kopéah jeung sarungna nu geus lalayu sekar pakéeun mun ka masigit. Teu diengkékeun deui. Indit ka toko rék meuli kopéah jeung sarung nu pang mahalna. Tuluy dibungkus dihadé-hadé maké kertas kado. Teu panasaran kudu méakeun gajih gé. Nu penting bisa nyenangkeun bapa. Balik ka imah dibarengan rasa sugema. Cita-citana bisa laksana. Tepi ka imah, rada ngarandeg. Karasa suwung. Langak longok ka kamar, bapa teu nyampak. Tuluy ka dapur, ka sumur weléh teu panggih. Naha kamana, tara biasana bapa kaluar ari lain waktu solat rék ka masigit mah. Sapopoé ukur di imah, puguh rada teu séhat saprak ditinggalkeun ema. Tungtungna diuk di téras hareup. Sajongjonan ukur ngahuleng. Kagareuwahkeun ku nu ngabring muru ka imah. Pa Érté nu pangheulana nyampeurkeun téh: “Hampura teu kadagoan. Geus bérés dikurebkeun ayeuna mah.”

Fikmin # Bangbarung #
Nampa béja Mang Udih rék ngawinkeun deui, Bah Kamta rada ngaheruk. Sarua pada-pada boga anak parawan tapi can kénéh ngawinkeun, ari Mang Udih ampir unggal taun. Tilu budak parawanna garancang menang jodona. Isukna, katingali Bah Kamta keur mapalangan bangbarung imahna. Tempat karesep anak parawanna ngadaweung.

Fikmin # Hariring  Sisi Basisir #
‘Na amparan kikisik. Neuteup ka jauhna. Lambak  nu sili udag. Panon poé nu mimiti surup. Angin ngahilwir,  nu mapaykeun rasa.  Ngagalindengkeun tresna antara  anjeun, kuring,  jeung manéhna nu diwatesan tungtung langit. Ukur jadi sawangan, kairidkeun séahna lambak. Nyésakeun  ngaran anjeun ‘na budahna. Nandakeun liwung.

Fikmin # Asih, Goréng Jéngkol, Goréng Asin, jeung Sambel #
Lain ngahaja nyingkahan. Komo niat teu ngawulaan. Sugan ku disingkahan, bisa mepes ruhak ‘na dada. Pisakumahaeun rongkahna mun tuluy disanghareupan. Ukur unggeuk basa dipéntaan idin. Nganteur indit cukup ku paneuteup. Salila paanggang, karasa leungiteun. Taya nu ngawulaan jeung dikawulaan. Cikopi panas unggal isuk, soré, jeung peuting. Sangu jeung deungeunna. Kukumbah wadah, bébérés imah jeung nyeuseuhan. Imah karasa molongpong, simpé. Cicing di imah kolot lain betah. Ngarumas teu siga di  imah sorangan. Nincak dua poé, beuki teu betah hayang mulang. Beurangna saged indit. Sadatangna ka imah, terus masak. Teu pira ukur ngagoréng jéngkol, asin jambal roti, tahu, numis kangkung jeung nyambel. Ambeuna minuhan imah. Ngajak nu anyar datang gura-giru muru dapur. Kedeprukna, nungtun rérét. Kasampak teuteup leleb dibarengan imut pinuh kaasih. Meper  haté, ruhak ‘na dada mimiti pareum.

Fikmin # Balada Tukang Asongan Asin #
Hareupeun kamar panginepan nu katilu didatangan. Cag, ngécagkeun boboko eusi rupa-rupa asin, tina aisanna. Tuluy nawarkeun ka pangeusi kamar. “Kanggo oléh-oléhna, cumi-cumi, jambal, tarasi udang, mirah Néng!” Nu ditawaran teu maliré, jongjon ngageberan awakna.            “Jambalna dua puluh rébu, cumi-cumi sapuluh rébu, wios tarasi mah lima rébu opat” pokna deui. Nu ditawaran angger teu maliré. “Upami mésérna seueur, jambal lima belas rébu, cumi-cumi dua puluh rébu tilu, tarasina sarébuan” teu eureun nawarkeun bari sakapeung nyusut késang nu rembes handapeun dudukuy cetokna. Si Néng ukur ngarérét dagangan, bari angger gegeber ku kipas. “Diical jinisna wé Néng ari badé mah, jambal opat belas rébu, cumi-cumi lima rébu, tarasi lima rébu genep, Ibi peryogi keur ongkos budak ka dokter. Karunya geus saminggu adug songkol waé nyeri beuteung” sorana dareuda. Aya nu nyurungkuy hérang ‘na juru matana, beuki lila ngamalir luhur pipina nu leuseuh karérab mata poé. Bati kekeleyengan nawarkeun dagangan ti panginepan ka panginepan.

Fikmin # Muguhkeun Nasib #
Kapaksa ngadatangan kantorna hayang panggih, hayang nyaho kumaha sikepna. Ngéléhan manéh, bongan jangji rék datang ka imah sulaya waé. Satpam nuduhkeun rohangan nu kudu dijugjug. Di rohanganna teu nyampak, laju ditelepon. “Antos sakedap, Engkang nuju rapat heula sareng pingpinan.” Walonna ‘na telepon. “Mangga… diantosan di kantin nya Kang!”  Muru kantin, milih diuk nyanghareupan lawang. Ngarah gampang nyérangkeun nu datang. Geus satengah jam can jol waé, inuman geus béak sabotol. Kapaksa pesen deui. Lima kali mesen! Mulak-malik majalah nu eusina geus kabéh dibaca. Can aya jol baé.  Gap, kana hénpon nu titadi jempling maturan, sugan jeung sugan bisa nepikeun panggero. Weléh. Hénponna teu méré ketak bisa ditepungan. Élékésékéng nahan kakesel nu mimiti nyaliara. Ampir dua jam ngadadago, euweuh kembang-kembang pidatangeun. Kakesel malih rupa jadi kaambek. Kasabaran geus ngaleuwihan watesna. Jung, nangtung. Ngejat  ninggalkeun méja nu pabalatak ku botol inuman jeung panyoéhan kertas ségel. Ngincid teu nolih deui gedong, nasibna geus puguh.

Fikmin # Tinggal Kahayang #

Sok hayang balik deui ka mangsa keur budak. Mun keur gering harééng tara lésot tina aisan ema. Diayun ambing, dinangna-néngné. Diogo. Dipupuk suhun. Diparancahan sangkan gancang cageur. Ayeuna keur gering harééng kieu. Saha nu rék ngais, ngayun ambing, mupuk suhun jeung marancahan?

Fikmin # Rusiah Satukangeun Panto Kamar #
Sili tuturkeun ka kamar. Panto ditutupkeun tuluy dikonci. Cetrék, lampu dipareuman. Guntreng sakeudeung.
Rekét-rekét sora pangsaréan. Jep, jempé.

Fikmin # Leungsing #
“Nyi Ijah Reuneuh…!” Cul-cel pabéja-béja. Éar salelembur. Nu matak jadi ibur, kulantaran Nyi Ijah téh parawan, can boga salaki. Katambah ayeuna geus sababaraha poé tara katingali ngaji ka madrasah atawa nyeuseuh di leuwi nu jadi pagawéanna unggal poé.  Nyi Ijah kaasup budak lungguh jeung bageur. Tara ieuh sok ulin ubrang-abring kawas batur sapantarna nu keur meumeujeuhna begér. Komo boga kabogoh. Sapopoéna ukur di imah ngurus  adi-adina. Indungna gawé di kota. Bapa téréna geus saminggu indit teuing ka mana. Beuki lila, beuteung Nyi Ijah beuki gedé.  Kacurigaan tatanggana beuki nataku. Teu narima mun di lemburna aya nu jinah. Opat puluh suhunan bakal kacéprétan mamalana.  Didongsok ku warga, ahirna Tua Kampung ngadatangan imah Nyi Ijah rék nalék. Nu ditalék ngajawab ukur gideug. Puguh teu rumasa. Diselek-selek kalahka susumpahan, malah daék sumpah pocong sagala. Keur ngabuktikeunna, Tua Kampung nitah paraji sangkan mariksa beuteung Nyi Ijah. Salila mariksa paraji katingali kerung semu nu hélok.

Fikmin # Jam 23.00 #
“ Nung…omat nya!”
“Sip lah Kang, antosan wé nya!”
“Kadé ulah kajongjonan mikmin, Nung!”
“Moal atuh, Nung gé hoyong da!”
“Jam sawelas nya Nung, ulah langkung!”
“Siaappppppp….Kang!”

Fikmin # Nu Nyésakeun Carita keur Isuk-Isuk ( révisi )#
Srangéngé caang méncrang mapag beurang.  Haneutna geugeut nyiwit kulit.  Nambah genah kana manah. Nu masih neundeun bagja sésa peuting.  Gelenyu imutna nambah  teuteup  beuki ni’mat. Langgéorna narik haté nu keur nguliat.  Rindatna matak tibelat, nambah duriat  Teuteupna pinuh ku surti. “Nuhun, Nung…!”  Cikopi beuki karasa amisna. Seungitna awor jeung seungit sampo tina buukna nu ngarumbay baseuh kénéh. Goréng sampeu ‘na piring,  saumyang kulitna nu kasinaran srangéngé. Pulen…sapulen rasa peuting tadi.  Nu geus nganteurkeun manéhna, metik  sugema.  “Na mumunggang  rasa nu éndah.  Lalakon nu remen nyésakeun carita keur isuk-isuk.  Méré kasugemaan nu dipulang ku puluhan lambar kertas beureum.


Fikmin # Kapahung #
Hujan mimiti pras-pris, teu lila ngagebrét. Teu matak mugagkeun léngkah. Tigin balik. Kajurung rasa kaduhung. Nganteur haté. Mapay jalan dibarung kabingung. Teu rurat-rérét. Teu nolih tincakeun. Cileuncang remen katincak. Pikiran kumalayang. Leumpang nuturkeun indung suku.  Leungit  jugjugeun. Awak mucicid kabulusan. Teu dirasa. Kajen téh teuing. Sora kelakson mobil patingtémbalan, ngagebahkeun lamunan. Ngeureunkeun léngkah.  Ngajengjen di tengah jalan. Ditingker kandaraan nu pagaliwota. Liwung , kudu maju atawa mundur. Kapahung. Kapidangdung. Salah léngkah. Mamala baris kasorang. Teu ku hanteu. Cilaka dua welas.

Fikmin # Nu Saha…? #
Nginget-nginget deui, saha nu panungtung ngajak ngobrol. Weléh teu kapikir, puguh sakitu lobana nu ngajak ngobrol di Rumentang Siang téh. Carécét gading nu palebah  juruna aya aksara disulam benang coklat. Masih dikeukeuweuk. Sakapeung diambeuan, resep ku seungitna nu leleb. Sumarambah kana haté. Ngapungkeun rasa. Kapigandrung. Kasawang nu mibogana. Enya kitu, carécét manéhna nu ngahaja ditinggalkeun keur kuring? Pangganti kecap katresna nu teu wasa dikedalkeun?

Carita Sabada Hujan

Ku Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Cluk-clak cihujan tina panyawéran. Mirig peuting maju ka mumunggang. Marengan simpé ‘na haté nu geus lila nganjang. Suwung gentra nu mikasono. Satutasna tepung jeung niyata. Antara harepan jeung udagan hamo kadongkang. Neuteup lalangit kamar disaksian bantal jeung guguling nu pabetem-betem. Nu satia neundeun rusiah guligahna haté. Sapanjang peuting ‘na mangsa gandrung gumulung. Tinggal rénghap antaré. Awor jeung kaduhung nu nyasaak. Harianeun kunu datang ka tompérnakeun. Teu diduga ti anggalna. Ayeuna ukur ninggalkeun bangbaluh.

Fikmin # Rusiah #
“Sstttttt…ulah betus najan ka indung suku gé. Lalakon urang, cukup urang duaan nu apal. Jaga sing pageuh, omat!” Mang Komod papadon ka Jang Sa’ad. Kencling indit ninggalkeun Jang Sa’ad nu hareugeueun. Bingung kudu kumaha pipetaeun. Uleng mikir. Ras inget ka anak pamajikanna, ka Nyi Ijah pamajikan Mang Komod nu geus mercayakeun manéhna pikeun maturan Mang Komod bubuara di dayeuh. Nepikeun nyanggupan nyumponan waragad sapopoé anak pamajikanna salila manéhna euweuh. Tapi teu saeutik ogé jasa Mang Komod,  geus nulungan manéhna tina lalakon nu moal kungsi dibéjakeun ka anak pamajikanna. Teu betus karunya ka Nyi Ijah, mun betus geus julig ka Mang Komod. Kana jangji pikeun sili nutupan lalampahan di dayeuh. Nu disanghareupan lain masalah leutik. Bakal gedé balukarna pikeun saréréa. Dua-duana boga rusiah gedé disatukangeun bubuara di dayeuh.

Fikmin # Potrét Isuk-isuk  2 #
Panonpoé nguliat. Nyingraykeun reumis nu tinggaréndang dina jukut. Titinggal hujan ti peuting. Marengan nu balawiri mapag poé. Mitembeyan ngalaksanakeun pancén. Muru gawé, muru sakola. Patali marga geus pinuh ku rupa-rupa kandaraan. Kaayaan isuk-isuk jadi ramé, pabaliut jalma sapanjang jalan. Sawatara, di hareupeun émpér toko. Lalaki tengah tuwuh, nu morongkol disimbut kardus jongjon tibra. Sanggeus sapeupeuting lumampah néangan keur eusi beuteung. Teu miroséa kaayaan sabuderna. Beuki morongkol. Ngarasakeun ni’mat. Kahaneutan sorotna panonpoé. Hiji ni’mat nu ngan bisa kapimilik tina kasusah nu salawasna dipimilik.

Fikmin # Nguah Coét #
 “Pamali!” caram ema. Teu paduli teuing, teu percaya kana sebutan pamali. Éta mah ukur omongan kolot, ngarah diturut. Dekul ngalimed. Késang renung. Seuseuhah. Diselang nginum.  Kuni’mat  tengah poé dahar, teu pira ukur jeung sambel, goréng asin sepat.  Sangu satengah boboko, nyésa saeutik deui. Ditungtungan teurab. Ema ukur gogodeg,  panyaramna teu digugu. Lain sakali waé ema nyaram,  geus mindeng. Tapi keukeuh tara digugu. Moal bisa ngéléhkeun kani’matan nu aya.  Ayeuna, kecap pamali siga nu mupuas. Saban waktu minuhan pipikiran. Ras kana panyaram ema. Naha enya lantaran teu percaya kana pamali,  lalakon ieu kaalaman?  “Rék néangan nu kumaha deui? Geus puguh ieu mah kanyaahna jeung niatna rék nyenangkeun.Tong ningali ngora kolotna. Tarimakeun geus jodona manéh. ”  Ema ngagedéan haté.

Fikmin #  Dicolék  #
Simpé. Ngahudang lamunan. Kasawang mangsa munggaran panggih dina hujan peuting éta. Teuteup anjeun nu leleb. Teu wasa lila paadu teuteup. Ngabalieur nyumputkeun kereteg nu nugaran haté. “Na poék peuting, haté mabra ku rasa nu ngagedur. Tepung sabulan tacan pareng panggih deui. Aya rasa nu beuki pohara. Kapirangrung. Hanjakal teu kasungsi ku anjeun.  Ter, haté ngadadak ngageter. Ngapungkeun lamunan muru harepan.  Ngaitkeun pikir. Teu pira ukur maca iber dina fésbuk …” Dude Harlino telah mencolek Anda.”

Fikmin #  469  #
Angka nu biasa dikedalkeun saban ngobrol. Angka nu remen minuhan kotak SMS. Angka nu bisa mapalérkeun mangsa sono datang. Angka nu geus ngaitkeun haté.  Angka nu hartina ngan ukur urang nu apal. Peuting ieu, 10 SMS ti anjeun eusina ukur  tulisan 469. Enya ukur angka, tapi matak ngapungkeun rasa, muru éndahna tresna. Matak sugema. Nengtremkeun haté nu guligah nandang kasono.  “Engkang…Nung gé 469!” Laju SMS balesan dikirim dibarengan mabrana haté.

Fikmin # Randa Midang #
Awakna teu pati jangkung, moal ngaleuwihan jangkungna pager awi hareupeun buruan. Najan loba kembang nu alus jeung seungit di sabuderna, teu matak jadi leutik haté. Cukup ngarasa sugema  geus jadi pamager sari. Mangsa suligar , teu saeutik kukupu nu kapikat. Nganjang pikeun nyeuseup sarina. Ayeuna halodo mimiti namu. Ngajurung nu ligar jadi layu.  Euweuh kukupu nu kapikat deui. Tuluy ngarangrangan.  Ngaheruk alum, nalangsa. Tepi kana waktuna, nalangsa beuki pohara. Randa midang leungit  panarikna. Antukna dirabut paksa, dibalangkeun kana lombang. Teu dipaliré deui.

Fikmin #  Katalimbeng  #
Leumpang lungsé, barangsiar teu hasil. Bingung mikiran kumaha naur hutang, jaba geus jangji ayeuna rék mayar.  Éra kunu ngahutangkeun, jangji  mayar sulaya waé. Palebah masigit  ngaregog. Katingali Wa Haji jeung Mang Somad keur ngobrol hareupeun pos ronda. Cilaka!  Ka Wa Haji jangji poé ieu rék nebus TVna nu digadékeun. Gancang malikeun awak muru gang sisi masigit.   Karék  gé opat léngkah, rentang-rentang Ceu Imik tukang kiridit. Rumasa ngiridit kasur can mayar sakali-kali acan. Teu lila mikir, geuwat nguliwed ka katuhu mapay-mapay buruan. Kapaksa babalicetan, teu manggih deui alesan pikeun tamada. Kajeun jauh kukurilingan, najan kudu meuntas walungan nu penting asal salamet tepi ka imah. Di tengah-tengah jambatan, katémbong Mang Minta rék meuntas. Kacida reuwasna. Inget kana omonganna kamari, yén moal asa-asa rék nyangkalak mun teu buru-buru mayar hutang nu geus lima bulan can kabayar. Teu laju ngaléngkah.  Kadéngé nu gogorowokan  nyalukan, Dilieuk, Si Bonar  tukang rénten  rék nagih.
Ngahaja diuk téh dinu suni ngarah teu katémbong batur keur juuh cimata. Mun kongang mah hayang naék kana suhunan tuluy ngagorowok nu tarik. Sugan bisa mudalkeun rereged haté. Angin ngagiliwir, karasa nyecep kana kulit. 

Fikmin #  Tétéla #
Lila euweuh iberna. Wawanianan ngaSMS. Lapur teu dibales. Nyobaan ditelepon sarua teu ngajawab. Bati ngarahuh bari mikiran musababna. Diimpleng deui lalakon mangsa babarengan. Susuganan manggih lacak nu nyababkeun sikepna robah. Lebeng. Ukur bisa ngusap dada. Sabar narimakeun nasib. Isukna kaparengkeun ngaSMS, kacida atohna. Ngabrul kecap kasono ditepikeun. Ngabalesanna ukur sakecap dua kecap, matak ngagaranggam, harianeun. Teu matak jadi ambek tuluy ngaSMS deui : “Ari ayeuna nuju dimana?” panasaran hayang nyaho.” Di Jakarta!”  “Sareng saha?” Lila ngadadago balesan. Antukna ditelepon. Sababaraha kali angger teu ngajawab.  Sangkaan beuki buleud.  Inget kana SMSna nu salah ngirim. Tétéla pisan moal salah deui.

Fikmin # Kado keur Bapa  #
Gajih munggaran. Nu kapikir hayang mang meulikeun kopéah jeung sarung weuteuh keur bapa. Ngaganti kopéah jeung sarungna nu geus lalayu sekar pakéeun mun ka masigit. Teu diengkékeun deui. Indit ka toko rmeuli kopéah jeung sarung nu pang mahalna. Tuluy dibungkus dihadé-hadé maké kertas kado. Teu panasaran kudu méakeun satengahna gajih gé. Nu penting bisa nyenangkeun bapa. Cita-citana   kalaksana. Matak sugema. Gagancangan balik hayang geura mikeun ka bapa. Tengahing jalan, hapé disada. Horéng telepon ti Pa Érté. Buru-buru diangkat. “Jang…buru-buru balik, bapa wales!”

Fikmin # Potrét Isuk-Isuk 4 #
Béca geus dijugrugkeun hareupeun lawang pasar ti subuh kénéh. Muru ka jero pasar nanawarkeun sakur kanu balanja. Ngan bati meunang jawaban moal atawa tacan bérés balanjana. Kitu ogé langganan nu biasa, geus lila tara deui numpak bécana. Leumpang ngalénghoy kaluar ti jero pasar. Gék, diuk jero béca. Tungtungna kalah ngalenggut nundutan. Matapoé geus meleték can kénéh meunang muatan. Sawatara Jang Ohim geus dua balikan nganteur muatan, tara kungsi lila markirkeun motorna.

Fikmin #  Kabelejog Haréwos #
Kangaranan jeung maru, angger wé aya rasa timburu mah, najan kasebut akur gé. Komo ieu katingali pisan, tarurun tina béca bari pakaléng-kaléng muru ka imah. Ngahaja nganjang, hayang ngobrol. Tetelepék nanyakeun karesep salaki, ti mimiti sual pakéan nepi ka dahareun.”Tangtosna Ceuceu mah langkung apal da tos lami sasarengan. Enéng hoyong terang, supados  tiasa langkung nyugeumakeun Aa.” Aya nu ngahéab jeroeun dada. Ruhay nu geus dipepes  ngadadak burahay deui. “Pasakan naon nu dipikaresepna, Ceu?” “ Ulukutek leunca sareng beuleun peda beureum,” ngaharéwos. Isukna pasosoré balik ti kantor, si Aa datang,  padahal lain waktuna kilir. Paromanna semu ambek. Sadatangna langsung muru méja makan. “Masak naon ayeuna, Aa lapar pisan.” “ Angeun lodéh sareng gepuk, kaseneng Aa.” Teu diengkékeun deui, dekul nguah angeun jeung gepuk. Paneuteup  teu lésot kanu keur ngadekul, bangun ni’mat pisan. “Hampura Ceuceu, Néng….” 

Fikmin # Potrét Isuk-Isuk 3 #
Patalimarga pagaliwota nyingraykeun halimun. Gerung jeung haseup kaluar tina mesin-mesin nu lulumpatan paudag-udag, patarik-tarik.  Meulah simpé disaksian matapoé nu mimiti meleték. Angin ngahiliwir nganteur léngkah-léngkah muru udagan. Hawa isuk geus ilang dedegan. Ninggalkeun katineung nyeuseup segerna. Ngahudang jerit dengék barudak dibarengan ngéhkéh batuk. Rungsing ‘na aisan indungna, minuhan rohangan Puskesmas. 

Fikmin # Hampang Birit ( révisi ) #
Unggal poé, méméh adan subuh manéhna dihudangkeun, dibéré paréntah. Tara talangké tuluy ka dapur, ngahurungkeun kompor, naheur cai. Laju ngisikan. Bari nungguan cai jeung sangu asak, ngumbahan wadah. Teu kaselang cicing sagala pagawéan dipaju. Bébérés, nyeuseuh jeung masak. kabéh pagawéan di imah manéhna nu ngagawéan. Gawéna teu léléda, sebrat sebrut bari tarapti. Can kacaritakeun meupeuskeun piring, gelas atawa ngaruksak parabot. Kitu deui mun masak, cukup sakali méré paréntah,  hasilna sarua jeung kahayang dunungan. Pokona euweuh cawadeun. Tara reureuh,  tara ngarahuh cape. Imah kaurus, paparabotan beresih harérang, tara ngantep nu kalotor, seuseuheun jeung istrikaeun tara nepika nalambru. Can dititah eureun mah terus barang gawé. Sagala dicabak, diserebétan, dikosokan. Dunungan ukur ngabaheuhay, bari nyekelan rémot.

Fikmin # Jahé Beureum #
Pabétékan geunjleung, pangeusina darémo nungtut kaadilan. Salam, laja, séréh jeung konéng patinggorowok ngarasa disapirakeun. “Naon bédana manéhna jeung urang saréréa sarua kasebutna samara!” Ukur jahé bodas nu teu pati pipilueun, ngajejempé di juru nahan kuciwa. Sasamaraan badag kompak mogok, nolak dipaké numis, mais, jeung ngangeun. Kajadian kitu téh latantaran jahé beureum unggah adat. Teu kumaha rék unggah adat, manéhna mah dimumulé pisan ku juragan istri. Tara kungsi sina cicing dina pabétékan, boga tempat nu husus. Sakalieun euwueuh ngageumpeurkeun juragan istri, sieun juragan pameget bendu. Komo ayeuna malem Juma’ah, ti soré kénéh jahé beureum geus diurus, diberesihan. “Euweuh urang mah juragan pameget bakal ngalengis leungit jajatén, matak nalangsa juragan istri tah!” omongna gumedé.

Fikmin # Kaméja Célé #
Bus ka jero toko. Mapay milih baju nu kira-kirana pantes keur manéhna. Gap nu ieu lain, nu itu lain. Loba tinimbangan sieun manéhna teu resep. Kaméja célé nu titadi dikeukeuweuk kapaksa diteundeun deui. Najan ceuk sawangan bakal pantes mun dipaké manéhna. Antukna teu jadi meuli. Tepi ka imah, pikiran teu leupas tina kaméja célé, diwawaas dipaké manéhna. “Nuhun pisan, Akang mah paling resep kana kaméja célé téh, komo nu ieu.” Pokna dina impian. Isukna,  pareng panggih, manéhna maké kaméja célé nu sarua pisan jeung nu itu. Persis sagalana. “Kaméja anyar paméré Wati, kudu waé dipaké ayeuna.”  Karérét Wati imut bangun sugema.

Fikmin # Nu Salawasna Mapaésan Haté #
Tungtung langit pulas beureum. Sabeureum paroman anjeun harita. Teu disangka bisa patepung deui, sanggeus dipisahkeun waktu, maksa megatkeun duriat. Tugteg di jero jajantung basa paadu teuteup. Hariring lawas ngagalindeng deui, mirig  ranggeuyan kembang ‘na leungeun anjeun nu ragrag paburencay na lanté. Lain ‘na impian,  anjeun nyata aya hareupeun. Sakedapan ukur silih teuteup ngemu kasono, haté galécok. Teu wasa ngedalkeun rasa nu pagaliwota. Bagja jeung sono silih sedek, rasa nu geus lila diteundeun, dipusti-pusti ‘na ati. Anjeun…nu salawasna aya dina haté. Paguneman simpé. Mangsa patepung karasa ngan sajorélat. Kasono can kacacapkeun, peuting ngajak anjeun mulang. Hareugeueun. Ukur bisa neuteup langgéor anjeun, ninggalkeun tatu haté nu beuki gudawang.
( Kailhaman ku lagu Bimbo KAU YANG BERGEMA DI HATIKU” )

Fikmin #Teungteuingeun…ih! #
Tepung deui jeung peuting nu matak rungsing. Hiliwir angin lapur teu mawa deui balesan iber ti anjeun.Keclak cihujan siga nu ngaléléwé.  Simpé peuting ngan ukur bisa nyaksian haté nu beuki nalangsa. Kumaha mapalérkeun kasono, kitu lain kieu salah? Gayeumeun geus beak, kari cikopi nu ditinyuh deui. Lumayan tamba samutut. Ngadak-ngadak cakcak nyora pating témbalan siga nu mupuas. Laju digebah. Kalah beuki ngahajakeun,  nyora patémbalan bari silih udag. Ocon. Tayohna hayang dilalajoan.  Kop kana cangkir cikopi. Can gé diuyup, kepluk cakcak ragrag. Ngadon ngojay. Géhél!

Fikmin # Kamuning #
Ligar mangkak mapaésan taman. Seungitna nyambuang minuhan rohangan, kabawa angin tina jandéla nu ngahaja dibukakeun. Anteng neuteup kembang nu konéng camperenik. Kembang nu tulatén diurus, dipusti-pusti  Haté kumalayang. Ras inget kanu melakna. Nyawang mangsa munggaran kembangan, nu ngajadi saksi hiji pasini. Nu diteuteup bangun imut, surti kana eusining haté. Mangsa kembang geus lila ligar, pasini ukur subaya nu sulaya. Laun-laun puray mareng jeung kembang nu mimiti layu, murag, ngarangrangan. Saban kembangan, nungtun ngungun, nyeuitan haté nu tunggara. Unggal usum. Teuing geus sabaraha kali usum.

Fikmin # Tukang Sayur #
Jam genep isuk-isuk geus ngider nanawarkeun daganganna. “Yuurr…sayurrrr!” Handapeun tangkal kérsen, ngécagkeun tanggunganna. Teu kungsi lila. ibu-ibu geus ngagimbung. Pahibut nu rebut tawar jeung milihan dagangan.  Récét siga manuk, diselang patingkecewis ngagosip. Nu ménta dipangmungkuskeun céngék. Nu ménta bonténg  ditengahkeun. Nu hayang diheulakeun diitung balanjaanna. Nu hayang buru-buru dipulangan. Saréréa hayang pangheulana diladangan. Malah aya nu ambek lantaran teu buru-buru diladénan. Nyawad dagangan, majar gedé teuing ngabatikeun. Matak kaweur, kawalahan. Pakupis ngaladénan paménta ibu-ibu. Teu maliré késang nu luut léét maseuhan awak, beuteung nu mimiti ngusial ménta eusi. Réngsé kabéh kaladangan. Mérésan dagangan nu kari rutak-raték. Gék, diuk nyarandé ‘na tangkal kérsen, ngareureuhkeun kacapé. Kusiwel ngaluarkeun duit tina saku calanana, ngitung beubeunangan. Paromanna semu alum. Kolébat beungeut anakna nu ngalempréh teu walakaya. 

Fikmin # Warna Béda #
Unggal isuk, sabot manéhna mandi, baju jero, kaméja, calana panjang jeung kaos kaki pakéeun ka kantor,  geus disiapkeun dina luhur kasur. Meunang mamantes nyetélkeun. Kari rap. Tara kungsi teu panuju, geus percaya deui kana pilihan pamajikan. Dangdanana jadi bahan pamujian babaturana  sakantor. Matak reueus. Lamun balanja pakéan jeung baju jero,  ti mimiti warna jeung modél, kabéh menang milih pamajikan. Dina hayang milih sorangan gé, sok ménta pamanggih heula ti pamajikan. Poé ieu, balik ti kantorna rada elat. Aya rapat ngadadak cenah. Gancang ucul-ucul, terus mandi. Kaluar ti kamar mandi rada ngeregog, disampakeun  hoak pamajikana. “Ari ieu kolor saha warna jeung mérekna béda jeung nu dipaké tadi isuk?”

Fikmin # Ticengklak #
Ngéar ti peuting kénéh. Teu lésot tina aisan. Embung nyusu. Awakna nyebrét panas.  Matak hariwang. Gancang dibawa ka bidan. Ukur dibéré puyer keur nurunkeun panasna. Budak angger ngéar, saréna ngan sakerejep-sakerejep, teu tibra. Haté asa beuki digerihan, nyeri ku hiji ku dua. Ras ka nasib diri jeung budak. Euweuh mendingna. Ningali budak siga nu boga kanyeri, kapaksa néang ema paraji. Budak digulanggapér, dileles, kocéak dengék nahan kanyeri, matak watir. Sabérésna dileles, budak répéh terus saré ngageubra ‘na aisan. Bari ngagantél nyusu bangun nu capé. “Budak mah sok terus rasa, milu rungsing mun nu jadi indung keur baluweng. Kadé ulah loba ngalamun, bisi budak ticengklak deui. “ ema paraji peupeujeuh. Ukur unggeuk, rumasa mindeng ngalamun, nyawang kasusah, cul budak mercayakeun diasuh ku lanceukna. Inget ka dinya, kaambek ka salaki, beuki ngéntab, ngagedur jeroning dada.



Fikmin # Si Noni #
Awakna sampulur, kulitna bodas, buukna coklat diuntun. Beungeutna pias teu maké wedak, teu dilipen. Erok panjang bodas dipapaésan rénda. Sapatu kétéplék bodas. Kumaha wé dangdanan wanoja Walanda jaman baheula. Kitu ceuk béja nu geus pernah manggihan. Katelahna si Noni, teuing saha ngaran nu sabenarna mah. Tara pirajeunan ngulampreng kaluar ti tempatna, komo beurang mangsa loba barudak sakola, can kacaritakeun aya nu kungsi manggihan. Barina gé saha jalmana nu hayang panggih jeung si Noni, enya gé wanoja Walanda. Peuting ieu, kagiliran pikét, nyorangan cicing di rohangan guru, lantaran rohangan pikét can bérés diréhabna. Tamba keueung nyetél tivi. Keur anteng lalajo,  kadéngé sora nu ceurik. Padahal nu keur dilalajoan téh acara maén bal. Sora tivi dileutikan, sora nu ceurik balilihan beuki écés. Sidik ti lebah rohangan pikét. Panasaran ditoong tina jandéla. Gebeg… bulu punduk ngadadak muringkak, aya awéwé dibaju bodas, buukna diuntun, diuk dina luhur méja…keur ceurik!

Fikmin # Tigin  #
Wanci Indung Peuting. Langit dipapaésan bulan sapasi. Satia maturan nu nungguan iber. Sugan jeung sugan datang jeung hiliwir angin. Cindeluk, ngaheruk nandang hariwang. Saprak miang mangsa purnama, can aya béjana deui. Anteng neuteup bulan, cahyana nembrakeun panineungan lawas. Mangsa munggaran panggih, mangsa diayun ambing katresna, laju neundeun pasini. Bagja nu dirasa ngan karék tepung sapurnama. Aya haréwos ngahudang kaduhung, naha geus migandrung. Nungtun lelembutan mukakeun pikir. Bruh bréh ketakna. Hiji-hiji kembang kacuriga narémbongan. Diimeutan. Beuki teges. Nanggeuhkeun kayakinan, jadi pamadegan. Ngarobah kahariwang ku sumerah, disaksian peuting disangkéh bulan sapasi. Teu miroséa deui hiliwirna angin. Tigin. Moal aya cimata nu kudu marengan, moal !!!

Fikmin # Huap Panungtung #
Katugenah ukur disidem dina haté. Ngabandungan paripolahna nu matak nganyerikeun. Sahaok kadua gaplok mun teu panggih jeung panuju. Kudu pok torolong nedunan paméntana. Dimana manggih kapusing murang maring sagala dibalangkeun. Lain teu bisa barontak, karunya ka barudak. Kajeun nandang tunggara, pasang badan tibatan budak jadi korban. Sakalieun aya pangabutuh keur kaperluan barudak tara wani wakca, nungguan sodrahna. Kapaksa kudu usaha sorangan, muter otak. Nungtut ngajual barang titinggal kolot. Adatna angger euweuh robahna, teu bisa kumaha. Pasrah kana nasib diri. Pasosoré sadatangna ka imah, pasemona baketut baeud. Kawas biasa sagala dibalangkeun, tuluy muru méja makan. Teu talangké buru-buru diladénan. Song piring eusi sangu jeung deungeuna. Ukur dipelong. Geus rada lila, karék dihanca. Ngahuap dibarung ambek. Jajauheun ka sukuran masih kénéh aya dahareun. Tapi teu burung eusi piring ampir bersih. Tepi ka huap panungtung, “awwww…!” jeritna bareng jeung awakna nu ragrag ninggang lanté. Getih ngabayabah. Péso masih nanceb ‘na dadana.

Fikmin # Lagu Panungtung #
Rumpakana ranggeuyan kecap mamanis. Ngagalindeng marengan wuyung. Ngayun ngambing rasa, mépéndé haté. Anteng dipapalér éndahna asih. Jongjon ‘na pangharepan katresna. Ngudag bagja pupulasan. Kiwari,  ngajadi lagu panungtung. Wirahmana teu surup jeung ketug jajantung. Silung perbawa codéka. Rumpakana  muguran, nyésakeun sasemplék haté nu ngungun. Kapidangdung dangding gandrung…  kamanigan!

Fikmin # Puisi Nu Teu Kungsi Ditepikeun #
Pirajeunan bobongkar lomari buku, ngéntépkeun  deui buku nu pabalatak bari dikebutan, tamba kesel. Pluk, amplop ragrag tina jero buku, terus dipulung. Amplop dibuka, eusina keretas kayas nu geus rada beueus. Matak nyeblak. Laju dibaca. Sapanjang maca, kasawang deui mangsa keur nulisna. Kecap-kecap nu murwakanti, basa anggitan nu maredal dianteur nalangsa, dibarengan tunggara. Ungkarana gambaran haté nu ngangluh. Duriat nu katutup halimun sulaya. Ngéntép bérés dina keretas ngahudang rasa. Cimata ngembeng. Ngahalangan lajuna maca. Keretas diadekkeun kana dada. Keretas nu eusina puisi keur anjeun. Nu ditulis jeroning lolongkrang inghak. Nu teu kungsi ditepikeun.  Nyeuitan deui gudawangna haté…ngagerihan!

Fikmin # Kelenci Hideung #
Buluna hideung meles, luis. Unggal waktu teu elat ngaluis, ngagaya. Dangdanan nécis.  Matak payus. Teu anéh mun loba nu kagémbang, kapincut ku rindatna, kagoda ku pangolona. Landa léndé ngawur kahéman pangbibita. Mentangkeun siasat pamikat. Ngajamparing nu kapéngpéongan, migandrung. Luluncatan ti waktu ka waktu, tempat ka tempat, néangan  kasugemaan.  Teu saeutik, dangdaunan nu bagor kénéh,  pasrah digalaksak. Nalangsa. Ukur ngajadi panyacap kalangenana.

Fikmin # Potrét Nu Dipopohokeun #
Albeum potrét panineungan nu geus lila jadi pangeusi peti, ngahaja dikaluarkeun deui. Jilidna geus rada rangsak digégélan ngenget. Bulukan jeung kaambeu hapeuk. Diserebétan heula saméméh mukaan eusina. Lambaran albeum hiji-hiji dibuka. Bréh,  potrét-potrét baheula mangsa keur lalagasan. Sawaréh geus rada rumeuk. Panineungan marengan paneuteup. Kasawang deui nu kungsi dilakonan. Potrét nu nyorangan, nu jeung babaturan. Di gunung, di sisi basisir, di sakola. Kagambar suka bungahna harita. Tepi ka lambaran panungtung…jajantung ngadak-ngadak ratug. Ngagisik mata hayang cékas,  teu percaya kanu ditingali. Potrét nu kungsi dipiceun, napel deui dina lambaran albeum. Ngahaja dipiceun keur ngaleupaskeun tina panineungana. Katémbong potrét siga keur neuteup seukeut. Sorotna burahay niruk jajantung. Ngadakwa! 

Fikmin # Tangara #
Mapay jalan satapak di Jayagiri . Nyusud tapak liliwatan nu pernah disorang. Tungkul sajajalan, susuganan  manggihan tangara. Cikaringet  mimiti rembes maseuhan awak. Teu ditolih matapoé nu moncorong, tigin méakeun kapanasaran  Léngkah ngahaja diantarékeun, ngimeutan sapanjang jalan. Unggal sisi dirérétan. Reg, eureun sakeudeung. Rungkun disingraykeun, kalakay dikoréhkeun. Kabéh ngabigeu teu méré pituduh. Geus ampir jauh, tangara can timu kénéh. Kuciwa mimiti ngabagéakeun. Ngajurung haté rumahuh. Beuki lila karasa ngabeuratkeun léngkah. Suda nuluykeun hanca. Gék diuk dina batu handapeun tangkal pineus. Ngécagkeun kapanasaran. Pamohalan bisa panggih jeung tangara. Sabot  reureuh bari nuuskeun cikaringet, sakolébatan  katémbong kalangkang. Nganteur mata neuteup  hiji tulisan nu ditatah dina tangkal camara. Karék engeuh. Sidik ieu pisan. Tangara nu salila ieu remen datang dina impian. Nu ditulis anjeun lima taun katukang, nu can kungsi disurahan.

Fikmin # Balakécrakan #
Poé Minggu, hiji-hijina poé dimana bisa ngumpul ngariung. Kasempetan nu arang dilakonan dina poé- poé séjénna alatan boga urusan séwang-séwang. Mangsana bisa silih ngébréhkeun kadeudeuh jeung kasono. Ngahaja isuk-isuk geus masak, teu pira ukur goréng lauk emas, goréng témpé, goréng jéngkol, beuleum peda beureum, cobék génjér jeung sambel dadakan. Sanguna diliwet. Ngampar samak di tengah imah,  brak…ngariung. Paheula-heula nyokot piring, nyiuk sangu jeung deungeunna. Pahibut sieun béakeun.  Kacida sugemana ningali nu balakécrakan, ngalimed semu nu ni’mat. Sakapeung seuseuhah lantaran sambel nu lada, matak ngésang. Téko  ngoléang, eusina remen dicicikeun. Sangu liwet sapanci korédas, coét beresih, deungeunna ledis, tinggal hulu peda gugulutukan dina piring. Eureuleu teurab patémbalan.Ngajadi saksi ni’matna ngariung balakécrakan, mayar mangsa nu geus diliwatkeun poé-poé katukang.

Fikmin # Silvi #
Jauh ti sangkaan mun Silvi kudu ngalaman saperti kieu, nandang tunggara nu kacida beuratna. Umurna karék nincak dalapan welas taun. Tilu bulan deui ujian, namatkeun sakola di SMA. Pangawakan leutik, centil, mung ngomong semu ogo. Pinter, calakan, aktif. Pada mikaresep ku soméahna. Sabulan deui ka ujian mindeng teu sakola. Surat ti kolotna ngabéjakeun Silvi gering. Matak hariwang sieun dina waktuna ujian manéhna teu bisa milu. Kacida kagétna manggihan béja mun Silvi anyar dirapalan. Ngahaja ditéang, bener ceuk béja téh. Dua bulan ti harita, aya béjana mun Silvi nu keur kakandungan geus rarandaan deui. Kapaksa. Batur sanasibna  ogé ménta pertanggungjawaban salakina.


Fikmin #Potrét Isuk-Isuk 3#
Wanci subuh, hujan tinggal girimisna. Cileuncang mapaésan jajalaneun.  Teu matak mugagkeun léngkahna.  Nanggung tahu dagangana, muru pasar dibarengan ku harepan panggih jeung rejekina. Leumpang gagancangan hayang geura nepi, sieun lapak kapiheulaan ku batur. Nyorang tanjakan. Léngkahna rada ati-ati milihan jalan nu teu pati rumpil jeung leueur  balas hujan. Tanggungan ayun-ayunan. Leungeun kénca katuhuna pageuh nyekel salang. Sendal capitna mimiti lésang. Teu lila ti harita, aya sora ngageblug. Sendal capit pegat ngacleng kana kamalir. Tanggungan tamplok, eusina mancawura minuhan jajalaneun. Harepan miheulaan ninggalkeun awak nu nyungkur kana rurumpil tanjakan.



Fikmin # Lampah #
Lebah pasampangan. Ngarandeg sakedapan. Geusan nenangkeun pikir dibarung megung pakarepan nu pohara. “Hayoh…tuluykeun léngkah ka lebah kénca!” haréwos hiji sora. “Montong…mending ka katuhu!” sora nu lain ngaharéwos. Silih témpas, silih témbal, tuluyna padurényom. Ngajadi kapahung, sabil. Raga ngalumpuruk, teu wasa nahan rongkahna perang batin. Langit ngadak-ngadak angkeub. Breg, hujan ngagebrét. Keclakna kerep ninggang embun-embunan. Beuki lila…karasa  rembes kana jajantung. Meper sabil. Ngajurung pikir.
Tigin ninggalkeun pakarepan di pasampangan. Cihujan jadi pépéling, satia nungtun léngkah ngajauhan pilampaheun nu sasar.

Fikmin # Bubur Kacang Héjo #
Sasadiaan ti subuh kénéh, ngabubur kacang héjo. Ngarah gampang mikeun, bubur kacang héjo diwadahan kantong pelastik. Tilu puluh bungkus cukup keur nu biasa sok datang. Jam dalapan isuk-isuk, sagala kaperluan geus siap. Kader geus daratang siap ngajalankeun tugasna séwang-séwang. Digero tina toa masjid, ngingetan ibu-ibu  pikeun mawa Balitana ka Posyandu. Teu lila, jul jol nu mawa Balitana pikeun ditimbang, hayang apal  kamajuan jeung kaséhatana. Kader sibuk nimbang jeung nyatétkeun dina KMS bari méré panerangan teu kaliwat ngabagikeun bubur kacang héjo sapelastik séwang. Jam sapuluh geus bérés. Kader  tutas ngalaksanakeun tugasna. Ka sorénakeun lembur guyur. Sakabéh Balita katarajang utah miceun. Balita gemprah minuhan rohangan Puskésmas. 

Fikmin # Putu Mayang #
Nilik ngaranna, siga ngaran urang Bali. Tapi duka téh teuing, teu jelas ti mana-manana. Sampulur. Camperenik. Sarérétan matak kapélét ku rupana, pasemona nu amis. Sieup dina pulas héjo sahéab,  ngahudang uruy ku kayasna. Lungguh timpuh teu loba momonés. Teu salah mun pada mikaresep, mikalandep.  Jadi pangaleman. Waktu ngagusur usum, ngaganti jaman. Loba nu alanyar datang mawa pangbibita ku rupa, ajén,  jeung ngaran. Putu Mayang kalindih ajén, kaséréd dangong. Méh Dipopohokeun. Disapirakeun. Pélétna teu matak nyérédét deui nu neuteup. Pasemona nu amis teu matak narik ati deui. Palangsiang loba nu teu apal deui kana ngaran jeung rupana.

Fikmin # Protrét Isuk-Isuk 5 #
Tonggong geus karasa panas katojo sréngéngé, dagangan sabangsaning lalab rumbah  masih nambru na tanggungan. Teu dirérét acan kunu lalar liwat balanja. Pucuk putat, pucuk baluntas, surawung jeung sajabana geus mimiti laleumpeuh. Rajeun aya nu nangtung hareupeun tanggungan ukur ngadon uplek ngobrol.  Teu ngahaja maling déngé nu keur diobrolkeun, asa meunang jalan. Gorowok nawarkeun dagangan. “ Pucuk baluntas, pucuk putat, surawung…lalab landong ibu-ibu, nyugemakeun si bapa, mangga geura cobian…!” Nu uplek ngobrol sakedapan jempé, ngarérét dagangan. Lima menit ti harita, pucuk baluntas, pucuk putat, surawung pindah tempat. Ngeusian kantong balanjaanna.

Fikmin # Midang #

Nu hémpak sarurak. Aratoh. Patinggorowok tanda sapuk. Cing haruit patémbalan. Gumbira, bagja jeung reueus katémbong tina paroman sakabéhna. Teu kitu kumaha. Sab, bakal jadi pangeusi pasamoan para inohong di gedong sigrong. Kahormatan bisa midang nyanghareupan tatamu. Dina waktuna, kabéh didangdanan, dipapantes, dihadé-hadé. Dipernahkeun dina tempat nu alus meunang ngahias. Kituna téh ngarah teu ngérakeun mun disogrogkeun ka hareupeun tatamu agung. Bugis, nagasari, papais, tangtang angin, jeung jojongkong sariungan. Putri noong, putu mayang, cara bikang, jeung gegetuk dinu riungan séjénna. Teu tinggalaeun surabi, apem, jeung ali agrem ogé nu lianna. Jadi réncang tuang leueut para inohong nu keur saruka bungah.

Fikmin # Partitur #

Da mi na ti la da. Dirangkén ngajadi dangding ngawirahma nineung. Rumpaka nu mudalkeun eusining kalbu, ngalaras éndah jeroeun rasa. Da mi na ti la da. Ngajadi hariring mangsa kapirangrung, dipirig keteg jajantung. Tiap padalisan sanggian ngayun-ngayun implengan. Nganteur sawangan ‘na lolongkrang kiceup. Lebah coda. Beuki lila…beuki karasa nyeuitan, nurihan lelembutan, mulangkeun panineungan. Ngabagéakeun nalangsa. Ngajurung keclak cimata ‘na hégak antaré. Hariring jempling. Partitur nu baseuh ku cimata, teu lésot tina tangkeupan. Da mi na ti la da… mingkin ngajadi lagu tunggara.

Fikmin # Ucang Anggé #
Mawa ulin budak dina luhur kasur. Budak didiukkeun dina tonggong suku, laju suku diacung-acung. “Cang anggé ucang anggé mulung muncang ka papanggé, digogog ku anjing gedé, anjing gedé nu pa lebé. Ari gog…gog cungungung. Ari gog…gog cungungung…!” Suku diacungkeun ka luhur. Budak seuri ngabarakatak. Bungah naker. Embung eureun. Laju ucang-ucangan deui. “Cang anggé ucang anggé mulung muncang ka papanggé, digogog ku anjing gedé, anjing gedé nu pa lebé. Ari gog…gog cungungung. Ari gog…gog cungungung…!” Suku diacungkeun beuki luhur. Sakilat pisan, budak nutug kana dada. Gedug…matak eungap. Teu kadéngé sorana. Reuwas. Buru-buru budak dicengkatkeun tina dada. “Astagfirulloh…!” Beungeutna geunteul, ngulahék, teu empés-empés!

Fikmin # Catetan ti Lebah Pangkéng #
Kasur empuk dibulen sepré batik léréng konéng. Bantal opat jeung dua guguling nyanding  luhureunna. Simbut nilep rapih lebah tunjangeun. Pangeusi matuh pangkéng pulas gading, ngadalingding malati. Pangkéng nu geus lila teu kungsi kagiridig ti peuting ka peuting. Satia ukur jadi saksi simpé mangsa peuting wuyung. Salawasna suwung. Lalakon éndah jeroeun pangkéng hamo kacatetkeun deui.

Fikmin # 24 Juni #
Dina unggal almenak ngahaja dicakra ku spidol beureum. Ditangaraan. Unggal poé ditingali, diitung sabaraha poé deui nepi ka tanggal éta. Saminggu deui! Jajantung beuki tug-teg.

Fikmin # Nista Maja Utama #
Sabar gé aya watesna.  

Fikmin # Anah #
Manjing rumaja. Rupa geulis. Pangawakan jangkung. Kulit konéng umyang. Mata cureuleuk. Halisna ngajelér paéh.  Buukna galing muntang. Batur sapantarana mah geus marangkat begér. Lulus SMP. Anah ngan ukur bisa melong kosong sakapeung seuri sorangan. “Miem…miem!” kecap nu mindeng kaluar minangka obrolana jeung Bi Eutik. Kituna téh bari ngucel tungtung biwirna. Oto nu salawasna nyampay ‘na dadana geus baseuh. Tirilik…leumpang ti tengah imah ka dapur. Nyempod di juru. Kitu jeung kitu kabisana unggal poé. Tara pisan meunang ka luar. Sakalieun nuturkeun Bi Eutik nu rék sasapu di buruan, buru-buru dibetot ku indungna. Teu apal kumaha raména di luar, nu lalar liwat di jalan atawa ngarasakeun  moncorongna panonpoé. Anah. Utun inji nu wedel, teu gimir ku jajamu, pél, jeung parudan ganas ngora!

Fikmin # Samagaha #
Jarum jam sidéngdang dina angka 1. Di luar langit peuting mongkléng. Simpé. Peuting geus tepi kana  mumunggang. Taya geter kasono nu midang. Taya dangding asih ngagalindeng. Tuna kasugema nu nyanding. Sirna haté caang bungangang. Dina luhur ranjang ukur bisa nyawang lalangit kamar. Kagambar mangsa purnama nyandang sugema. Peuting ayeuna, kaanjangan samagaha. Ngirimkeun poék mongkléng. Jeroeun kamar, jeroeun haté. Rekat rekét panyaréan… nandang guling gasahan.



Fikmin # Rambut Kusut #
Unggal nyisiran, buuk nu murag, nu narapel dina sisir dirawatan. Dikumpulkeun, diwadahan kana kantong lamak nu nangkod dina sisi lomari. Ngahaja dikumpulkeun, sok aya nu nyiar rambut kusut. Sakapeung mah ku barudak sok dibongohan dicokot,  ngarah bisa meunang gulali panukeuranana. Rambut kusut  keur bahan pisobraheun. Ayeuna kantong lamak geus sakitu metetna, tapi geus lila tukang nyiar rambut kusut taya deui ngulampreng. Teu deui payu jadi panukeur gulali. 

Fikmin # Candoli #
Gasik nyaluyuan. “Tah, cocok keur Ceuceuna mah jadi candoli, kabadanan!” pokna méméh nu lian. Ukur unggeuk tumarima. Prung, kariaan. Tatamu murudul. Teu apal jul jol sémah nu datang. Nyangkéwok di kamar, cindekul mancén tugas ngajaga pasakan. Mairan nu ngasongkeun piring lodor kosong eusianeun. Nyadiakeun keur nu rék parasmanan. Paciweuh. Gardéng rada nyingray, kasingkabkeun kunu lalar liwat.  Karérét nu keur diuk paduduan, otél, suka bungah. Meg…! asa ditonjok hulu angen.



 
Fikmin # Anjeun Jeung Kuring #
“Lamun téa mah enya jalan pileumpangan nu keur disorang anjeun jeung kuring béda, naha salah mun boga pangharepan bisa paamprok? Sab, hiji mangsa anjeun jeung kuring bakal nyorang jalan pileumpangan nu sarua. Handapeun langit. Ditungtun gerentes haté nu wening dina beungkeutan tresna. Tigin muru udagan. Nyinglarkeun barébédan….” Aya rasa nu medal tina ati sanubari. Teu cukup sabalikan SMS pangirim anjeun diilo,  dibarung haté marojéngja. Katalimbeng.


Fikmin # Ngintip Pangantén Anyar #
Aya béjana Jang Komod kawin. Meunangkeun awéwé geulis urang lembur Nyingkur. Keur geulis téh jaba beunghar. Kasebut gedé milik keur ukuran Jang Komod nu teu puguh gawé. Matak panasaran hayang apal kumaha rupa jeung dedeganna. Kabeneran aya nganjang ka indungna. Enya wé lain ceuk béja, geulis, sampulur.  Rep, peuting.  Nu ngaronda mimiti ider lembur.  Lebah imah Jang Komod ngahaja eureun heula. Kabéngbat ku sora ti palebah kamar. Panasaran diarintip tina jandéla nu gardéngna rada nyingkab. Sumanget pareng bisa ngintip nu keur papangantén. Sakur nu ngintip euweuh nu teu ngarénjag, reuwas. Jauh tina ciciptaan. Jelas pisan Jang Komod nu bubulucun keur pogot ngagulang gapér oray badag!

Fikmin # Potrét Isuk-Isuk  6 #
Hawa tiris nyulusup jeroeun kulit. Mangsa maju ka usum halodo. Matak suda nyabak cai. Haroréam barang gawé. Kumbaheun diantep ngahunyud, seuseuheun nambru, tengah imah pabalatak.  Ngagojod deui diharudum simbut. Ngadago-dago matapoé meleték.  Nyelang heula nguniang, naheur cai. Cul.  Bus deui jeroeun simbut. Nangkeup guguling. Tuna batur sakasur tangkeupaneun. Misah kasur ti janari mula. Ukur keur ngabélaan nu makalangan di pinal.   

Fikmin # Mun Aya Bapa #
Gasik nganggeuskeun pagawéan, najan kudu tihothat. Teu maliré kacapé, luut léét késang bari nahan beuteung eusianeun. Can anggeus pagawéan, can meunang barangdahar. Kalan-kalan ukur manggih réméh nu nyésa na boboko. Ngan bati seubeuh ku sentak senghor jeung paréntah,  kudu kitu kudu kieu. Pok torolong. Hal anu geus biasa deui keur manéhna. Ayeuna waktuna bapa mulang ti dayeuh,  gagancangan pagawéan dibéréskeun. Laju mandi, beberesih, disalin ku baju nu alus.  Kasawang bisa nyalsé sosonoan jeung bapa. Najan ngan dua poé bapa aya di imah, cukup keur manéhna bisa ngarasakeun kabagjaan. Ngumpul jeung bapa. Nampa kanyaah jeung asihna. Manggih dahar seubeuh. Teu pati capé gawé. Ojég nyemprung mawa bapa ka dayeuhkeun.  Sora motor masih ngagaur ti jauhna. Can nepi ka tungtung jalan. Sentak senghor jeung paréntah geus dimimitian deui. 

Fikmin # Kuntung #
Hésé rék mopohokeunna, rék ninggalkeunna. Kapaksa kudu sumput salindung, maling-maling ti salaki.  Jadi kasempetan mun salaki euweuh di imah. Saratna mah tarapti, bisi kapanggih.  Pasti aman. Kitu deui poé ieu, pangrasa téh geus tarapti. Sadatangna ka imah, salaki rada kerung. Nunjuk kuntung dina asbak. Laju nalék. Teu gancang ngajawab. Reuwas jeung bingung. Nu nanya beuki tetelepék. Antukna balaka. Keukeuh teu percaya kénéh najan bari susumpahan jeung banjir cimata.  Anggur beuki angot ambek. Nuduh salingkuh. Nundung. Hareugeueun. Kaduhung baheula teu bruk-brak.


Lalakon Saur Jang Sar'u

Geus niat rek puasa ayeuna mah, era dicaramahan wae ku Ustad Irman. Sanggeusna ider kampung ngahudangkeun saur, buru-buru balik ka imah. Sabot nungguan indungna tatahar keur saur, manehna sasarean dina bale-bale. "Sujang ...geus arasak yeuh geura saur!" sora indungna ti lebah dapur. Muru ka dapur, kasampak dahareun pinuh sameja makan. dahareun nu ngarareunah. Teu lila mikir deui, habek dahar. Sagala diasaan. Eureuleu ...terab. Beuteung bungkiang, seubeuh. Gelehe kana bale-bale. Keur...kerek. Hudang-hudang soteh kageuingkeun ku sora indungna nu kukulutus, "ceunah rek puasa, tapi meni hese digeuingkeunna, ayeuna wayah geus lohor masih keneh morongkol...!"

Puasa

Golédag...teu rep. Cengkat deui...nyaring, ngadon nyileuk. Guling gasahan. Rungsing. Marojéngja. Huh...Malem Jumaah suwung deui waé. Miluan puasa.

Fikmin #Tatu#

Welasan pelés kosong obat beureum jeung bétadine pabalatak luhureun méja. Euweuh matihna. Tatu dina jajantung, tapak ditiruk balati sulaya masih gudawang. Hésé garing, hésé litana. Unggal waktu, beuki tambah karasa nyeri peurihna. Digerihan lalakon bagja anjeun jeung indung kuring.

Fikmin # Asa Anggeus Asa Acan #
Kageuingkeun sora ucing nu paséa. Rungah ringeuh bari gigisik. Rét kana jam. Geus liwat tengah peuting. Koréjat hudang. Halah…pan ayeuna téh malem Juma’ah. Dirérét batur sakasur geus nyegrék kérék. Tibra. Ngahuleng. Anggeus acan nya tadi? 

Fikmin # Ga Tot #
Sagalana geus disiapkeun ti sore kénéh. Ngarah manggih sugema mun padungdung. Nyamos…mos! Ninggalkeun rungsing isuk-isuk. Suda nyabak pagawéan. Beuki jamotrot. Melong saté domba nu masih weuteuh. Karédok leunca nu teu ditoél-toél acan. Mentegeg. Mentegeg kacida. Murang-maring. Nyel...ambek. Lung…kana wadah runtah! 

Fikmin # Jerit Ening #
Peuting simpé.  Sakabéh pangeusi imah geus tibra. Capé karék bérés  hajat. Dadak sakala. Aaawwww…sora nu ngajerit. Sidik pisan sora Ening. Kagareuwahkeun. Tibuburanjat hudang. Muru panto. Maksud mah rék muru kamar Ening. Can gé muka panto, leungeun aya nu ngajéwang. Nyarék indit, nitah ngagolér deui. Nurut teu loba tatanya. Karék ngeuh…surti.

Fikmin # Ulated #
Raos…pokna.   

Fikmin # Sagagang Kembang Ros #
Sadatangna ka kantor. Nyampak sagagang kembang ros dina luhur méja. Jelas keur kuring, aya ngaranan. Ngan teuing ti saha.


Fikmin # SMS #
Hapé disada tanda aya SMS. Sidik ti “I”. Laju dibaca. Ngembang kadu. Dibalikan deui dibaca. Weléh teu ngarti. Teu gancang dibalesan. Ngahuleng mikiran pijawabeun. Matak bingung. Bales…entong…bales…entong… bales…entong… bales…entong…bal…kaburu SMS-na  datang deui. Eusina matak leuwih jangar batan tadi. Teuing…ah!

Fikmin # Lebah Jambatan Viaduct #
Leumpang nunutur indung suku. Pikiran kumalayang. Baluweng. Nontoréng kénéh panyarék ema. Ulah indit pasosoré ka dayeuh,  sosoranganan. Teu diwaro. Gilig kudu indit harita. Tepi ka dayeuh geus liwat Isya. Gura-giru muru hiji tempat. Nepungan nu ngajak panggih. Kacida atohna basa paamprok. Teu sirikna digabrug. Manéhna ukur cicing. Melong ti handap nepi ka luhur. Nu galécok ukur dipairan unggeuk jeung déhém. Teu lila, manéhna amitan. Can kungsi dimanggakeun geus ngaléos mantén. Teu maliré deui. Meg…kuciwa. Nungtun léngkah dibarengan cimata nu murubut. Teu karasa leumpang geus jauh. Dibaturan angin peuting,  anjog ka lebah jambatan. Liwung. Reg, aya mobil eureun. Poncorong lampuna matak sérab. Dua lalaki turun tinu mobil, ngarejengan maksa asup kanu mobil. Merod. Adug-adugan. Satékah polah ngalawan dibarung gogorowokan, teu matak ngeureunkeun tarékahna. Pel …lamak baseuh dibekemkeun. Les…teu inget di bumi alam. Mobil nyemprung meulah peuting,  ninggalkeun Jambatan Viaduct.

Fikmin # Nu Dipahing #
Gutrut…nuliskeun naon waé nu dipahing. Bongan anjeun culamétan. Teu kaop aya nu hérang méncrang. Wanoja nu wawuh di fésbuk.

Fikmin #Ngabuburit #
Pasosoré ngabring jeung babaturan muru alun-alun. Taman Alun-alun geus pinuh kunu ngabuburit jeung nu daragang. Rupa-rupa jajaneun nu matak pikabitaeun, kolek, kaulinan, kembang api jeung pepetasan pada ngariung kunu rék meuli . Sakur nu kacipta pikangeunaheun, dibeuli. Duit bekel geus beak dibeulikeun. Balik ranggém ku jajaneun. Adan Magrib karasa lila. Hayang buru-buru buka puasa, buru-buru murak jajaneun. Témpona buka, kabéh ukur digégél saeutik, diasaan. Barieukeun. Cul, diantep. Jauh tina ciciptaan.

Fikmin # Salam #
“Néng aya nu nitip salam bade ditampi moal?”
“Ti saha heula salamna?”                                                                                                                        “ Ti Apid téa, kumaha bade ditampi?”                                                                                               “Oh…ti Apid” (pura-pura teu atoh padahal dina jero haté mah surak)                                                                     
“Tah..upami ditampi mah,  mangga ieu nyanggakeun,”ceuk Mang Iir bari ngécagkeun salam satanggungan.

Fikmin # Missed Cue #
Geus kuduna kitu, ukur bisa hanjakal di akhirna. Bongan salah ngamimitianna. Jadina nyalahan. Méngpar  jauh tina udagan jeung harepan. Tarimakeun…!


Fikmin # Batuk #
Oho…oho…cret! Oho…oho…cret! Oho…oho…cret! Tiap cret ngajadi Inten. Ngarah teu capé mulungan. Kapaksa ngadiukan pispot. Unggal poé,  menang sapispot pinuh inten. Ngahaja teu diubar abér, ngarah lila ka cageur. Malah disiar pibatukeun. Inten geus lubak libuk, unggal wadah pinuh ku inten. Awak kuru, tinggal kulit jeung tulang. Unggal usik teu weléh ngajegoh. Oho…oho…cret! Oho…oho…cret! Oho…oho…cret! Geus haroréam deui mulungan inten.

Fikmin # Bagéa #
Hiliwir angin nyarengan nu sumping. Mangsa halodo ‘na munggaran Ramadan. Ranggém ku cacandakan, boroeun. Pikeun sakabéh nu sobar tur ihlas. Tigin dina kayakinan, moal miduakeun panyembahan. Suka bungah ngajadi pangbagéa. Miharep ni’matna nu dimurah-maréh. Kup-kop paloba-loba ngumpulkeun.  Teu gimir najan kudu tarung jeung dodoja, gogoda.  Hiji mangsa dina  panungtungan, tinemu kabagjaan hakiki. Bersih tina sagala kalelepatan, kaluluputan. Bagéa bulan nu pinuh berekah, mugi ngabagéakeun kuring nu laip, lamokot dosa.

Fikmin # Lalampahan Jang Sar’u #
Cinutrun tukangeun bedug ngadédéngékeun nu tarawéhan. Témpona tamat, buru-buru asup ka masjid. Ukur kabagéan awéh salam solat witir. Bubar solat ngajak babaturanna ngariung di pos ronda. Ngadon gapléh bari nungguan waktuna saur. Unggal janari tara kaliwat, ider kampung ngahudangkeun nu rék saur. Abring-abringan bari nakolan kohkol. Bérés nguriling, balik ka imah… muru saré.

Fikmin  # Nu Tepung di Tepas Masjid #
Lalungsé ti Magrib kénéh, buka gé ukur ngabatalan ku korma dua siki. Bérés solat, terus ngagolér. Teu reup mah, kalah ngahérang. Teu puguh rasa. Ngong sora adan Isya silih témbalan ti unggal masjid. Gura-giru ka cai. Muru solat Isya jeung Tarawéh di masjid lebak. Asa aya nu anéh marengan léngkah. Tepi ka tepas masjid. Gok...amprok jeung dedegan nu lawas teu panggih. Enya, lawas pisan, geus  opat kali puasa. Panungtung panggih, saminggu rék lebaran. Ti harita tara pernah panggih deui, malahan  pananyana gé can kungsi dijawab. Ukur silih teuteup, tuluy asup. Sapanjang solat, nganteng kanu tadi dikamprét bodas. Matak teu husu solat. Bubar Tarawéh. Katingali manéhna geus ngadagoan di tepas masjid. Solongkrong ngajak sasalaman. Laju ngajak bareng balik. Sapaparat jalan, ngan manéhna nu aléwoh. Kuring ngan bisa ngararasakeun tagiwurna haté,  marengan léngkah nu sakapeung nyolédat, nincak batu.


Kacida

Kawas hapé teu manggih sinyal, ngabuntukeun tepina iber. Kuring ukur cindekul ngadadago. Matak ngagokan lalampahan. Tamba kesel nyisil koaci. Teu karasa geus béak sabungkus gedé. Biwir kedewil. Tikoro tuhureun. Nu diarep-arep taya kelemengna.


Fikmin # Tajil #

Asa lila nungguan waktu buka, ari memenitan deui téh. Teu kuat hayang geura maseuhan tikoro. Ngong Adan. Buru-buru ngabatalan ku cai entéh haneut. Laju ngahékak kolek cau. Ampir béak satengah mangkok. Teu tuluy, malah kalah utah uger. Cakcak nu ti tadi milu teuleum dina kolek, kasiuk séndok.

Fikmin # Ngadulag Jeroeun Dada #
Dag...dulugdugdag... dulugdugdag ... dulugdugdag. Sora dulag patingtémbalan. Nu takbiran réang di unggal masjid. Mapag mangsa nu pinuh kabagjaan, suka bungah. Sabada cacap sabulan ngalakonan puasa. Dur-dor sora pepetasan, disundut barudak di tengah lapang. Lembur jadi beuki haneuteun. Kitu ogé di unggal dapur. Ti soré kénéh geus ramé kunu popolah. Ngupat, numis kentang, nyemur daging, ngasé cabé, ngopor,  jeung sajabana.  Kuring gé maksakeun popolah, karunya ka barudak jaba tamat puasana. Popolah geus bérés. Tumas-tumis mah geus ti tadi arasak. Kari ngasakkeun kupat. Beuki peuting,  jero imah karasa suwung. Barudak geus talibra. Cunggelik sorangan. Bati rumahuh. Mapay-mapay panineungan unggal poéan lebaran. Kalah matak juuh cimata. Meleberna kembang sedep malem beuki nambahan nalangsa. Rohangan pinuh ku kalangkang-kalangkang panyawangan. Piligenti narémbongan. Beungeut budak hiji-hiji diteuteup.  “ Deudeuh teuing anaking... lebaran ayeuna mah moal babarengan jeung bapa hidep...”  gerentes haté,  dibarung tugteg  jajantung ngadulag jeroeun dada. Nyeuit kingkin.

Fikmin # Peunggas Rancatan #
Rejekina barudak nu garetol puasa. Sapuluh poé deui ka lebaran, bapana aya nu ngajak gawé ka dayeuh. Kacida bungahna. Barudak surak aratoh, lantaran bakal jadi boga baju anyar keur lebaran. Beuki ngajurung léngkahna, tigin ninggalkeun lembur, ninggalkeun anak pamajikan. Kuring tulus manganjukkeun  baju keur barudak,  ti Ceu Imas. Angkeuhan engké bakal boga duit keur mayarna. Karék gé dua poé ditinggalkeun, geus nampa béja nu pikareuwaseun. Bapana barudak cilaka di tempat gawé, ragrag tina suhunan loténg.  Asa disamber heulang, dibéntar gelap tengah poé. Leng...bumi alam asa poék. Awak ngarumpuyuk,  leuleus.  Barudak ditangkeup pageuh, neger-neger manéh. Nahan kasedih jeung tunggara. Teu percaya kanu keur dirandapan. Nyaksian layonna  digotong ka jero imah.

Fikmin # Kahayang #
Perbawa rasa, bisa nyugemakeun indung dina mangsa lebaran. Kasawang bungahna nampa paméré ti anakna. Najan indung mah teu ngaharepkeun paméréan, asal bisa ngumpul ngariung gé geus leuwih ti cukup. Tuh siga Ma Unah, nu unggal lebaran katingali sakitu bagjana. Anak-anakna nu caricing di kota, dina waktu lebaran mah kabéh marulang. Ngariung mapag poé lebaran. Ras ka leubah dinya, haté beuki méotan. Rumasa sababaraha kali lebaran can bisa nyumponan kahayang. Komo bisa bru-bro barang béré kanu jadi indung. Dalah keur sorangan gé ukur ngadagoan  pangwelas batur. Enya gé kasebut hirup di kota. Hampura ema...lebaran ieu can bisa nyumponan deui harepan, ngumpul ngariung di lembur. Cimata nyurucud, maseuhan kaléng nu can kaeusi duit kencring.

Fikmin # Kabeteng #
Tinggal lima poé deui ka lebaran masih bingung. Mastikeun rék dimana poéan lebaran. Rék di ditu atawa di dieu. Mun di ditu, karunya nu di dieu. Lebaran mimiti jeung manéhna, piraku teu marengan. Mun di dieu karunya nu di ditu,  utamana ka barudak tada teuing kuciwana. Tara biasana teu ngariung dina poéan lebaran. Nyaan matak uleng. Dua-duana pikiraneun. Tarik mikiran. “Préttt...!” poék, hideung ngabelegbeg, pipikiran jadi kosong, laleungitan, ngahiang. Nungtun léngkah sakaparan-paran.

Fikmin # Nasionalis #
“Kang...”
“ Ehm...”
“ Hilap nya, pan ayeuna téh malem Jumaah..!”
“ Enya kitu...?” ngoréjat
“ Muhun...badé?”
“ Halah...can masang bandéra. Pan isukan téh 17 Agustusan!”  Hudang tuluy muru buruan.
“ Arrgghhh...!”

Bati Ngadéhéman
Di rohangan tunggu. Manéhna diuk gigireun wanoja nu keur anteng maca buku. Karasa keselna nungguan ari teu ngobrol mah. Ngawani-wani ngadéhéman. Nu didéhéman tonggoy teu ngalieuk. Sakali deui ngadéhém angger teu maliré. Katilu kalina déhém rada tarik, dibarengan rada keuheul saeutik. Nu ngalieuk angger lain si wanoja, kalah nu lian, nu aya di rohangan éta. Matak éra, buru-buru nutupan beungeutna ku koran. Wanoja gigireunana anteng kénéh maca, euweuh riuk-riuk kaganggu. Beu...sugan mah munding wé atawa torék kitu? Gerentes haténa bari ngarérét. Gebeg. Horéng si wanoja keur mencrong, matana burahay beureum semu molotot, beungeutna geuneuk, ngembang wéra. Reuwas, manéhna teu wasa ningali matana nu terus molotot teu ngiceup. Neuteup seukeut. Tinu jero matana kaluar seuneu, sakilat ngaduruk koran nu dipaké nutupan beungeutna. Laju ngaduruk awakna. Kocéak dengék, abrag-abragan. Seuneu beuki ngaléntab, ngaduruk nu aya di gigireun nyésakeun areng jeung lebu. Jalma nu aya di dinya kabéh siga nu disirep, euweuh nu bisa ingkah nulungan nu kaduruk.Wanoja siga nu sugema, tuluy ninggalkeun rohangan nu mulek ku haseup. Buku “ The Black Magic with Satan Seducter nu tadi dibacana ditinggalkeun luhureun korsi.

Fikmin # Wanoja di Rohangan Tunggu #

Di rohangan tunggu. Manéhna diuk gigireun wanoja nu keur anteng maca. Ngawani-wani ngadéhéman. Nu didéhéman tonggoy teu ngalieuk. Sakali deui, angger teu maliré. Katilu kalina déhém rada tarik. Nu ngalieuk angger lain si wanoja, kalah nu lian. Matak éra, buru-buru nutupan beungeutna ku koran. Wanoja anteng kénéh maca, euweuh riuk-riuk kaganggu. Beu, sugan mah munding atawa torék kitu? Gerentes haténa bari ngarérét. Gebeg. Horéng si wanoja keur mencrong, matana burahay beureum, beungeutna geuneuk, ngembang wéra. Reuwas, manéhna teu wasa ningali  nu keur neuteup seukeut. Tinu jero matana kaluar seuneu, sakilat ngaduruk koran nu dipaké nutupan beungeutna. Laju ngaduruk awakna. Kocéak abrag-abragan. Seuneu beuki ngaléntab, ngaduruk nu aya di gigireun nyésakeun areng jeung lebu. Jalma nu aya di dinya siga nu disirep, euweuh nu bisa ingkah nulungan nu kaduruk. Wanoja ninggalkeun rohangan nu mulek ku haseup. Buku “ The Black Magic with Satan Seducter nu tadi dibacana ditinggalkeun luhureun korsi.


Fikmin # Ki Arnasan #
“Duuruukkkkk... duuruukkkkk...!” nu ngalabring patinggorowok,  meulah simpéna peuting. Saoborna, saoborna, muru hiji imah nenggang di tungtung lembur. Tepi ka nu dijugjug, imah tuluy ditingker. Teu lila, plak-plik-pluk obor ninggang suhunan imah bilik Ki Arnasan. Sakilat seuneu ngabebela, ngaléntab, ngaduruk imah. Teu méré waktu pikeun pangeusina nu keur tibra saré, nyalametkeun diri. Peuting mongkléng robah jadi mabra ku cahya seuneu nu ngagedur. Harénghéng sora nu surak ayeuh-ayeuhan, suka bungah ningali létah seuneu ngalamotan kai jeung bilik. Rénghék. Dadak sakala, nu ayeuh-ayeuhan jempé ningali aya nu ngabelesat tina jero seuneu nu hurung ngagugudag. Kabéh mata nuturkeun kamana losna nu ngabelesat. “Hahahahaha...”sora nu seuri handaruan ti lebah tangkal cangkring. Maksa sakabéh panon euntreup kanu nangtung mulak cangkéng dina dahan. Euweuh saurang gé nu teu hélok,  apal pisan kana dedeganna.  Réang sora patinggorowok bari nunjuk tangkal. “Ki Arnasan...!”  Breg, hujan. Dibarengan angin ngagelebug jeung dordar gelap. Nyieuhkeun nu ngagimbung. Barirat.

Fikmin # Nu Mikarep #
Koréjat...gap deui kana potrét nu tadi diteundeun handapeun bantal. Diteuteup leleb. Celengok dicium. Tuluy diteueulkeun ka na dada. Mata peureum, pikiran kumalayang. Pulas katumbiri minuhan sawangan. Ngirut imut. Ahh... humandeuar, basa tepung jeung kalangkang simpé. Nu mongkléng nutupan harepan ti waktu ka waktu. Pucunghul subaha. Nyéak panas ngarérab haté. Nyel, ngahudang ambek. Gancang hudang. Nyekéskeun panékér. Nungtut nyundut potrét wanoja nu keur imut manis. Dipencrong teu lésot tepi ka ngajadi lebu. Ramo panas karérab teu dirasa. Hayang sugema ningali musnana. Can cukup ukur diduruk. Lebuna dicomotan diasupkeun kana gelas. Cur ditinyuh cai panas. Dikocék. Dikudek dibarung keuheul. Laju diséblokeun ka nu taneuh. Serebung haseup. Beuki lila beuki loba, beuki gedé. Mulek. Sakedép nétra. Ngajénggélék, ngajirim wujud. “Engkang...bagéakeun ieu enung!”

Fikmin # Bet Daék...#
Munggaran patepung. Langit lénglang, éndah dipapaésan warna-warni katumbiri. Marakbak ku kabagjaan, suka bungah. SMS, telepon tara elat, panumbu mangsa paanggang, ngupahan kasono. Tambah maskét, beuki geugeut. Haté panceg dibeungkeut tresnana. Bumetah ‘na tétélar rasa, nu salawasna nyangking kaasih. Lalakon kamayangan opat bulan ka tukang. Nu teu kasawang pibakaleun panggih jeung kingkin di tungtung. Kiwari, SMS jeung teleponna geus arang langka deui ngupahan mangsa haté guligah, katarajang sono nu datang teu nyaho waktu. Bibilasan nepungan, ukur dibagéakeun bendu mindingan kasalahanna. Miheulaan pangdakwa bongan geus jalir subaya. Mulang mawa haté nogéncang. Sapaparat jalan dibarengan juuh cimata. Nganter pikir tepung jeung kaduhung. Naha bet daék dicandung!

Fikmin # Panglayar Jadi Panglayur #
...Kaasih nu nyampak dina lahunan
napel na implengan: kuring jeung anjeun!
Malati nu nyengitan kalimah-kalimah anjeun
dina wirahma lagu nu digalindengkeun
dina keclakna cihujan
naha kasanghareupan ku urang
lir jalan nu teu pegat
Hate teu bisa dipungpang kana carita nu nyangreud na sesa umur
jaga mah teuing kumaha
Naha enya bakal mirupa?
....
Puisi nu ditulis anjeun  keur kuring dina kertas kayas, dua bulan ka tukang. Masih diteundeun, dipupusti. Dibaca antaré saban panggih jeung tunggara. Najan mawa kingkin. Gumulung marengan simpéna haté. Beuki nyeuit. Ukur éta titinggal asih anjeun nu kapimilik. Kertas beueus ku cimata. Tulisanna sawaréh geus koléas. Kertas dilipet lalaunan, dteundeun deui handapeun tumpukan baju. Isuk pagéto baris dibaca deui. Marengan haté kuciwa, maca iber anjeun nu keur suka bungah ngalap bagja jeung manéhna. Babaturan nu ngarérémokeun. Nu nepungkeun kuring jeung anjeun ngaliwatan pésbuk.
Fikmin # Tanda Bodas #
Langit angkeub. Pihujaneun tungkeb na dada. Lila ti lila, bedah jadi hujan cimata. Kajadian sarupa kaopat kalina, kasorang deui. Tepung jeung lalakon papastén nu ninggalkeun nalangsa. Tunggara, sungkawa. Nu maksa ngadudut mangsa keur suka bungah, ngojayan éndahna sagara rumah tangga. Teu bisa dipungpang, geus jadi nasibna. Tetenger anyar nambahan deui pangeusi astana. Ngajéjér  opat jeung nu lianna. Tetenger salaki-salakina ti heula.

Fikmin # Nu Ceurik Tengah Peuting #
“ Emaaa...emaaa...” sasambat bari nginghak. Nu disambat teuing aya di mana. Saban peuting ceurik. Tara gancang répéh. Euweuh nu ngupah ngapéh. Nepi kabawa dina impianna. Eueuriheun. Tengah peuting, nyaring. Hing deui nuluykeun ceurik. Peuting ieu mah ceurikna dibarengan murang-maring. Sagala dibalangkeun. Ditalapung. Ditajong. Imah ngariyeg, inggeung. Teu kungsi lila. Praakkk...suhunan bencar. Lol, sirah oray gedé kaluar tina jero suhunan. Euleugeug. Caringhas. Burrrrrrr...murakeun seuneu. Ngaléntab tangkal kalapa di hareupeunna.  Hurung ngagugudag. Langit peuting mongkléng jadi ngebrak. Lembur géhgér.


Fikmin # Sembung #
Geus lila pakarangan  teu diurus. Kekembangan nu dipelak diantep gararing. Haroréam. Perbawa haté nu marojéngja. Boro-boro ngurus pepelakan, nyanghareupan pagawéan sapopoé gé sakitu wegahna. Kapaksa dikeureuyeuh dipigawé sotéh ku ras kana kawajiban, karunya ka barudak. Ngawulaan salaki gé saperluna. Kahayangna mah cicing, ukur ngagolér. Mikiran diri. Poé ieu mah, isuk kénéh geus mersihan pakarangan. Pepelakan nu gararing dicabutan. Dikoréd. Taneuh di sabudeureun  tangkal sembung nu karék dipelak, dibéarkeun. Hayang tangkal gancang gedé, gancang kaala daunna. Teu kudu ménta deui ka batur. Sapanjang migawé dibarung haharingan. Disérangkeun salakina ti jero imah. Pinuh kasugemaan.

Fikmin # Kamadigan #
“Nepangkeun...tresna!”Datang marengan lalaki jangkung leutik. Sajongjonan hareugeueun. Teu percaya kanu datang, bongan datangna salah mangsa. Asa-asa rék ngabagéakeun. Kapahung ku pasini nu geus lila ngabeungkeut. Tapi, panggoda jeung pangolona ngaléahkeun haté. Antukna disambat. Kabéngbat. Anteng, manteng dina pangolona nu sarwa éndah. Mangsa rasa diajak ngawang-ngawang, ditepungkeun  jeung kanyataan. Jalir, subaya nyampak hareupeun. Kaéndahan nu dicipta-cipta robah jadi cangcaya. Tungtungna ngajénggélék mangrupa kuciwa. Tresna, lalaki jangkung leutik, ingkah ninggalkeun bangbaluh. Nyésakeun kaduhung. Nandonkeun kasatiaan kana tresna pupulasan. 

Fikmin # Selop Beureum #
Selop beureum dipapaésan payét emas. Anyar kénéh. Karék lunas ngiridit. Didusan kénéh. Can waka dpaké. Ngahaja keur  pakéeun pagéto ka ondangan. Waktuna rék maké, selop jeung wadahna geus euweuh tina tempatna. Kokotéténgan néangan. Weléh teu kapanggih. Kapaksa selop heubeul dipaké deui. Kaluar ti mah murukusunu. Haté mentegeg. Kapikiran kénéh kamana losna éta selop. Tepi kanu dijugjug, beuki tambah metegeg, seueul. Amprok jeung maru. Buru-buru miceun beungeut. Ngan karérét lebah sukuna, haahh...matak molotot!

Fikmin # Bati Ihlas #
Wanci sarepna. Layung ngempur marengan léngkahna. Leuseuh. Daganganna euweuh hiji gé nu nawar. Tapi teu matak leutik haté. Neruskeun léngkahna nyorang jalan nu teu soméah ngabagéakeun. Lempangna gagancangan.  Ngong adan,  tepi kanu dijugjug.  Tempat panyaluuhanna. Cag,  tanggungan diécagkeun muru pancuran. Beberesih, wudu. Husu nganteng ka Manten-Na. Batinna galécok. Tawadu. Bérés solat teu tuluy cengkat. Mendeko masrahkeun pamustunganna. Ihlas kana nasib diri. Teu karasa cimata maseuhan pipi, ras inget ka anak pamajikanna. Nu pasti keur ngadago-dago. Ukur bisa ngagerentes, “hampura bapa...” Jung cengkat, semu nu suda ninggalkeun pangsujudan. Hareugeueun barang ningali tanggungan geus euweuh dina tempatna. Kututang kotéténg néangan ka unggal juru. Weléh teu kapanggih. Gék diuk bari istigfar. Torojol lalaki tengah tuwuh nyampeurkeun. Solongkrong ngajak sasalaman. “Ujang nu boga dagangan téh?” “Sumuhun.”  “Bapa katitipan ieu...” bari ngasongkeun amplop. Amplop teu buru-buru ditampa. “Ti saha, amplop naon?” Can dijawab pananyana, lalaki tadi geus ngaléos, ninggalkeun amplop di gigireunna.